PITUDUH SINGGET TIORI DRAMAKu: Drs. H.R. Hidayat Suryalaga

21 Mar 2002 - 5:55 am

A. DRAMA JEUNG RUPA-RUPA ISTILAH SEJENNA

Pintonan nu dipintonkeun di pentas (panggung) sok aya nu nyebut drama, sandiwara, tunil atanapi teater. Saleresna dina hakekatna mah sami bae, nya eta aya tongtoneun sareng aya nu narongtonna.

Bentenna teh nyaeta :


  1. Drama, asal kecapna dram (Basa Yunani), hartosna gerak atanapi kajadian. Tapi ayeuna mah ngeser hartosna teh nya eta, carita dina wangun guneman (dialog) anu dipintonkeun di pentas. Hartos pentas oge ayeuna mah ngalegaan, tiasa ngandung hartos: panggung, arena, radio, TV atanapi rekaman kaset.
  2. Sandiwara, asal kecapna tina sandhi (Basa Jawa), hartosna rasiah/teu nembrak, warah hartosna atikan/pangwarah. Kukituna udaganana teh nyoko kana carita nu ngandung atikan ka nu nongtonna.
  3. Tunil, ieu mah asal kecapna tina toneel (Basa Walanda), hartosna nyaeta pintonan.
  4. Komidi, baheula mah sok disebatna teh Komidi Istambul, dumeh nu dilalakonkeunana biasana carita ti Istambul (Turki) atanapi ti daerah Timur Tengah. Kumargi nu narongtonna jaman baheula mah para menak, atuh sok disebat oge Komidi Bangsawan.
  5. Teater, asal kecapna tina theatron (Basa Yunani) hartosna nyaeta:

    • jelema anu nongton hiji pintonan, atanapi jelema-jelema anu magelarkeun tongtonan.
    • Gedong atanapi tempat anu dianggo pagelaran.
    • Wangun karangan carita nu dipagelarkeun.
    • Sugrining nu aya tumalina sareng pagelaran.

    Istilah teater anyar keneh lebetna kana Kandaga Kecap Basa Sunda, sarta langkung ngandung hartos kelompok atanapi organisasi nu ngahususkeun garapanana kana pagelaran di pentas. Upamina bae Teater Sunda Kiwari, Teatar Paguyuban Mahasiswa Sunda.
  6. Opera, ieu mah ngandung hartos pintonan anu dialogna winangun tembang . Upami numutkeun kaayaan lalakonna, aya tilu rupi:

    • Drama Opera Seria, upami lalakonna sedih.
    • Drama Opera Bufo, upami lalakonna lucu.
    • Drama Opera Komik, upami lalakonna huhus lulucon.
    • Opera anu pondok disebatna Operette.

  7. Tablo (tableau), nya eta drama anu henteu ngagunakeun dialog tur teu pasti seueur gerak. Nu dipentingkeunana nyaeta suasana, sanes watekna.
  8. Pantomim (pantomime), ieu mah drama nu teu ngagunakeun dialog nanging suasana carita sareng watek palakuna digambarkeun ku gerakna awak (gestur) sareng ku gerakna babagian awak (kinesik).
  9. Sendratari, wancahna tina seni-drama-tari, nyaeta drama teu ngagunakeun dialog, nanging ngungkabkeun carita teh ku tari.
  10. Dramaswara, ieu mah drama anu dialogna winangun kawih, silih tempas antara dua atawa tilu kelompok. Upamana bae Dramaswara Pahlawan Samudra karya Mang Koko. Pintonan gondang oge kalebet drama swara.
  11. Gending Karesmen, ieu mah istilah husus di Tatar Sunda nyaeta drama anu dialogna ditembangkeun (dikawihkeun) dipirig karawitan. Istilah nu saharti sareng gending karesmen, nyaeta Taman Karesmen, upami dipidangkeunana di pakarangan atanapi taman, ngareuah-reuah pesta kebon. Setra Karesmen, wancahna tina sekar-waditra-karesmian, ieu mah upami pagelaranana teh dipirig ku waditra Tembang Sunda sarta winangun Tembang Sunda (Cianjuran).
  12. Purnadrama, purna hartosna lengkep. Janten drama nu lengkep nyaeta aya dialog, tari, sajak, narasi, karawitan.

Kacindekanana mah, hartosna drama teh nyaeta pintonan nu ngandung carita, nu dipidangkeun di pentas sarta ngahudang rasa, karsa katut cipta nu narongtonna.


B. WANDA, SIPAT SARENG ALIRAN DRAMA

Sapertos widang seni sanesna, drama oge mibanda wanda, sipat sareng aliran anu rupi-rupi.

  1. Wanda Drama

    1. Wanda drama numutkeun basana, aya wanda: lancaran (prosa), ugeran (puisi), tembang (lagu).
    2. Wanda drama numutkeun cara atanapi tempat midangkeun; drama panggung, drama arena, drama radio, drama TV, drama rekaman kaset.


