LAGU–LAGU KAWIH SUNDA(Manglean I)

5 Feb 2002 - 8:46 pm

Dina kandaga kabeungharan seni swara Sunda aya nu disebat KAWIH aya nu dipirig ku waditra aya oge anu ditambul bae. Piriganana tiasa ku kilinihgan, degung, kacapian, calung, angklung, malah tiasa bae ku alat musik moderen oge.

Rumpaka lalaguan Kawih kalintang seueurna, malah seueur anu parantos dianggap klasi upamina bae Es Lilin, Awi Ngarambat, Manuk Dadali, Budak Ceurik jeung sajabana ti eta. Kanggo panglejar kalbu mangga ku para wargi SundaNet.Com dihahariringkeun. Ayeuna nembe kahaturkeun Mangalean ka-I.


ANGIN PRIANGAN
(Cipt. Mang Koko)

Seungit angin Priangan
Ngusapan embun-embunan duh embun-embunan
Hawar-hawar reureundahan ngahariring
Ayun ambing, ayun ambing

Seungit angin kahyangan
Sumerep na lelembutan duh na lelembutan
Hawar-hawar reureundahan ngahariring
Eling-eling mangka eling

Dengkleung dengdek 2 x sisi lamping
Anu dewek enya anu kuring
Tanah wasiat tanah duriat
Anu matak tibelat nya rarasaan

Dengkleung dengdek 2x sisi lamping
Anu dewek enya anu kuring
Tanah katresna jati sarakan
Anu tetep marengan nya lelembutan


ANGKREK JAPATI
(Cipt. Mang Koko)

Angkrek japati na cangkring
Keur karembangan
Sisi wahangan barodas
Kareta api geus datang
Sinyal geus muka
Reg di setoplas Cibodas
Gupay gupay anaking
Gupay gupay digupaykeun ku manehna
Reumbay reumbay anaking
Reumbayna nginjeum cipanon ti manehna


ANJEUN
(Cipt. Nano S.)

Teu aya deui, nu mikancinta iwal anjeun
Teu aya deui, nu mikamelang iwal anjeun
Pangnyaahna sadunya, pangbageurna sadunya iwal anjeun
Anu heman tur daria, anu jangji satia ngan ukur anjeun
Duh aduh aduh aduh
Hate bagja bisa papanggih jeung anjeun
Duh aduh aduh aduh
Hate reugreug aya sagigireun anjeun

Ngan saeutik hanjakalna
Lamun tepang osok ngajak rurusuhan
Dasar kudu kanyahoan
Horeng anjeun geus rimbitan
Teu aya deui nu jadi pikir iwal anjeun
Teu aya deui nu kagundamkeun iwal anjeun
Inggis beunang ku batur
Inggis bogoh ka batur, iwal anjeun
Unggal peuting babacaan
Mapatkeun pelet asihan husus keur anjeun
Duh aduh aduh aduh

Kurang dahar, kurang sare mikir anjeun
Duh aduh aduh aduh
Hayang deukeut, hayang geugeut
Ngan jeung anjeun

Dasar kudu kanyahoan
Ngirim surat salah ngasupkeun eusina
Gurat sial jeung cilaka
Putus ka ditu ka dieu


BULAN LANGLAYANGAN PEUTING
(Cipt. Mang Koko)

Bulan teh langlayangan peuting enung...
Nu ditatar dipulut ku tali gaib,
Entong salempang mun kuring miang,
Ditatar di tatar Sunda,
Dipulut nya balik deui ka dieu,
Ieuh mah percaya.

Bulan teh langlayangan peuting enung...
Nu ditatar dipulut ku tali gaib,
Entong salempang mun kuring miang,
Ditatar di tatar Sunda,
Dipulut nya balik deui ka dieu,
Ieuh masing percaya.

Bedil geus dipeloran,
Granat geus disorendang,
Ieuh kuring arek tandang,
Jeung pasukan Siliwangi,
Ka Jogja hijrah taat parentah.


BUBUY BULAN
(Cipt. Kostaman Jaya)

Bubuy bulan, bubuy bulan sangray bentang,
Panon poe, panon poe di sasate,
Unggal bulan, unggal bulan abdi teang,
Unggal poe, unggal poe oge hade.

Ref :
Situ Ciburuy laukna hese dipancing,
Nyeredet hate ningali ngenclong caina,
Tuh itu saha nu ngalangkung unggal enjing,
Nyeredet hate ningali sorot socana,
Unggal bulan, unggal bulan abdi teang,
Unggal poe, unggal poe oge hade.

Situ Ciburuy laukna hese dipancing,
Nyeredet hate ningali ngenclong caina,
Tuh itu saha nu ngalangkung unggal enjing,
Nyeredet hate ningali sorot socana.
Unggal bulan, unggal bulan abdi teang,
Unggal poe, unggal poe oge hade.


BAJING LUNCAT
(Cipt. Kosaman Jaya)

Bajing luncat, bajing luncat ka astana ieung,
Abdi lepat, narosan teu tianggalna.
Bajing luncat, bajing luncat ka astana ieung,
Abdi lepat, narosan teu tianggalna.

Ku teu sangka salira bet luas pisan,
Teu hawatos ka nu keur sok ngantos-ngantos,
Teu terang mah enjing teh rek direndengkeun,
Moal lipur ku sataun duh nambaanana.

Bajing luncat, bajing luncat ka astana ieung,
Abdi lepat, narosan teu tianggalna.

Ku teu sangka salira bet luas pisan,
Teu hawatos ka nu keur sok ngantos-ngantos,
Api-api teu emut kana pasini,
Pasini pakait ati, aduh pakait ati.


CINTA
(Cipt. Nano S.)

Cinta lir ibarat kalangkang,
Deukeut anggang bisa diatur ku urang,
Cinta bisa ilang jeung nembongan,
Repok jodo ahirna datang sorangan,
Aduh aduh cinta 2 x
Cinta panjang lalakona,

Cinta lir ibarat nu geulis,
Gerak endah ginulur sewu mamanis,
Cinta perlu jalan anu luwes,
Sologoto kapakan diancam putus,
Aduh aduh cinta 2 x
Cinta perlu kasadaran.

Cinta datangna teu karasa,
Gandrung liwung miharep nu kapiati,
Cinta matak anteng beurang peuting,
Ngadak-ngadak dunya asa nu sorangan,
Aduh aduh cinta 2x
Cinta mangkak ligar endah,
Aduh aduh cinta 2x
Cinta kembangna kanyaah.



*** Sumber: tina rupi-rupi catetan di antawisna tina kumpulan Rumpaka LAGU KAWIH SUNDA, kenging ngempelkeun M. Sobirin