BEREGEJED II

11 Mar 2002 - 3:23 am

SALAH SANGKA
Kareta Api barang nyemprung ti wetan ka kulonkeun. Kabeneran disisi rel nu deukeut ka station aya tukang lotek keur ngebut-ngebut elap beureum na sabab dagangannana geus beak kari samarana wungkul. Ningali di hareup aya nu ngebut-ngebut lamak beureum, masinis ngerem kareta api da disangkana aya bahaya. Terus nolol tina kaca jandela bari nanya ka tukang lotek:
"Aya naon, Bi?"
"Teu aya nanaon, mung kantun samarana wungkul!"


SALAH NGADAHAR UBAR
Aya hiji dokter asli orang Jawa, dines na teh di tanah sunda.
Puguh weh saban poe pasien nu datang oge lolobana urang Sunda, kapaksa we kudu bisa basa sunda, maklum di kampung. Hiji waktu aya pasien nu keur diubar.

Pasien: "Kumaha aturan dahar na ieu ubar teh dok?"
Dokter: "Tah ieu, anjing-anjing siji, beurit siji, sesana jeger isuk na."

Atuh puguh weh eta pasien teh bener-bener jeger isuk na da salah ngadahar ubar.


SALAH NYAMBAT
Geus jadi kabiasaan, lantaran hayang dialungan duit, sinden teh sok nyambat pajabat. Aya saurang sinden nyambat Danramil, tapi salah motong lagu. Pokna teh: "Indone mah Bapa Danramil, sia merdeka!"


ANU LAPOR KABANGSATAN
Mang Sukria kabangsatan. Harta banda na loba anu dikerid. Manehna buru-buru lapor ka Lurah.
"Pak Bangsat, Pak Bangsat, abdi kalurahan. Ngalangkung kana radio jandelana dijingjing. Eta deuih, semur jengkol kosong ari tetenongna didalahar. Barang dipilari ka pipir, tambang leungit, ari dombana nyampay!"


BEO PINTER
Tukang beo: Mangga bilih bade digaleuh. Ieu mah tos capetang nyaritana. Upami kubapa dibetot suku kencana, ieu beo bakal nyarita, "Wilujeng enjing, Pa!"
Upami kubapa dibetot suku katuhuna, nyaritana beda deui, "Wilujeng sonten, Pa!"
Mangga saha anu bade ngagaleuh!

Nu rek Meuli: Upami sukuna di betot duanana, kumaha?

Beo anu ti tatadi ngadengekeun ujug-ujug pok nyarita: Atuh rag-rag uingna, goblog!


ORAY NGAHAKAN LINGGIS
A: "Oray naon anu teu bisaun ngaleor ?"
B: "Oray paeh."
A: "Pasti oray paeh mah moal bisaeun ngaleor."
B: "Ari geus oray naon ?"
A: "Oray nu tas ngahakan linggis."


GELO
Sabada dibejaan aya pasen rumah sakit jiwa nu kabur. Satpam geuwat indit neangan. Jog manehna ka hiji imah nu teu jauh ti eta rumah sakit. Satpam nanya ka hiji lalaki.
"Pa, tadi aya nu ngalangkung ka dieu?"
"Kumaha jalmina?"
"Awakna pendek, begang, beurat na kira-kira 200 kg!"
"Har? Piraku jalmi begang tepi ka 200 kg?"
"Hih ari Bapa. Kapan jalma gelo manehna teh!"

NGAJAWAB SOAL UJIAN
Dina soal ujian anu mangrupa esey, aya pituduh kieu: Pigawe tujuh, tina sapuluh soal anu kuhidep dianggap pangbabarina.
Gudrud wae ku maneh na mah dipigawe sapuluh soalannana, terus dihandap make implik-implik kieu: Mangga we pilih tujuh, tina sapuluh jawaban anu pang merenahna.


