THE CELESTINE PROPHECY(Manuskrip Celestine anu medar Konsep Evolusi Manusa jeung Kamanusaanana)

25 Apr 2002 - 3:54 am

Upama diringkeskeun eusina The Celestine Prophecy teh nyaeta: Yen hirupna jagat raya katut eusina kaasup manusa, dihubungkeun/katalian ku daya energi (anu bisa karasa, katitenan nu mangrupa cahaya/warna). Sagala rupa kajadian nu tumiba (hususna ka manusa) nyaeta proses NARIMA jeung NGALUARKEUN ENERGI. Kajadian-kajadian anu tumiba di alam dunya, hususna dina campur-gaulna manusa teh salawasana henteu lesot tina proses NARIMA-NGALUARKEUN energi.

Ari eusina The Celestine Prophecy diwangun ku "wawasan-wawasan" tapi nu kakara kapanggih mah ngan tepi ka wawasan ka-9, wawasan anu ka-10 na mah CAN KAPALURUH (cenah!). Unggal tahapan wawasan, aya "penanda" na, ngan ditulis dina wangun sastra. Salapan wawasan anu disebut dina The Celestine Prophecy teh nyaeta:

WAWASAN KAHIJI. Teu aya kajadian anu sipatna: kabeneran (kebetulan). Dina sajeroning hal-hal anu katempona siga kabeneran teh saenyana di jerona tangtu aya nu sipatna transenden/spiritual anu ngocor mangrupa sabab-akibat, anu mangrupa pesen/warta ka urang. Anu ngadorong ayana kajadian "kabeneran" teh nyaeta ayana energi. Ari sumberna energi teh tina nu didahar (hususna dahareun anu saleger keneh), ti papada jelema, ti alam jagat raya nu energina moal beak-beak. Teu aya hiji "pertemuan" naon bae oge anu henteu mawa "pesan/warta" ka urang. Upama ku urang dianggap "euweuh pesan nanaon" eta hartina aya nu "lesot" tina panitenan urang pribadi.

WAWASAN KADUA. Dina sagala rupa nu karandapan eta teh saenyana aya kasinambungan. Jadi unggal manusa kudu apal kana "peran" dirina. Proses indentitas sprititual, ieu bisa dititenan/dilenyepan tina mimiti "peran" nu dominan ti kulawarga - pangna gelar di dunya teh taya lian pikeun "ningkatkeun" tujuan nu rek dihontal (spiritual) ku unggal kulawarga Jadi manusa dilahirkeun teh kana habitat historisna masing-masing pikeun ngahontal tujuan spiritualna tea. Unggal urang ngarti naon nu aya disatukangeun kajadian tea (nu dianggap kabeneran, komo anu ngahaja mah), ngandung harti urang narima energi tambahan, nu bakal ningkatkeun perjalanan spiritual batin urang.

WAWASAN KATILU. Unggal mahluk/manusa pada boga energi anu salilana silih betot, silih seuseup. Dimimtian tina proses kreasi spiritual antara indung jeung bapa nu lain ngan wungkul krreasi fisikna Kitu deui dina proses komunikasi di jero kulawarga, indung jeung bapa teh dina proses komunikasina, aya nu ngagunakeun peran interogator, intimidator anu ngabalukarkeun sikep di barudak: "nutup diri (aku diam); kuring nu salah/ rumasaan (aku bersalah); kuring taluk". Ieu kabeh the saenyana mangrupa proses silih "seuseup" energi, engkena mangaruhan pisan kana porses komuniksina barudak dina nyanghareupan kahirupanana, kaayaan ieu teh disebut oge "drama masa kecil/drama pengendalian". Kitu deui jagat raya mibanda energi murni, "anu duka kumaha carana eta energi teh mampuh nuturkeun jalan pikiran unggal manusa, sarta salilana mere pancaran energi murni nu nuyun kana leumpangna manusa muru tujuanana.

WAWASAN KAOPAT. Nerangkeun yen manusa teh SOK SILIH SEUEUP ENERGI TI MANUSA NU SEJENNA ku cara ngadalian maranehanana, ngarebut atawa ngalindih pikiran lawanna. Pikeun pihak anu "ngadominasi energi", bakal ngarasa energina leuwih gede, tapi keur nu diseuseup energina karasa "teu walakaya, kasedot sumanget, tunduk, kultus, ngaidolakeun".

