Dongeng Sasakala: KUYA NGAGANDONG IMAHNA

16 May 2002 - 3:01 am

Jaman baheula pisan aya kuya imah-imah di sisi muara. Ari gawena saban poe ngahuma. Getol ngahumana teh, indit subuh datang maghrib.
Dina hiji mangsa keur manehna aya dihuma, aya hujan angin gede naker. Tatangkalan loba nu rungkad. Imah kuya oge ka apungkeun, muragna brus ka leuwi, lep kalem.
Sakadang kuya sediheun pisan, barang nyampak imah na geus teu aya teh. Isukna deg deui ngadegkeun imah nu tohaga, supaya ulah kabawa deui ku angin.

Hiji poe balik ti huma, tuluy kuya teh masak pikeun dahareun sore. Sabot masak, maneh na kacai heula. Keur dicai manehna nenjo haseup ngelun dina suhunan imahna. Geuwat ku manehna diburu, tapi geus nguntab-nguntab manten. Tungtungna kuya teh... hing bae ceurik.
Keur kitu ujug-ujug jol bae monyet kolot, anu geus cetuk huis. Eta monyet teh ngomong ka sakadang kuya, "Tong ceurik, Sakadang Kuya, nyieun deui bae imah mah!"

"Anu matak, Sakadang Monyet lain sakali ieu bae kacilakaan imah teh. Bareto deuih basa aya angin gede tea. Kudu kumaha akalna, nya, supaya boga imah awet cara batur?"
"Hih gampang atuh, Sakadang Kuya. Ngarah imah ulah cilaka mah babawa bae, ulah di tinggalkeun. Pek nyieun deui imah anu alus jeung kuat. Engke dimana geus anggeus urang tangkodkeun kana tonggong anjeun. Pantona sakira asup sirah, supaya gampang ngelokkeun sirah ka jero".

Eta papatah ku kuya di turutkeun, tuluy manehna nyieun deui imah anu alus jeung kuat, gedena ngukur kana awakna. Pantona ti hareup, gedena ngan ukur logor sirahna, paranti nololkeun atawa ngelokkeun huluna bae.
Sanggeus anggeus prak di tangkodkeun dina tonggongna, monyet anu memenerna.

Ti harita mah imah sakadang kuya teh sok dibabawa bae, digagandong.