  2. Sipat Drama
    Nu dimaksad sipat drama nyaeta, kumaha unsur dramatikna, naha pikasediheun, pikabingaheun, pikalucueun. Sipat drama anu umum diantawisna:

    1. Komedi, nyaeta carita drama dipungkas ku kabingahan, nu narongton ngaraos bungangang. Malah biasana sok pinuh ku adegan-adegan atanapi dialog anu pikalucueun.
    2. Tragedi, nyaeta carita drama dipungkas ku pikasediheun. Biasana palaku utama (nu boga lalakon) ngarandapan kaayaan nu matak sedih, handeueul malah tepi ka maotna. Kajadian nu tumibana sok disebat kajadian tragis.
    3. Tragikkomedi, nyaeta kaayaan nu pikasediheun campur sareng nu pikabungaheun. Nu nongton the sakapeung sedih sakapeung ngaraos bungah. Ari tungtungna mah tiasa tragis, tiasa komedi.
    4. Melodrama, ieu mah pidangan drama nu suasanana langkung seueur digambarkeun ku tata sora, dialogna mah saeutik.
    5. Farse (farce), drama nu sipatna lulucon wungkul, tingkah polah palakuna condong kana karikatural, tapi tetep aya plot carita sanajan langkung caket kana banyolan.


  3. Aliran Drama
    Sok aya nu nyebutkeun drama klasik, drama modern, tah eta anu disebut aliran drama teh. Saleresna ieu teh gumantung kana palsapah naskah sareng alam mana eta drama dipidamelna (digelarkeunana). Aliran drama nu kawilang sering kadangu nyaeta:

    1. Aliran Klasik, watek palaku nu hade sareng nu goreng nembrak pisan. Nu hade kenging ganjaran, nu goreng kenging hukuman.
    2. Aliran Realis, ngawitan tumuwuh dina abad ka 19. Kacida dumasarna kana kanyataan anu karandapan sadidinten.
    3. Aliran Simbolis, pagelaranana teh langkung seueur kana hal nu mangrupi silib, sindir, simbul, siloka sareng sasmita (5S).
    4. Aliran Absur (absurd), nya eta pintonan anu mahiwal benten tina kailaharan.



C. UNSUR CARITA DRAMA

Carita drama mibanda unsure-unsur nu sami sareng karya sastra sanesna, upamina sareng novel, roman atanapi carita pondok. Mung dina naskah drama mah, kumargi kanggo gelarkeuneun, unsur carita teh kedah aya pangropea nu husus, pang-pangna dina plot, sareng watek. Wincikanana unsur drama teh nya eta:

  1. Tema (Basa Inggris thema) nya eta pikiran pokok, sarta jadi gambaran kana palsapah eusi naskahna tea.
  2. Amanat, nya eta naon tujuan nu hayang dihontal ku nu ngarang eta naskah.
  3. Plot, nya eta susunan lalakon, sok disebat oge scenario. Cirina plot, nya eta aya sabab-akibat. Pikeun milari naon plot tina hiji carita, nya eta ku cara nanya: ku naon, naha?
  4. Watek, atanapi karakter. Nu dimaksad di dieu nyaeta watekna para palaku drama, sanes watekna drama. Watek ti para palaku ieu pisan anu engkena ngawangun plot diwujudkeun dina peran pelaku tea. Kapan sok aya nu naros: Peranna naon? Watekna kumaha?

    1. Watek Protagonis, nya eta watek nu diperankeun ku pamaen utama, nu boga lalakon.
    2. Watek Antagonis, nya eta peran nu jadi lawan pamaen utama. Ku ayana peran antagonis ieu pisan timbulna konflik nu jadi unsur plot.
    3. Watek Tritagonis, nya eta peran pihak katilu, biasana jadi pihak anu memeres kajadian.
    4. Watek Pangjangkep, nya eta peran jelema sanesna anu diperlukeun pikeun ngarengsekeun carita.

    Watek atanapi karakter nu aya diunggal pemeran kedah eces pisan. Langkung-langkung upami kanggo tongtoneun barudak mah.


D. WANGUN DRAMA

Wangun drama sok disebut oge bagan drama, rarancang, rangka drama, atanapi galur drama (damatic line). Aya sawatara pamendak ngeunaan wangun drama teh, nanging urang ngabantun anu basajan bae nya eta nu disebat wangun Aristotelian, numutkeun pamendakna Aristoteles Budayawan Yunani baheula, di antawisna:

  1. Wangun Awal, disebat oge introduksi, ngawanohkeun carita ka nu nongton. Biasana masihan katerangan (eksposisi) kana panganteur kajadian. Ieu teh pikeun ngawaler patarosan: saha, dimana, iraha?
  2. Wangun Tengah, disebat oge situasi. Eusina adegan-adegan nu diwangun ku kajadian sabab akibat. Engkena ngawujudkeun konflik, patula-patali masalah (komplikasi) sareng rengkengna kaayaan (krisis).
  3. Wangun Ahir, disebat oge resolusi, biasana mangrupi klimaks atanapi adegan nu mungkas sugri masalah, disebut oge adegan puncak.


E. SUTRADARA

Sutradara teh aya fungsi sareng peranana.

  1. Fungsi Sutradara, nyaeta pikeun ngawujudkeun naskah drama jadi hiji pagelaran anu nimbulkeun kasugemaan boh pikeun nu maen, nu ngarang naskah boh pikeun anu narongtonna.
  2. Peran Sutradara, pikeun ngawujudkeun fungsi di luhur, sutradara teh gaduh peran: Pamingpin, Pananggung jawab teknis, milih naskah,gawe bareng sareng staf, milih pamaen, ngalatih Pamaen, (olah salira, olah sora, olah rasa).



Sumber: Pituduh Gending Karesmen/Drama
Penerbit: CV Karang Sewu - Bandung