- Kawih Sunda II
21 May 2002 - 1:17 am
SARIAK LAYUNG
(Cipt. Mang Koko)
Sariak layung di gunung
Iber pasini patepung layung
Teuteup jauh ngawangwang nu
dipigandrung
Eh, ngawangwang nu dipigandrung
Aduh
Harendong meupeuy harideung
Jalan satapak rarambu leuweung
Kumalangkang rongheap nu kapigandrung duh
Eh, rongheap nu kapigandrung duh
Surya surup layung hibar
Katanjakan sawangan dihuma
Geus ngolebat ieuh samar-samar
Hariring asihna kapireng ngaleler
Angin tiis ti mumunggang
Katitipan harewos kamelang
Tawis deudeuh ieuh nu maranti
Sungkeman kaheman
Saranggeuy malati
SALEMPAY SUTRA
(Cipt. Mang Koko)
Salempay sutra
Disulam jeung dikarawang
Tawis soca ti jungjunan
Duh ti jungjunan
Salempay sutra
Disulam mangrupi kembang
Tawis asih ti kakasih
Duh ti kakasih
Ngaraketkeun hubungan batin duaan
Mupus waswas jeung cangcaya
Dijuruna disulam ngaran singgetan
Ngaran kuring jeung manehna
Salempay sutra
Disulam jeung dikarawang
Tawis soca ti jungjunan
Duh ti jungjunan
Hiji tawis soca deuh salempay sutra
Geuning nyidem harepan
Salempay sutra
Disulam mangrupa kembang
Tawis asih ti kakasih
Duh ti kakasih
SORBAN PALID
Akang haji sorban palid
Palidna ka cikapundung
Akang haji kunaon balik
Akang haji ulah waka pundung
Akang haji sorban palid
Palidna ka cikamiri
Akang haji kunaon balik
Bongan bae di nyenyeri
Cai mulang cai malik
Cai ngocong ka astana
Bingung mulang bingung balik
Kamelang kieu rasana
Cimulang cipangayaman
Cimanuk marigi deui
Rek mulang kamemelangan
Sok inggis teu tepang deui
Akang haji sorban palid
Palidna ka wanayasa
Akang haji kunaon balik
Kang haji meureun katideresa
SAMOJA
(Cipt. Mang Koko)
Kedalna asih, na bulan pinuh mamanis
Hiji jangji pasini,
Na rasmining wanci
Mangsa samoja
Keur karembangan duh Euis,
Langit lenglang anging rintih
Dina ati duh
Lalakon lawas, na bulan pinuh katineung
Aya jangji pasini
Nu henteu ngajadi
Mangsa samoja,
Geus ngarangrangan duh ieung
Langit angkeub samagaha
Dina hate duh
Ayeuna kantun waasna, jungjunan
Lalakon ka tukang
Diteang ngan ku ciptaan
Kamari nu leungit
Kamari nu leungit
Rek lebeng mo deui datang
SAGAGANG KEMBANG ROS
(Cipt. Mang Koko)
Sagagang kembang ros
Tawis pangbakti ka diri
Sulur weleh ti jungjunan
Ieuh asih nu wening
Runtuyan harewos
Jangji pasini katampi
Moal weleh mikaheman
Ieuh asih nu wening
Sarining kembang
Jatining asih
Jadi angkeuhan duh
Urang duaan
Rasa pangharepan
Panteng kayakinan
Na dasaring ati
Urang duaan
Sagagang kembang ros
Tawis pangbakti ka diri
Sulur wuluh ti jungjunan
Ieuh asih nu wening
IMUT MALATI
(Cipt. Mang Koko)
Imut Malati,
Wengi tadi geningan patepang deui
Nu kapiati,
Ti kapungkur jungjunan dianti-anti
Ti gunung putri,
Sareng saha nyalira lungsur ka landeuh
Lagu kamari ngagalindeng lalakon
Gending ka deudeuh
Najan sakedap jorelat tunjung balebat
Ku henteu terang mulihna
Ku henteu terang mulihna eh...
Naha kamana
Najan mung imut saulas sakilat ilang
Tansah kairut hanjakal teu sering tepang
Ku henteu terang leosna
Ku henteu terang leosna eh geunging kamana
KEMBANG TANJUNG PANINEUNGAN
(Cipt. Mang Koko)
Anaking jimat awaking
Basa ema mulung tanjung rebun-rebun
Dipakarangan nu reumis keneh
Harita keur kakandungan ku hidep
Geus opat tahu ka tukang
Ema nyipta mulung bentang
Nu marurag peuting tadi
Bentang seungit ditiiran pangangguran
Anaking jimat awaking
Basa ema mulung tanjung reujeung hidep
Bet henteu sangka, aya nu dating
Ti gunung rek ngabejakeun bapa hidep
Nu opat poe teu mulang ngepung gunung
Pager bitis
Cenah tiwas peuting tadi
Layonna keur kadieukeun, dipulangkan
Harita waktu layonna geus dating
Ema ceurik ieuh balilihan
Ras ka hidep ieuh na kandungan
Utun inji budak yatim, deudeuh teuing
Harita waktu layon geus di gotong
Ema inget ieuh kana tanjung
Dikalungkeun na pasaran
Kembang asih panganggeusan ieuh ti duaan
Anaking jimat awaking
Lamun ema mulung tanjung reujeung hidep
Kasuat-suat nya pipikiran
Tapina kedalna ngan ku hariring
Hariring eling ku eling
Kana tanjung nu dipulung
Eh kembang tanjung
Nu nyengitan pakarangan
Nu nyengitan hate urang, panineungan
LONGKEWANG
(Cipt. Mang koko)
Baheula mun pareng nganjang
Suguhna imut nu lenjang
Asih nu nganteur harepan
Pasini na kasadrahan
Baheula mun pareng nganjang
Suguhna imut nu lenjang
Asih nu nganteur harepan
Pasini na kasadrahan
Baheula mun pareng nganjang
Suguhna imut nu lenjang
Asih nu nganteur harepan
Pasini na kasadrahan
Duh, deudeuh teuing
Na peuting heab naraka
Aya nyawa nilar raga
Bebene mulang ti heula
Emh deudeuh teuing
Na peuting hujan cimata
Aya waruga palastra
Jajaka reheut hatena
Ayeuna mun pareng nganjang
Nu tembong ukur kalangkang
Mega mendung na jajantung
Lagu liwung na bangbarung
Ayeuna mun pareng nganjang
Nu tembong ukur kalangkang
Mega mendung na jajantung
Lagu liwung na bangbarung
LEMBUR KURING
(Cipt. RTA. Sunarya)
Na dimana lembur kuring
Di nu anggang pagunungan
Ngenes ngangres duh tibelat
Nya mamanahan
Matak waas jeung kagagas
Ari ras emut ka lembur
Andon suka jeung nalangsa
Tilas kuring suka betah
Dibali geusan ngajadi
Pulangkeun kuring pulangkeun
Pulangkeun ka bale pulang
Lemah cai dunungan geus ngancik
Ref.
Lembur matuh, naha atuh
Milih bandung kota kembang
Bandung nu heurin ku tangtung
Sasakala sangkuriang
Dilingkung ku gunung-gunung
Gunung cupu mandala ayu
Hayu sindang ka sumedang
Ngan pacuan ngarangrangan