TATA-TITI DUDUGA PRAYOGA PANYANGREUD KARAHAYUAN KULAWARGAKu: Drs. R.H. Hidayat Suryalaga

13 Jun 2002 - 6:30 am

Urang Sunda tangtos mikawanoh paribasa anu unina: tata-titi duduga prayoga, anu ieu sadayana kawengku ku tatakrama atanapi etika. Dina kahirupan sadidinten etika teh ngurung tilu widang, nyaeta etika religi/agama, etika filsafat sareng etika sosial. Unggal kulawarga kedah narekahan sangkan anggota kulawargana henteu mengpar tina etika anu tilu widang ieu.

Salajengna wacana teh bade disusun dina wangunan pupuh, supados tiasa bari dihariringkeun. Kapan guguritan "Eling-eling mangka eling" dina pupuh Asmarandana sareng "Utama jalma kudu rea batur" dina pupuh Pucung, sakitu dipiwanohna ku balarea. Kalebet guguritan anu klasik. Sumangga urang diawitan:

PUPUH KINANTI. Laras Pelog/Lagu Rancag, Jemplang Titi sste.


  • Tata-titi pikeun judul, tawis ahlak nu utami, moral manusa nu Nyunda, keur nyunda teh tur Islami, ngagem ahlakul karimah, eta hartos tata-titi.
  • Kapan lumungsurna Rosul, lumungsurna para Nabi, sareng sadaya kitabna, tujuanana mah hiji, sangkan akhlakul karimah, hirup hurip rido Gusti,
  • Duduga prayoga kitu, hartosna teh lantip budi, wijaksana lemes rasa, beresih lahir jeung batin, tekad ucap katut lampah, dipikir dibulak balik.
  • Tata-titi estu perlu, tandaning jalma utami. tata titi teh etika, etika teh tilu rupi, hiji etika agama, etika anu islami.
  • Kadua etika tangtu, etika filsafat pasti, hade goreng ceuk pikiran, kenging mikir ku pribadi, rupi-rupi filsafatna, kuma cecekelan diri..
  • Etika anu katilu, etika sosial sidik, tatakrama ceuk lingkungan, lingkungan di mana ngancik, keur urang mah nya Pasundan, etika nu nyunda pasti.
  • Ieu etika nu tilu, kedah gulet jadi hiji, luyu sareatna Islam, filsafatna masing suci, "pandangan hirup Ki Sunda", nu mibanda ajen diri.
  • Geus jadi padoman hirup, keur Sunda mah estu yakin, sajalan ageman Islam, percaya ka Nu Sahiji, nyebatna Sanghiyang Tunggal. Eta teh Asma Ilahi.
  • Bakal aneh nu saestu, upami mun aya jalmi, ngaku Sunda heg teu Islam, dianggapna aneh teuing, kitu pandangan nu rea, Sunda jeung Islam mah dalit.
  • Ku kituna mah tos tangtu, rahayuna kulawargi, upami ibu ramana, ngadidik putra di bumi, diawitan ka-Islaman, Rukun Islam eta wajib.
  • Maos sahadat tos tangtu, copelna keur solat wajib, rama nu jadi imamna, putra garwa ngamum yakin, tos rengse seug marunjungan, rumah tangga rido Gusti.
  • Zakatna kade tong luput, biasakeun murangkalih, nyesakeun artos jajanna, ulah diseepkeun teuing, pek simpen dina wadahna, bisi aya nu musapir.
  • Murangkalih pek piwuruk, lamun kagungan rejeki, sesakeun kanggo sumbangan, paparinkeun ka nu miskin, ka budak di parapatan, atawa ka nu musapir.
  • Rukun kaopatna shaum, lamina panceg sasasih, dina sasih Ramdan tea, diajar ti murangkalih, diajar nyandet napsuna, tos diatik ti leuleutik.
  • Rukun kalima nu tangtu, diwanohkeun ti leuleutik, waktos taman kanak-kanak, diajar manasik haji, sangkan jaga geus ageungna, aya karep munggah haji.
  • Guru ngaos geura saur, keur ngawulang murangkalih, dialajar ngaos Qur'an, saena di jero bumi, kadangu nu ngaos Qur'an, bumi kenging berkah Gusti.
  • Lajeng geura muter lagu, tina kaset geus sayagi, laguna lagu kasidah, nu karaosna Islami, milari nu basa Sunda, di toko ge kantun milih.
  • Kade hilap lagu pupuh, Asmarandana Kinanti, Dangdanggula ulah hilap, Sinom ge nya kitu deui, laguna nu buhun heula, lagu rancag anu gampil.

PUPUH ASMARANDANA. Laras Pelog lagu Wani-wani, Jemplang Karang, Rancag sste.
Salajengna ieu kahaturkeun guguritan dina pupuh Asmarandna.


  • Ayeuna anu digurit, etika Filsafat tea, ieu mah sing atos-atos, margi kumaha jalmana, nganut filsafat mana, mindeng benten sareng batur, tumut ageman hirupna.
  • Filsafat teh rupi-rupi, nanging di jaman ayeuna, anu nganut filsafat teh, seueur nu sekuler ptofan, ngan dunya nu diudag, harta banda nu dijugjug, teu reureuh-reureuh sarakah.
  • Hirup nyanghareup ka lahir, udagan ukur pidunya, mangpang meungpeung jeung karooh, henteu nyaho halal haram, hirup taya etika, koret medit kakad kukud, jadi korban Filsafatna.
  • Cobi aos ayat Suci, dawuhan Alloh Ta'ala, sangkan urang ulah lolong, katungkulkeun harta banda, jadi leungit jeujeuhan, dangukeun DAWUH NU AGUNG, surah At Takatsur tea.