SAUR MANUK
Guru: "Sudut A gedena salapan puluh dera...?"
Murid: "Jaaaaaaaat!"
Guru: "Sudut B gedena salapan puluh dera...?"
Murid: "Jaaaaaaaat!"
Guru: "Jadi lamun di jumlahkeun sudut A jeung sudut B?"
Murid: "Jaaaaaaaat!"


KONDEKTUR
Kondektur ka hot mang Obing teh. Geus aya dua puluh taunna, cenah, digawena dina beus. Bab ongkos, ti mana jeung kamana, ku manehna geus katalar pisan.
Hiji poe, Mang Obing keur ngadaweung dihareupeun imahna, da kabeneran keur teu jalan, mobil cekelanana turun mesin. Lar aya anu ngaliwat.
"Rek ka mana?" Mang Obing nanya.
"Ka Kadungora," tembal anu ngaliwat.
Tret nulis angka. Song dibikeun, bari pokna, "Tujuh ratus, disaruakeun jeung ongkos ka Garut."
"Ari Emang, naon ieu teh?"
"Aeh heueuh, rarasaan teh keur dina beus," tembal Mang Obing bari ngelemes.


MEULI KORAN
"Cing pangmeulikeun Koran Harian Tarompet ka parapatan!" ceuk pa duduh ka jongosna. "Tawar wae ku maneh hargana mah, biasana sarebu perak oge dibikeun ari geus beurang kieu mah. Tapi bisi keukeuh kudu sarebu tujuh ratus mah beuli wae. Tah, ieu duitna dua rebu."
Teu kungsi lila jongosna geus norojol, terus masrahkeun Koran ka pa Duduh. Pokna, "Dipasihkeun ditawis sarebu teh, Gan. Anu mawi abdi tiasa meser dua."


MIHAPE KUDA
Kusir: "Jang, mihape kuda sakeudeung. Emang rek ka cai heula."
Budak: "Ah alim, sieun nyongot."
Kusir: "Moal, da ieu mah kudana oge bageur."
Budak: "Sieun nyepak atuh."
Kusir: "Tara deuih. Kuda bageur."
Budak: "Moal ah, sieun kabur."
Kusir: "Ih, Si Ujang mah. Moal kabur, moal. Ceuk Emang oge, kuda bageur."
Budak: "Ari kitu mah, naha atuh miwarang di tungguan ku abdi?"


JURKAM PIDATO
Ngarana oge kampanye, pidato teh kudu bari sumanget. Kawas harita wae, waktu Bapa Jurkam keur daria naker pidato bari pepeta.
"Urang wajib ngarojong pangwangunan. Hasil pangwangunan ku urang geus karasa. Jalan leucir, listrik parat ka padesaan, kitu deui pabrik dug-deg di mamana; kayaning pabrik mobil, pabrik sapatu, pabrik keretas, jeung pabrik tektil..."
"Pak, kirang es," ceuk asistenna, ngaharewos. Maksudna, lain tektil tapi tekstil.
"Oh enya," ceuk Bapa Jurkam, "jeung pabrik es deuih!"


DILOKIR
Mang Duleh, di lembur kuring mah moal aya duana. Kawentar tukang catur. "Tiada hari tanpa catur". Kitu motto hirupna oge.
Hiji sore, manehna lalajo mengbal, ngabobotohan kasawelasan ti desa. Geblus gawang kasawelasan anu di bobotohanana kaasupan bal. Hiji enol!
Deregdeg wae Mang Duleh nyampeurkeun palatih, terus nyarita, "Salah atuh da Pa Pelatih, kuduna kiper teh dilokir jeung bek!"


