TANGTUNGAN SUNDA EUSI PIKEUN NANJEURKEUN DEUI SUNDAKu: Eddy Nugraha

13 Jun 2002 - 6:45 am

Kanyaho Urang Sunda ngeunaan nu aya hubungannana jeung sebutan Sunda loba pisan wandana. Ti mimiti nu nganyahokeun Sunda dina harti kayakinan, budaya, karajaan, etnis, basa, tempat, sastra, seni tug nepikeun ka nu teu apal pisan naon ari harti Sunda teh.

Salian ti warna-warna kanyaho Urang Sunda ngeunaan sebutan Sunda eta, harti nu dipake ku para ahli ngeunaan Sunda oge robah-robah ti jaman ka jaman. Misalna, dina pustaka tahun 50-an harti sunda teh nepikeun ka leuwih ti 25 harti (Sajarah Sunda I, 1956). Satuluyna, dina kamus Basa Sunda [timiti citakan ka 1 (LBSS, 1975) nepi ka citakan ka 7 (LBSS 1992) ngan dihartikeun sacara etnis sanajan ditambah katerangan ngeunaan harti asalna. Robah-robahna ieu nunjukkeun robahna pangartos para ahli Urang Sunda dina ngama'naan sunda jeung dina ngajelaskeun ngeunaan tangtungan sunda ka bangsana.

Dina Ensiklopedi Sunda (2000), ku para ahli nu ngadamelna entri sunda dihubungkeun deui jeung budaya, tempat, etnis, karajaan, sastra jeung basa nu ngarupakeun produk atawa tapak budaya nu geus kakumpulkeun, tapi acan nuduhkeun jeung ngajelaskeun kayakinan eusi atawa jati nu jadi, jeung nu kudu jadi, tangtungan Urang Sunda.

Ngeunaan kayakinan eusi atawa jati dina Ensiklopedi Sunda ngan saukur dihubungkeun jeung entri agama sunda wiwitan nu dibere komentar "hanya sedikit diketahui", oge teu aya katerangan ngeunaan hubungan eusina jeung ageman ayeuna nyaeta Agama Islam. Padahal, di bagian sejen di sebutkeun yen dina pamahaman para ahli Urang Sunda, aranjeunna pernah garaduh pamadegan yen Budaya Sunda teh mangrupakeun "seluruh perwujudan gagasan, perilaku, dan hasil kegiatan manusa sunda dalam bidang-bidang; dan sistem religi (Ensiklopedi Sunda, hal 586). Tangtu 'kecap' religi teh nyoko kana kayakinan tangtungan eusi atawa jati.

Sedengkeun, pangaweruh ngeunaan sunda nu nuduhkeun tangtungan eusi atawa jati, lain ngan saukur "produk" jeung tapak, diperlukeun pisan di jaman global kiwari dina upaya miara jeung ngawariskeun Budaya Sunda ka generasi nu pandeuri.

Perluna teh lantaran kahiji, Nonoman Sunda kiwari geus rea manggihan budaya-budaya sejen nu 'aralus' jeung geus dipake nyampak dina kahirupan sapopoena, pangpangna budaya ti Jawa nu geus rea campur dipake di sunda, Arab nu jadi 'baju' Islam, 'Indonesia' nu jadi budaya formalna, jeung budaya barat nu maju elmu jeung teknologina, nu ku 'kaalusana' teh geus rea jadi bagian tina kabiasaan hirup sapopoena.

Tangtungan jati atawa asal ieu, lamun bener tur alus mah, bisa nimbulkeun kareueus ngeunaan asal usulna sorangan. Jadi Urang Sunda boga 'asal usul nu pantes diakukeun' - jeung bisa jadi cecekelan dina kahirupan ngajajar jeung jajaran seler-bangsa deungeun. Lamun geus boga kareueus ka asal usul jatina tangtu daek kawaris, daek make jeung daek nanjeurkeunana.

Kaduana, Budaya Sunda sorangan nu rek diwariskeun ayeuna geus saru kacampuran ku budaya deungeun. Salian ti eta, geus loba Urang Sunda anu geus teu make kana budayana di jaman kiwari. Urang Sunda ngan saukur jadi 'pinggiran' dibanding dominasi budaya 'alus' lianna. Kukituna tangtungan eusi atawa jati luluhurna, lamun enya bener tur alus, bisa jadi kayakinan jeung pamake dina milih budaya-budaya nu aya ayeuna. Lian ti eta dina makena jeung keur ka mekaranana oge bisa sakaligus ngajembarkeun tangtungan Ki Sunda sorangan.

Tulisan ieu mangrupakeun guaran panganteur ngeunaan sunda nurutkeun harti asal nu aya hubungana jeung kayakinan ngeunaan tangtungan sunda, utamana sunda eusi atawa jati. Malah mandar bisa nanjeurkeun deui Ki Sunda.

Dina Kamus Umum Basa Sunda (LBSS) disebutkeun yen harti asal Sunda, teh caang, gumawang moncorong, kukituna Sunda teh mangrupakeun Nur atawa cahya.

Jadi, nurutkeun harti asal diluhur, kasundaan teh ngarunut kana sifat-sifat Sunda, sifat-sifat caang gumawang jeung moncorong cahya atawa Nur.

Ana kitu mah anu nyunda teh nyaeta anu caang anu gumawang anu moncorong cahayaan.

Sedengkeun Nyundakeun jadi ngandung harti nyaangan mindahkeun tinu poek kanu caang kana cahaya.

