- Dongeng Sasakala: MANUK BUEUK
16 May 2002 - 2:48 am
Dihiji lembur aya dua jalma awewe lalaki nu karek ngawangun rumah tangga. Sapopoe, saminggu tug nepi ka sabulan mah maranehna teh katempo kacida layeutna. Tapi lila ti lila jadi mindeng kadenge dog dag pasea. Pangpangna salakina anu boga sifat goring teh, barangasan! Salah saeutik ge pamajikanana teu weleh di haok, malah mindeng dibarengan ku gaplokna. Mun geus kitu, rajol tatanggana pikeun misah.
Dina hiji poe, salakina indit ka kebon. Samemehna amanat heula ka pamajikanana, yen wanci pecat sawed, menta dianteuran. Wanci pecat sawed geus lengo deui lengo deui salakina teh ka palebah lembur, susuganan katempo pamajikanana dating nganteuran. Nu nunggu geus geregeteun, ari nu di tungguna teu hol bae. Puguh we salakina teh jadi mudigdig nafsu. Gidig balik muru imahna.
Kasampak pamajikanana teh keur ngagojod we di enggonna. Nenjo kitu, teu antaparah deui, heaaatttt………jebet…..jebet ! Pamajikanana digebugan.
"Di dago-dago nganteurkeun kalah molor sia teh !" pok na.
"Ah... ampun, Kang... A...abdi teh lalieur sareng sarebel...!" ceuk pamajikanana lumengis menta dipikarunya.
"Alesan wungkul sia mah. Pangedulan!" salakina anggur beuki tambah nyiksana.
Nandang panyiksa anu kacida, antukna pamajikanana maot sapada harita.
Nenjo pamajikanana geus ngalonjor taya nyawaan, salakina jejeritan jaduhung. Ngadenge kitu tatanggana rabul daratang.
"Gusti... Si Nyai teh keur nyiram, geuning...," ceuk saurang tatanggana anu biasa marajian. Nyarita kitu teh bari nyabakan beuteung nu maot. Ngadenge kitu kabehanana carolohok. Komo salakina mah nepi ka les na kapaehan.
Tengah peuting, ti pajajaratan aya nu disada kueuk kueukan. Gancang ku urang lembur di teang. Barang beh sihoreng nu disada kueuk-kueukan teh sora hiji sato nu rupana pikasieuneun, anjecle dina tunggul kuburan awewe nu nyiram tea nu dikurebkeun tadi beurang.
Ku sabab si sato teh disadana kueuk-kueukan, nelah nepi ka kiwari dingaranan BUEUK. Malah loba nu percaya, yen bueuk teh jajadian ti nu maot keur nyiram. Jeung deui mun di hiji lembur aya bueuk disada, harita aya awewe ku keur nyiram, cenah.