MAYAR HASEUP SATE
Lantaran lapar, bus wae Asep Dodoy asup ka jongko tukang sate.
"Pang meuleumkeun sapuluh!" pokna bari gek diuk.
Sabot sate di beuleum, haseupna mani meleber, kaambeu seungit. Ngadadak rasa lapar leungit.
"Mang moal tulus meuli satena oge, da geuning ku ngambeu seungitna oge geus seubeuh," pok na bari rek ngaleos.
"Ih, ke heula. Bayar heula atuh," ceuk tukang sate.
"Naha? Pan teu tulus daharna oge!"
"Enya, pan seungitna geus ka seuseup. Jadi angger we kudu mayar."
"Heug atuh," omong Asep Dodoy bari ngodok saku. Manehna nyokot duit kencring sababaraha siki, terus diburulukeun kana piring kosong. Atuh puguh wae sorana teh meni gandeng. "Tah, dibayar ku sorana!" ceuk manehna bari ngasupkeun deui duit kana jero sakuna.


SI ONA KAGARONGAN
Si Ona lapor ka pulisi, dumeh peuting tadi tokona aya anu ngabongkar. Eusina kabeh dikerid ku garong anu cenah, jumlahna lobaan.
"Si Engkoh ditaliang, Si Otong diwologod," pak na bari pepeta. Maksud na mah, salakina ditalian, sarta anakna di borogod ku garong.
"Ari Ona dikumahakeun ?" pulisi nanya.
Si Ona kalah Ngabigeu bari alumna-alimen.
"Ona dikumahakeun ku garong teh?" pulisi nu sejen milu nanya.
"Si Engkoh ditaliang, Si Otong di wologod..."
"Enya, eta mah pan Si Engkoh jeung Si Otong. Ieu mah Ona, dikumahakeun?"
"Ah, embung, ela...," tembalna.


IMAH TEU MAKE DAPUR
A: "Gaji teh najan terus undak, tapi keukeuh wae teu pimahieun."
B: "Naha ?"
A: "Kana resiko dapur gegedena teh."
B: "Ruag geura dapurna. Yakin, moal aya resiko dapur."


DI ROHANGAN PAMERAN LUKISAN
Di rohangan pameran lukisan, aya hiji pejabat keur ngilikan lukisan anu dipajang. Teuing ku loba tatanya bari cegikan lukisan.
"Lukisan naon ieu teh, mani teu pararuguh kieu?"
"Lukisan abstrak," tembal panitia.
"Ari ieu naon, gambar jelema teh siga bola pakusut?"
"Lukisan aliran ekspresionisme ata mah bu..."


DIAMPUTASI SUKU
Dokter: "Aya dua wartos anu bade didugikeun ka Bapa. Anu kahiji wartos pikabungaheun, anu hiji deui wartos pikasediheun. Bapa bade ngupingkeun anu mana heula?"
Pasen: "Abdi mah hoyong ngupingkeun anu pikasediheun heula, Dok."
Dokter: "Sampean Bapa kedah diamputasi. Maksadna, kedah dipotong duanana semet tuur."
Pasen: "Ya Alloh! teu tiasa ku tarekah sanes anu langkung ringan?"
Dokter: "Teu tiasa."
Pasen: "Dupi wartos pikabungaheunnana kumaha, Dok?"
Dokter: "Sapatu kagungan Bapa bade dipeser ku pembantu sim kuring."


NGAJURUNGKUNUNG
Nini: "Kunung...!!!"
Kunung: "Kaaah...!! Bade naon, nini?"
Nini: "Cing panganteurkeun bako ka Jang Punduh!"
Teu lila si Aki datang ti sawah...
Aki: "Nini ngajurungkeun saha nganterkeun bako ka Jang Punduh teh?"
Nini: "Eta aki, ngajurungkunung!"


LIEUR
Petot: "Nanahaon ari maneh, nyebor tangkal asem ku cai gula?"
Mehong: "Buah asemna ambeh amis."
Petot: "Sugan lieur. Bobokeun geura ambeh cageur."
Mehong: "Maneh mah sirik, urang rek meunang gelar doctor causa teh!"



Sumber: BEREGEJED (Kumpulan Guguyon Sunda)
Dikempelkeun Ku: Taufik Faturohman
Penerbit: Cv Geger Sunten Bandung