AT TAKATSUR. SURAT KA 102. AYAT 1 D/K 8.
(AT TAKATSUR = JELEMA ANU HIRUPNA MANGPANG-MEUNGPEUNG)


PUPUH DANGDANGGULA: Laras Pelog/Lagu Bayubud, Mangari, Goyong sste.
NARANGTANG: Ka Alloh abdi nyalindung, tina panggodana setan, Kalayan asma Nu Agung, Alloh Anu Welas Asih, Alloh.


  • 1/XXX/:102/1,2,3,4.
    Heh manusa naha tacan eling, ria sombong ngugung-ngugung harta, kaboler hirup maraneh, nyucud tepi ka kubur, katungkulkeun pangajak lahir, cing atuh mangka sadar, ulah rek kalangsu, sabab jaga karandapan, ku andika buahna salah pamilih, mangpang-meungpeung di dunya.
  • 2/XXX/:102/5,6.
    Heh manusa cing geura areling, tong nambalang lamun dielingan, jeung lamun enya geus nyaho, andika enggeus weruh, yakin pasti teu gingsir deui, bakal aya naraka, Jahanam nu hurung, jaga kasaksi sorangan, anu matak cing atuh mangka areling, ulah rek kokomoan.
  • 3/XXX/102/7,8.
    Sarta jaga di Yaomil Ahir, ku andika bakal karandapan, naraka teh tembong ebreh, ainal yakin estu, geus kitu teh andika pasti, bakalna ditakonan, ditaros Nu Agung, hal ni'mat anu katampa, nu dipake sombong adigung kumaki, naha migusti harta? (Sumber:Buku Nur Hidayah. Vol C. Saritilawah; H.R. Hidayat Suryalaga]

PUPUH SINOM: Laras Pelog. Lagu Sinom Degung, Liwung, Jemplang Cidadap, sareng sajabina ti eta.
Salajengna mangga dihaturanan ngahariring dina pupuh Sinom.


  • Medar etika sosial, anu katilu perkawis, sosial teh masarakat, masrakat rupi-rupi, gaduh aturan pribadi, tata krama dina hirup, aya Sunda jeung Jawa, aya Batak aya Bali, pada-pada gaduh tata kasopanan.
  • Ku ayana seler bangsa, eta teh Sunah Ilahi, kersana Alloh Ta'ala, nyipta bangsa rupi-rupi, bareda warna kulit, tur henteu sami pamulu, rupa-rupa basana, keur urang mah Sunda sidik, anu mawi Basa Sunda teh piara.
  • Lamun Basa Sunda musna, Sunda oge jadi leungit, nu nyesa ukur fosilna, ukur ngan jadi prasasti, bongan urang pribadi, kana Basa henteu ngurus, basa ciciren bangsa, lamun Basa Sunda leungit, geus tinangtu dibenduan Nu Kawasa.
  • Tah eta pisan margina, kasadaya kulawargi, mun leres nyaah ka Sunda, pek anggo atuh di Bumi, Basa Sunda nu asli, tur sopan santun ka sepuh, gambarna tatakrama, kapan pidawuh Ilahi, mun nyarita pake basa anu sopan.
  • Lentong nyarios nu sopan, henteu teugeug kasar budi, paroman imut marahmay, henteu haseum kecut budi, teuteup silaturahmi, anggah ungguh sopan santun, teu garihal gumagah, putra diwuruk nu rintih, geus tinangtos rahayu rumah tanggana.
  • Rengkak polah ditumanan, rengkuh salira diulik, dipalajar emok sila, munjungan silaturahmi, apal ka pancakaki, ka baraya sopan santun, ngantengkeun tali mimitran , ka tatangga oge sami, rukun guyub hirup akur jeung tatangga.
  • Putra kedah diwurukan, hirup aya tata-titi, sadaya aya aturan , teu tiasa kuma kuring, pajar teh hak ajasi, padahal mah henteu kitu, hirup aya aturan, teu bisa karep pribadi, komo deui tatakrama kasundaan.
  • Jadi conto ibu rama, picontoeun murangkalih, nya atuh kedah wayahna, ibu rama teh ngadidik, da puguh putra pribadi, ulah ngandelkeun ka batur, masrahkeun bae ka rencang, padahal budi pekerti, kawajiban sepuh anu miwulangna.
  • Di sakola mung sakedap, di bumi nu rada lami, sepuh nu jadi guruna, jadi conto siang wengi, eta ulah rek lali, kawajiban jadi sepuh, miwulang tatakrama, sopan santun tata titi, kulawarga sakinah rohmah mawa'dah .

PUPUH MIJIL. Laras Pelog.
Minangka pamungkasna sumangga dihaturanan ngahariring pupuh Mijil. Eta tea guguritan "Mesat Ngapung".


  • Pupuh Mijil pamungkasning dangding, makalah parantos, tulis-tulis ayeuna tos rengse, mugi-mugi sanaos saeutik, mangpaat teu suwung, kanggo tawis sono.
  • Mung hapunten mugi ngahaksami, bilih teu pagodos, aya basa anu kirang sae, ngahaturkeun hormat ti sim kuring, urang Ujung Berung, tawis tilam sono.




Ujungberung, 2002