- BEREGEJED I
14 Feb 2002 - 4:11 am
ERLOJI TEU ELEH GANCANG
"Erloji bapa dewek mah merekna oge Rolex. Salian ti bahanna tina emas teh, di taretes berlian deuih,"ceuk Si A.
"Anu lanceuk dewek oge Casio. Lengkep sagala aya, ti mimiti ukuran sekon tepi ka kalkulator," ceuk Si B.
"Nya alus anu bapa dewek atuh," Si C embung eleh omong. "Enya ari erlojina mah ukur erloji murah, tapi gancangna eleh ku erloji mahal."
KEUSIK ANTI REUNGIT
Nina : "Di kamar abdi mah mani seueur reungit. Sakitu tos di semprot sareng di puput ku obat anti reungit oge angger wae seueur."
Yani : "Cobian geura simpenan keusik walungan di kamarna."
Nina : "Ih, geuning enteng. Naha leres bakal teu aya reungit?"
Yani : "Piraku atuh abdi bohong."
Nina : "Kedah sakumaha keusikna?"
Yani : "Sapinuhna kamar!"
GIGI HIJI
Mang Adung kakara boga motor. Can wanieun jauh tumpak na oge, da diajar keneh. Harita oge keur geugeuleuyeungan, ngurilingan alun-alun.
"Ulah haben dina gigi hiji wae atuh, Mang. Operkeun kana gigi dua!" ceuk jang Yayat.
"Ah, silaing mah sok ngaborongkeun! Naha make dioper kana gigi dua, pan gigi hiji oge kuateun keneh!" tembalna.
BIMA NGAPUNG
Lalakon keur meujeuhna rame, anu lalajo surak eak-eakan. Ki dalang ceg nyekel Bima. "Raden Bima ngapung ngaw..."
Ras manehna inget yen Bima mah sok bisaeun ngapung. Tapi kusabab geus kagok pok, nya diteruskeun wae, "Raden Bima ngapung ngaw..., ngawani-wani maneh..."
CERDAS CERMAT
Panguji : "Ayeuna giliran Regu A. Domba kaasup sato mamalia, oray kaasup reptilia. Ari munding edan kaasup sato naon?"
Regu A : "Mamalia."
Panguji : "Salah. Munding edan kaasup sato ngabahayakeun. Ayeuna Regu B. Mobil maju make bensin, lauk ngambekan nana make asang. Ari jalma nginum obat make naon?"
Regu B : "Make sendok."
Panguji : "Salah. Jalma nginum obat batuk make aturan. Ayeuna Regu C. Naon sababna Pangeran Dipenogoro bisa ditangkep ku tentara Walanda?"
Regu C : "Sabab dilicikan."
Panguji : "Salah. Pangeran Dipenogoro bisa ditangkep ku tentara walanda sabab geus tepi kana takdirna."
ROY MARTEN
Dina kareta api Bandung-Banjar, aya nini-nini diuk pahareup-hareup jeung pamuda.
"Punten wae, Encep, Nini bade tumaros. Dupi Encep teh Roy Marten tea?"
"Sanes, Nini. Abdi mah Uned," tembal si pamuda.
Sanggeus tepi ka Cicalengka, si nini nanya deui, "leres Encep teh sanes Roy Marten?"
"Ituh, disanes-sanes teh. Abdi mah Uned," tembalna deui.
Barang geus tepi ka Ciamis, geus pok deui nini-nini teh nanya, "Encep teh leres Roy Marten, nya?"
"Enya atuh, Nini," tembalna, semu keuheul.
"Tapi," ceuk si nini, "naha nya encep mah teu siga Roy Marten."
AKI
Nini : "Ujang, ari aki maneh kamana teu tembong ti tatadi?"
Incuna : "Ih... ari nini, pan nuju dianggo nyetrum belut ku Si Aa!"
Nini : "Ih siah! Ka kolot teh sok ngaheureuyan!"
BABAH NGADENGEKEUN TEMBANG
Dina hiji riungan mamaos, aya babah milu ngabandungan. Manehna mani dengo-dengo wae kana kacapi indung. Sabot kitu, katenjo panonna rambisak bari ingsreuk-ingsreukan. Atuh teu wudu jadi perhatian, dumeh eta babah siga ngangres kacida.
Tuh, geuning, babah oge milu sedih ngadenge tembang mah. Kitu ceuk anggapan anu haladir dina eta riungan.
"Jigana Engko sedih pisan matak ceurik oge, nya?" sala saurang anu hadir nanya, dina waktu geus lekasan mamaos.
"Oweh mah cimataan soteh lain sedih," omongna.
"Naha ku naon kitu?"
"Aya kawat kacapi pegat, telus ngajeplet kana mata oweh," tembalna.
VOLVO = BEMO
Teuing poho, teuing rusuh, anu jelas mah sabalikna ti WC, calana Bapa Direktur teu diseletingkeun. Kabeneran katenjoeun ku sekretarisna. Tapi lamun langsung dibejaan, sieun dunungan nana kaisinan. Untung wae manggih akal. Dibejaanana ku cara dibalibirkeun.
"Bapa, eta panto garasi muka," pokna.
"Ah, ceuk saha? Ti tatadi oge panto garasi mah geus ditutupkeun," walon dununganana. Manehna teu ngartieun kana maksud ucapan sekretarisna.
Waktu balik ka imah, calana anu can diseletingkeun deui teh katenjoeun ku pamajikanana.
"Bapa, naha eta teu karaos lancingan teu acan di seletingkeun?"
"Aeh, heueuh geuning," tembalna. Ras wae inget, tangtu tadi sekretarisna nyebutkeun panto garasi muka teh kana seleting calana maksudna mah.
Isukna, buru-buru bapak Direktur ngageroan sekretarisna.
Pokna, "Lain, Eneng, basa kamari panto garasi muka teh, Eneng ninggal Volvo henteu?"
"Ah, henteu," tembal sekretarisna. "ninggal oge bemo."
NGAHAKAN SAPATU
Aya tukang sol sapatu keur ninggang di sue. Ti isuk tepi ka sore teu meunang duit pisan. Keur kitu jol awewe bari lunggak-linggek, gumeulis. Pokna, "Mang, kersa ngahakan sapatu abdi?"
"Ah, lebok, wae ku sia!" tembalna teugeung.
Sumber: BEREGEJED (Kumpulan Guguyon Sunda)
Dikempelkeun Ku: Taufik Faturohman
Penerbit: Cv Geger Sunten Bandung