Dongeng Sasakala: BANTENG TANDUKAN

11 Apr 2002 - 3:43 am

Ceuk dongeng, baheula mah banteng teh teu boga tanduk. Nu tandukan mah kuda. Nya, pangna banteng tandukan oge, eta teh pamere kuda! Kieu ceunah sasakala na mah.

Di leuweung nu aya di Nagri Sepanyol, hirup sakumpulan kuda. Maranehanana mindeng diudag-udag ku kasieun jeung ku kahariwang. Rek teu kitu kumaha atuh. Mun unggal poe maranehna dibeberik kunu moro. Di baroro teh lain rek diala dagingna. Tapi pikeun diadukeun jeung manusa sakitan.

Dina hiji poe, sakabeh kuda ngayakeun riungan. Maranehna baradami pikeun neangan jalan sangkan bisa hirup tingtrim, teu di beubeurik wae kunu moro.

"Jalan nu panghadena, taya deui iwal ti urang kudu masrahkeun tanduk nu kacida dipikahayangna ku sato sejen. Lantaran panalungtikan, pangna urang diboro ku manusia teh pedah ngabogaan tanduk nu hade pikeun adukeuneun!" ceuk salah saurang. Nu sejen ngahaminan.

"Tapi, saha kira-kirana sato anu daek dipasrahan tanduk urang ?" ceuk kuda bodas.

"Basa taeun mah banteng nu menta teh!" ceuk kuda belang.
"Tah, heueuh. Urang bikeun we ka banteng atuh!" mani reang.

Barang, maranehna arindit ka tegalan, rek nepungan para banteng. Sakabeh banteng lain deui barungaheunana dipasrahan tanduk teh. Puguh harayang ti baheula. Maranehna teu sadar, yen baris dijadikeun paneumbleuhan.

Diantara kuda, aya oge nu teu daek mikeun tandukna. Ngarasa lebareun meureun!

Teu nyalahan. Waktu nu moro daratang deui, nu dibororo teh lain kuda, tapi banteng! Aya eta ge kuda nu dibeubeurik, nya eta kuda nu teu daek mikeun tanduk na tea.

Ti saprak harita, kuda nu geus taya tandukna teh bisa hirup kalayan tingtrim di eta leuweung. Lantaran nu moro teh pindah jadi moroan banteng. Sedeng kuda nu teu daek mikeun tandukna tea, nasib eta kuda kacida matak watirna. Kubaturna teu dipalire, sabab geus ngalanggar hasil babadamian. Atuh ku banteng pon kitu keneh, puguh lain bangsana. Tambah dibeberik wae kunu moro deuih. Ahirna maranehna pindah ka Benua Afrika, sato nu awakna kuda tapi tandukan teh ngarana sato GNU.

Tah, kitu sasakalana banteng pangna boga tanduk teh.