WAWASAN KALIMA. Sumber energi nu moal aya sudanana nyaeta alam jagat raya, sok dapon manusa bisa muka saluranana salilana moal kakurangan energi. Aya tempat-tempat husus/sakral anu bisa dipake keur nyeuseup energi jagat raya, upamana di puncak gunung jeung di tempat-tempat anu ngandung kaendahan. Aspek "kaendahan" kacida pentingna. Jadi nu kudu diperhatikeun teh ngandung "kaendahan" naon tina nu keur diperhatikeun ku urang teh. Saterusna sapanjang urang nyeuseup energi ti papada manusa, ieu bakal ngahalangan ngocorna energi ti jagata raya. Jadi nu hade mah nyaeta urang narima energi ti alam jagat raya, tapi oge kudu saloba-lobana ngamangalirkeun energi ka luar (ka batur) ku cara mere perhatian-silaturahmi (konsep silih asih-asah-asuh). Nguranganana energi nu aya dina diri urang teh di antarana kusabab ayana: rasa was-was, sieun, sedih, ambek, hawek, sarakah, dengki, dholim, teu sadar kana kaayaan jst.)

WAWASAN KAGENEP. Jelema anu geus ngangkleung dina rawayan jati (proses evolusi spiritual) dina tahap-tahap nu tangtu bakal panggih jeung jelema-jelema anu sarua keur papada ngangkleung dina evolusi spirtualna masing-masing anu satahap, engkena teh bakal nyieun hiji komunitas nu energina aarua kualitas vibrasina. Barudak anu gelar tina ieu komunitas upama "sadar diri" bakal mampuh nyieun hiji sintesa nu leuwih luhur geteran energina (vibrasina) ti batan habitat asalna. Tah nya ieu nu disebut evolusi spiritual teh.

WAWASAN KATUJUH. Unggal jelema sok boga pikiran-pikiran, angen-angen, intuisi-intuisi anu kacaida lobana, ngan bae urangna henteu nengetan kalawan sadar. Kuduna unggal pikiran-pikiran anu ngaliwat teh kudu ditengetan. Naha bet aya pikiran kitu? Naon hubunganana jeung pasoalan-pasoalan hirup nu keur karandapan. Urang kudu jadi juru titen (pengamat). Ku nempatkeun diri jadi juru titen anu kritis, kaayaan saperti kieu bakal nyicingkeun urang dina "arus rawayan jati". Hal ieu ngait jeung nu disebut intuisi anu tujuanana salilana positif. Pituduh kana rawayan jati (evolusi spiritual) teh di antarana ngaliwatan impian, intuisi, gagasan jeung ti sabudeurun lingkungan/habitat di sabudeureun urang hirup. Datangna jawaban kana pananya urang tangtu datang ti jelema nu panggih jeung urang atawa tina kajadian-kajadian anu karandapan.

WAWASAN KADALAPAN. Urang narima energi teh antarana ti batur, ari batur teh sacara alamiah narima energi ti jagat raya. Tapi upama urang narima/mere energi ti/ka papada jelema sacara langsung tur terus tumerus, bisa ngalantarankeun urangna pribadi "pegat" jeung sumber energi nu abadi (jagat raya). Sarta ari jelema anu "kacanduan, ngaidolakeun/kultus ka jelema nu sejen bakal kahalangan proses mikawanoh ka dirina sarta bakal ngahalangan lajuna rawayan jati dirina pribadi, jadi ngarandeg malah jadi mundur". Tapi nya kitu deui urang oge upama mikeun energi ka batur (atensi) boh ka anak/sasama/lawan jenis/sosial ulah tepi ka ngadominasi total maranehanana, malah kudu ditarekahan supaya sarerea bisa narima energi ti Jagat Raya tea.

WAWASAN KASALAPAN. Mopoyankeun yen kabudayaan manusa dina milenium ka tilu bakal robah pisan balukar tina sacara sadar manusa apal kana EVOLUSI lahir batinna. Digambarkeun, yen bakal sacara sadar ngurangan jumlah cacah jiwa (unggal kolot bakal mikasadar tepi kamana kakuatan KOMUNIKASI ENERGINA pikeun ngatik ngadidik anakna sangkan ngaronjat kualitas energi gaibna (terus ngocor rawayan jatina kana tahapan nu leuwih luhur). Kitu deui bakal tumuwuh kasadaran kana miara leuweung (alam) tepi ka kakayon teh umurna bisa lila pisan (ngaratus taun) nu ngahasilkeun energi-energi nu bisa diseuseup ku manusa-manusa nu hirup. Jelema-jelma dina mangsa eta hirupna henteu rusuh, tapi antare, leuwih salabar tepi ka miboga waktu pikeun ningkatkeun energi, pikeun ngaman'an sugrining nu kaalaman nu sok disebut kebetulan/kabeneran tea. Hasilna nyaeta ngawujudna masarakat nu pinuh ku kabagjaan, kaendahan

WAWASAN SAPULUH. Can kapanggih, masih keur ditareangan keneh ku sarerea nu percaya kana eta manuskrip.


