LAGU-LAGU PANAMBIH TEMBANG SUNDA(Manglean II)

5 Feb 2002 - 10:10 pm

Lagu-Lagu Panambih biasa digunakeun nalika mamaos Cianjuran/Tembang Sunda. Biasana upami parantos nembangkeun lagu poko nembe ditema ku lagu Panambih. Waditra nu mirigna iwal ti kacapi indung disarengan ku rincik, suling atanapi rebab.

Kapungkur mah anu sok nembangkeun lagu panambih teh mung juru mamaos istri, nanging ayeuna mah juru mamaos pameget oge sok pirajeunan ngiring nembangkeun lagu Panambih. Istilah lagu Panambih kapungkur sok disebat oge lagu Ekstra husus dianggo dina istilah tembang Sunda/Cianjuran, da upami piriganana ku kiliningan atanpi waditra nu liana mah disebat lagu Kawih bae. Kanggo anu seneng Tembang Sunda/Cianjuran sumangga dihaturanan ngahariring lagu Panambih dina Manglean ka-II.


ANGIN PEUTING
(Cipt. Barman S.Bsc. / Ida W.)

Cing atuh kuring deukeutkeun
Jeung manehna tuh di ditu
Sanajan raga paanggang
Batin mah hayang padeukeut
Hate tetep sasarengan
Tapina kuharianeun
Bulan teh nyumputkeun deudeuh
Ninggalkeun kuring sorangan
Dibaturan, dibaturan
Hiliwirna angin peuting

Cing atuh kuring tepungkeun
Jeung anjeuna nu miasih
Geus lami urang paanggang
Najan batin mah teu jauh
Ngan hayang patepung teuteup
Tapian ku teungteuingeun
Bet jauh tina teuteupan
Jauhna panyawang kuring
Kuring keueung ngan sorangan
Dibaturan angin peuting


AYUN BATIN
(Lagu/Rumpaka: Ibu. Hj. Saodah Harnadi)

Ayun ambing ayun ambing,
Rek ulin ka Bunikasi,
Di jalan kapegat caah,
Hoyong teh tetep miasih,
Langgeng deudeuh mikanyaah,
Hoyong teh tetep miasih,
Langgeng deudeuh mikanyaah.

Ayun ambing ayun ambing.
Rek ulin ka Pasir Hayam,
Jalanna ka Sela Eurih
Tungtungna jadi hoream,
Da bongan sok dipeupeurih,
Tungtungna jadi hoream,
Da bongan sok dipeupeurih.

Ayun ambing ayun ambing,
Mawa kulur reujeung kadu,
Jalanna ka tatanjakan,
Henteu mundur henteu maju,
Kapalang geus bebeakan.
Henteu mundur henteu maju,
Kapalang geus bebeakan.


BALEBAT
(Cipt. Bp. Engkos alm.)

Bray geura beurang
Bray geura caang
Bat pek ngolebat
Balebat kebat ngolebat

Bray geura beurang
Bray geura caang
Bat pek ngolebat
Balebat kebat ngolebat

Kahayang teh pajar geura bray beurang
Pek balebat pek ngolebat kebat liwat
Mawa beja jeung hareupan
Emh... duh pajar geura bray beurang

Katangen hate
Kaciri ati
Kacipta rasa
Horeng samoja kembangan

Katangen hate
Kaciri ati
Kacipta rasa
Horeng samoja kembangan

Rarasaan panggih ngan sajorelat
Lir malati pasini ganti wawangi
Taya beja jeung carita
Emh... duh Gusti geuning balebat.


BANGBANG KOLENTANG
(Cipt. Bp. Engkos alm.)

Alah ieu teuteup
Asa kungsi eunteup
Nyaksrak kana rasa
Nu ngancik na sanubari
Geuning basa bulan
Harita sedeng manceran
Anu karandapan
Ku nu ngalampahan
Horeng bulan ngempray
Hibarna ukur lamunan

Keukeuh rek mideudeuh
Ukur saanjeuneun
Bongan da rumasa
Diri teh laip pamanggih
Ngan endahna rasa
Nu leungit seungit malati
Lir kembang kaasih
Nu mangkak bareukah
Keukeuh mikatineung
Dideukeutan bet ngolembar.


BUDAK CEURIK
(Cipt. Ibu Imong)

Hiji wengi keur sumedang sepi jempling
Kantos abdi balilihan
Sasambat ka nu kagungan
Aduh Gusti anu murbeng bumi alam
Naha asa seseepan
Nyiksa teh taya sudana

Kunaon abdi disiksa
Pan abdi teu gaduh dosa
Duh Pangeran Nu Kawasa
Hampura aral subaha

Ma’lum anu jadi indung
Eukeur anak ngan sahiji
Pokna bari cumalimba

Semu ngenes melas melis
Ibu mana ari bapa
Abdi mah hayang papanggih.



*** Sumber: tina rupi-rupi catetan di antawisna tina Buku Lagu-Lagu Mamaos Tembang Sunda. Susunan M. Sobirin