Kawih Sunda I

21 May 2002 - 1:05 am

CIKAPUNDUNG

Cikapundung, cikapundung, cikapundung
walungan di kota Bandung
Kota kembang, kota midang kota
Pangbangbrang ka bingung

Aduh Ema, aduh ema
aduh Bapa abdi mah alim
Dicandung, kajeun dahar karo uyah abdi
Mah da moal pundung

Kerak lain japati belang jangjangna
Nalak ge lain lamun weleh dianjangan
Lamun Bapa tos teu suka
Tong nyiksa anak mitoha
Kajeun abdi ngusap birit
Batan daek ngudar gelung

Lamun Bapa aya maksad bade nyandung
Abdi mah kajeun padungdung
Abdi narah, abdi narah
abdi mah nehi dicandung



DALINGDING ASIH
(Cipt. Ubun K.)

Dalingding asih nu kuring
Dalingding asih nu urang
Ngalanglang galeuh katresna
Ngagalindeng tembang tilam kamelang

Dalingding asih nu kuring
Dalingding asih nu urang
Ngalanglang galeuh katresna
Ngagalindeng tembang tilam kamelang

Basa kuring arek miang, Anjeun
Jajap ngahaleuang, liwung patarema
Gandung, geter rasa cumarita
Duh kudu paanggang

Dalingding asih jatining asih
Jadi angkeuhan urang duaan
Dipengkolan pareng pisah
Ret katukang sumoreang duh...
Dalingding ngageri diri
Sorana kantun harewos
Hawar-hawar ngajauhan
Teuteup geugeut jeung gugupay
Duh... tembong deui gupay deui



DILANGIT BANDUNG BULAN KEUR MAYUNG
(Cipt. Mang Koko)

Jangjang peuting geus ngalingkung
Ngarungkupan dayeuh Bandung anu
Hibar sinar layung
Panto ati geus narutup dipindingan
Kawih asih, anu halon tur halimpu

Geus paanggang geuning urang pajauh
Rek kasaha geuning kuring nyaluuh
Nu disungsi geuning nu diteangan
Nu hieum teu tembong-tembong
Geuning aya iberan

Dilalangit langit Bandung
Ngempray hurung bulan keur mayung
Di lelemah lemah Bandung
Kapidangdung, kapidangdung diri
Ditundung

Dilalangit langit Bandung
Ngempray hurung bulan keur mayung
Di lelemah lemah Bandung
Kapidangdung, kapidangdung diri
Ditundung



DUH INDUNG
(Cipt. Mang Koko)

Duh indung ngaraksa ngajaring anak
Najan rungsing matak pusing
Henteu weleh deudeuh mikanyaah asih
Diomong jeung dititimang

Duh indung ngaping ngadama-dama anak
Ngamumule buah hate
Ngajungjung tur ngugung-ngugung
Anak dijieun puputon

Duh indung duh indung
Timangtiti ngamongmong anak
Duh indung, duh indung
Teu kendat ngadudua.



ES LILIN

Es lilin mah aduh didorong-dorong
Dibantun mah ka Sukajadi
Abdi isin samar kaduga
Sok sieun mah aduh henteu ngajadi

Es lilin mah aduh buatan Bandung
Dicandak mah geuning ka Cipaganti
Abdi isin geuning sok bararingung
Sok inggis mah geuning henteu ngajadi

Itu saha dunungan duh nungtun munding
Digantelan dunungan duh saputangan
Itu saha dunungan duh ginding teuing
Sihoreng mah aduh geuning dunungan

Es lilin mah ceuceu dikalapaan
Raos na mah geuning kabina-bina
Abdi isin dunungan paduduaan
Sok sieun mah dibantun ka mana-mana



GIRIMIS KASORENAKEUN
(Cipt. Mang Koko)

Girimis kasorenakeun
Ngeunteungan sewu katineung
Katumbiri paying langit
Awor jeung cipanon ngembeng
Awor jeung cipanon ngembeng
Ngaliwung kalbu nu liwung
Naon deui nu rek didagoan duh
Kabeh geus mungkas adegan
Geus tamat lalakon
Leungiteun udagan
Mungkas mangsa pikeun muja jeung dipuja



HAMDAN
(Cipt. Mang Koko)

Hamdan lirobbil 'alamien
Allohu rohman warrohim
Qodkoruba fatul mubin
Innahu huas samiul alim

Puji kagungan pangeran
Nu Maha Welas tur Heman
Gusti mangka muka pura bagja
Alloh ya Robbi Mantenna Maha Uninga
Solawat solawatan
Barokat barokatan
A'la Muhammad Rosulih
Wa'ala ali wasohbih

Salam sinareng solawat
Muga netes ka Muhammad
Natrat ka para Karabat
Para ahli jeung sahabat



HARIRING NU KUNGSI NYANDING
(Cipt. Mang Koko)

Purnama nu kungsi leungit
Ayeuna nganjang ka buruan deui
Anu kungsi kapiati
Kiwari urang diteupangkeun deui

Hariring nu kungsi nyanding
Ayeuna datang ngahaleuang deui
Hayu patarema tineung
Cacapkeun meungpeung aya kasempatan

Ayeuna mangsa nu endah
Hayu urang suka betah
Caang bulan opat welas
Narawangan ati bangblas

Ayeuna mangsa nu endah
Hayu urang suka betah
Caang bulan opat welas
Narawangan ati bangblas



HARIRING KURING
(Cipt. Johari)

  1. Tengah peuting keur jemplang-jempling
    kuring nyaring teu geunah cicing
    hate melang sumoreang
    buah ati lawas teu patepang

  2. Cuang-cieung kuring sorangan
    nunggelis di pangumbaraan
    lieuk deungeun lieuk lain
    taya pisan tempat pamuntangan

Ref.
Rek sasambat kasaha nya nyambat
Suwung dulur walura sobat
Sangsang badan nitipkeun nya diri
Iwal ti ka Gusti yang widi
Hiliwirkeun duh angin peuting
Pangnepikeun hariring kuring
Ka jungjunan nu ngantosan
Kawih ati nu keur rungsing pusing