Harti sunda asal ieu saenyana nuduhkeun hiji ulikan tuturunan nu jadi dasar tangtungan jeung payakinan tedak sunda. Pustaka na ge aya dina sunda. Panganteur pikeun eta ulikan didugikeun saperti dihandap ieu:


Ulikan Kasundaan Asal

Sunda dina kasundaan asal ngawengku ka cahaya nu kapanggih ku kamampuh lahir jeung cahaya nu kapanggih ku kamampuh batin.

Pangaweruh ngeunaan Sunda, cahya atawa Nur ieu jeung kamatihan kamampuhan nu bijil tidinya dina pola pikir pola laku geus mangrupakeun ulikan anu masagi, sanajan kadieunakeun beuki teu populer malah karasa 'asing'.

Ieu Sunda teh kapanggih. Aya dina jeroeun tangtungan katut luareunana. Sunda nu kapanggih jeung aya dina diluar tangtungan disebut Sunda luar; ari Sunda nu aya dijero tangtunganana disebut Sunda jero.


Sunda Luar

Sunda luar kapanggih pangheulana. Mimitina ku parabot anu ngagunakeun awasna panca indra, angkeuh jeung uteuk kawas sunda panonpoe, sunda bulan jeung sunda bentang nu langsung kapanggih ku pancadriana. Nu kapanggih ku uteuk jeung angkeuhna bari make parabot dhahir kayaning sunda seuneu, sunda lampu jeung lian ti eta. Katompernakeun ku pangaweruh nu kapanggih ku pancadria, uteuk jeung angkeuh teh nyaeta yen Sunda ieu aya ditiap barang dhahir (E=mc2). Kecap sunda keur nerangkeun sunda luar kadieunakeun jarang dipake cukup ku cahya/caang lampu, cahya/caang panonpoe jeung rea-rea deui.

Sunda luar ieu mere pituduh keur nembongkeun kana rupa rupa kanyatan hal/barang, nu cicing atawa usik, nu aya didhahir. Ti dinya terus mangaruhan nyaangan rasa rumasa inyana ngeunaan kahirupan jeung hirup huripna. Tina rasa rumasa ieu mekarkeun pola pikir pola laku budayana.


Sunda Jero

Sunda jero, nu jadi poko bahasan ieu guaran, kapanggih mimitina ku parabot ngagunakeun rasa. Ari rasa teh mangrupakeun awasna hate, ati atawa dina basa arab mah disebut Qalbu. Tapi rasana lain rasa rarasaan, rasa ieu rasa nu dijurung jeung boga rumasa kana katunaan panca indra, rumasa kana katunaan angkeuh jeung uteukna. Ku karumasaan ieu hijabna rasa sirna, rasa ieu jadi awas kana ayana Sunda jero.

Sunda luar luas ambahanana da kapanggih aya di alam dhahir, sedengkeun Sunda jero nyamuni kapanggih ayana heureut di jero tangtungan. Tapi, lamun geus kapanggih Sunda jero ieu sunda luar bisa gedena (Sunda Besar); jeung kagunaan katut kamampuhna ngawengku jeung metakeun sakabeh alam katut eusina.

Ku pangaweruh ngeunaan sunda jero katuduhkeun yen sunda nu aya di ieu alam dhahir, sunda luar, ngan mangrupakeun gambaran, tanda, usik, ciri jeung tuduh ayanana Sunda jero, matak Sunda luar disebut oge sunda kecil. sunda luar disebut oge Sunda Sajati lantaran ngarupakeun tanda kanyataan ayana Sunda jero nu jadi jatina. Ulikan ngeunaan sunda luar atawa sunda sajati sok disebut ulikan cangkang da sunda luar teh ngabungkus ngahalangan sunda jati. Sedengkeun ulikan sunda jero (jati) disebut ulikan eusi sabab sunda jati teh eusi poko sumberna sunda luar atawa sunda sajati.

Sunda jero leuwih hese kapanggihna timanan sunda luar, pareng bisa kaawaskeun jeung mermanakeunnana teh sanggeus boga kanyaho ngeunaan sunda luar sabab nyamuni dijero tangtung. Kapanggihna teh lamun bisa ngaleutikeun tug nepi ka bisa nyirnakeun tangtung (heula) nyirnakeun (heula) kanyaho nu bijil tina angkeuhna; tina uteukna jeung tina pancadriana kanyataan naon nu sok di 'jargonkeun' paeh samemeh paeh, dina ulikan sunda eusi jadina paeh samemeh paeh teh ku cara tumut turut tunduk sumerah ka Nu Maha Suci (aslamtu).

Kanyaho Sunda eusi nu geus kahontal ku luluhur tedak sunda mangrupakeun kanyaho nu nepi ka hambalan luhur alam cahya (Nur), atawa alam malakut (malak = cahya), disimbolkeun ku jargon alam kaHyangan - alam kahyangan alam luhureun alam kadewaan (dewa = dev = cahaya). Jadi kanyaho sunda eusi ngeunaan ulikan dina hambalan cahaya luhureun cahaya - nurrun 'ala nurrin. Alam Sunda (cahya Nur) eusi atawa jati tempat nganyahokeun ayana AYA, oge merenahkeun gambaran ka jatian mutlak panungtungan nu pangluhurna atawa pangjerona ngeunaan Nu Murbeng alam. Kapanggihna lamun mampu beberesih nepikeun ka geus teu ku manehna sorangan.