Sawatara Catetan ti nu nulis:

Anu unik (Tapi sakumaha unikna oge The Celestine Prophecy teu bisaeun ngajawab yen ti mana sumberna pangna aya energi awal - anu dina Islam mah Kun Faya Kun Sapangersa Alloh SWT), dina The Celestine Prophecy disebutkeun yen kajadianana jagat raya teh hasil TRANSFORMASI tina elemen kimiawi dasar (Konsep Evolusi), kieu ceuk The Celestine Prophecy (katerangan ti kuring wacana - James Redfield):

Materi awal teh lain hiji zat nu padet, tapi ukur mangrupa energi anu gumeter dina vibrasi nu tinangtu, nu disebut HIDROGEN, tah salegana jagat raya teh ngan ukur dieusian ku hidrogen. Unsur hidrogen ngarumpul (dina kantong-kantong) jadi unsur nu dominan. Lila-lila sanggeus tepi kana kapadetan nu tantgtu ngaluarkeun ENERGI, nya jadi kabeuleum, robah wujud ngaguruntul jadi bentang. Hidrogen anu kaduruk robah jadi geteran nu leuwih luhur vibrasina nyaeta elemen HELIUM.

Bentang nu ngawujud teh ngolotan (menua), tungtungna ngabeledug, ngutahkeun sesa-sesa hidrogen jeung sesa helium ka sajagat raya. Nya ti harita balik deui proses saperti awal, kitu bae saterusna tepi kana hiji waktu helium-helium tea ngawujud jadi kantong-kantong anyar nu disebut LITIUM, nu boga vibrasi nu leuwih luhur. Kitu bae saterusna tepi ka hiji mangsa sanggeus eta materi dasar sumebar ka sajagat raya nya ngawujud jadi elemen KARBON anu boga daya vibrasi nu luar biasa. Tah sanggeusna kitu mah mimiti aya panggung kahirupan keur lumangsungna evolusi saterusna. Salasahijina nyaeta sanggeus ayana panonpoe, kaasup geus gelarna Bumi (Geo) - nyaeta hasil tina proses pengelompokan kantong-kantong elemen-elemen dasar tadi. Waktu bumi mimiti jadi tiis, gas-gas ngahariji nya jadi UAP AIR, teu lila cur hujan nu kacida rongkahna, nya jadi samudra-samudra. Tina jegurna kilat tatit di angkasa, katransformasikeun energi nu ngungkulan vibrasi karbon, ngawujudkeun hiji kaayaan nu leuwih kompleks nyaeta vibrasi/energi nu dilantarankeun ku ASAM AMINO. Ari elemen asam amino supaya terus-terusan boga energi vibrasi nya kudu nyeuseup materi sejen (kudu aya hakaneunana). Ti mimiti ieu pisan mimiti ngagorolongna tahap EVOLUSI.

Di lengkob-lengkob nu kakeueum ku cai, tumuwuh TUTUWUHAN/FLORA an-organik, nu ngamangpaatkeun KARBON DIOKSIDA tina atmosfir awal, hasil "sampinganan" nya eta ayana OKSIGEN. Di sagigireun tutuwuhan nya gelar oge SASATOAN (ku ayana proses asam amino). Sanggeus oksigen minuhan lapisan hawa, nya sasatoan anu tadina hirup di cai (sabanagsaning lauk) mimiti haranjat ka darat da geus aya oksigen. Ieu gerak maju "loncatan' energi jeung ngarumpulna usnur-unsur dasar teh ngawujudkeun oge kelompok supa-rupa species sasatoan, anu ahirna gerak maju teh ngarandeg dina puncak evolusi nu pangluhurna nya eta ngajanggelekna MANUSA (kitu ceuk kuring wacana dina The Celestine Prophecy) teh.


Pamungkas:

Pikeun urang, perlu nengetan kalawan imeut pisan mana babagian tina The Celestine Prophecy anu bisa ditarima (da tangtu aya bae aspek bebeneranana mah) jeung mana nu kudu dilelempeng supaya henteu mengkol tina adeg-adeg aqidah Islam. Kitu deui naha aya anu sarimbag jeung pandangan budaya - spiritual Kasundaan, piraku teu aya da kawengku ku kasajagatan (universal). Upama dina budaya urang Kulon aya manuskrip Celestine di Sunda aya uga jeung wangsit, kari aya nu leukeun mapaykeunana, ngorehan rawayan jatina. (Hidayat Suryalaga)