BASA INDUNG PITUDUH PIKEUN HIRUP APANJANG-APUNJUNGKu: Drs. R.H. Hidayat Suryalaga

13 Jun 2002 - 7:00 am

Nelengnengkung-nelengnengkung, geura gede geura jangkung, geura sakola sing luhung, geura makayakeun indung.

Upami urang nengetan sareng ngalenyepan "hariring indung" dina rumpaka di luhur ku urang bakal karaos pisan, ayana rupi-rupi rasa: harepan, kanyaah, kaiklasan, cita-cita, du'a ti nu jadi indung ka putrana nu jadi jimat manah kembang soca pupunden ati ibu ramana. Ti nalika jabang bayi aya dina lebet kandungan keneh, nu jadi indung mah parantos galecok "sasauran" sareng putra nu dikandungna, basana teh: "Utun-Inji, jabang bayi, masing lulus-banglus, berkah salamet, jauh balai-parek rejeki, pait daging pahang tulang. Amit-amit jabang bayi, ulah rek saturut-turutna, ari lain turutaneun mah, ulah sadenge-dengena ari lain dengekeuneunana, ulah satenjo-tenjona ari lain tenjoeunana, ulah saomong-omongna ari lain omongkeuneunana.

Komunikasi antawis indung sareng jabang bayi, kadang-kadang henteu dikedalkeun ku baham tapi ku kereteg manah, ngan nu tetela eta komunikasi teh salamina ngagunakeun basa indungna. Ku kituna eces pisan basa indung teh jadi basa nu mimiti pisan digunakeun pikeun ayana komunikasi antara indung sareng anak. Basa indung teh basa nu pinuh ku rasa kalemesan budi, ciri jatining kamanusaan anu kacida luhung tur mulyana.


Basa teh Jadi Ciri Ajen Kamanusaan

Kumaha pentingna basa, kagambarkeun dina paribasa Arab: Kuli Lisani bil Insani (J.W.M. Fokker, 1979:52) anu pihartoseunana: "Wuwuh seueur rupi-rupi basa nu urang tiasa wuwuh ningkat deui ajen kamanusaanana". Dina basa Sunda oge seueur paribasa/babasan anu nuduhkeun yen "basa" teh kalintang pentingna, kapan sok kadangu aya nu sasauran yen: "Basa teh ciciren bangsa" atanapi "Leungit basana musna bangsana". "Hade ku omong goreng ku omong". "Basa teh leuwih seukeut tibatan pedang". "Basa mah teu meuli" sareng sajabina ti eta.

Ku salangkung oge katitenan, yen gunana basa teh kalintang ageungna, kalintang pentingna boh kanggo alat komunikasi sareng sasama hirup boh kanggo kamekaran ajen kamanusaan dirina pribadi.

Dina jaman modern, globalisasi iptek sareng budaya sapertos jaman kiwari aya sawatara basa nu urang kedah iasa - kalebet oge putra/kulawarga urang - kedah mikaweruh 4 (opat) rupi kelompok basa, nyaeta:
1. Basa Indung (indung-bapana)
2. Basa Daerah
3. Basa Nasional (Basa Indonesia)
4. Basa Asing

Urang pedar salangkung, pentingna iasa rupi-rupi basa diawitan ti nu nomer 4 (opat) heula, nya eta:


  • Basa Asing. Upamina bae bae Basa Inggris. Basa Inggris dianggap basa nu kalintang pentingna kanggo urang ngulik elmu pangaweruh. Parantos jadi basa pikeun hubungan komunikasi sadunya. Saparantos tiasa basa Inggris, kalintang saena iasa oge basa-basa asing sanesna (Arab, Jepang, Perancis sareng sajabina ti eta).
  • Basa Nasional. Kanggo urang mah nya Basa Indonesia. Pikeun alat campur-gaul sareng seler bangsa sanesna nu aya di Nagara Kesatuan Republik Indonesia. Wajib kanggo sakumna warga RI, iasa sareng ngajenan kana basa Indonesia.
  • Basa Daerah. Tegesna basa nu digunakeun di wewengkon urang dumuk (aya). Upami bae kaleresan urang aya di Denpasar, nya kedah tiasa Basa Daerah Bali. Aya di Bukittinggi nya merenah pisan tiasa Basa Minangkabau. Kumargi urang aya di Tatar Sunda, nya sakedahna urang tiasa Basa Sunda.
  • Basa Indung. Tegesna basa nu digunakeun ku indungna (indung-bapana). Kanggo nu "indungna" ngagunakeun Basa Sunda, nya kalintang payusna upami putrana oge tiasa basa indungna, nya eta Basa Sunda.
  • Mangpaatna (Pentingna) Basa Indung. Dina istilah Sosiolinguistik (basa pikeun alat campur gaul), basa indung teh sok disebut mother tongue, native language - sanajan aya bentenna - sok disebut oge indigenous language atanapi vernacular language.
  • Kumaha pentingna kalungguhan basa indung, tiasa kabandungan tina kasimpulan UNESCO dina laporanana kalayan tandes pisan disebatkeun geus jadi kamistian (keharusan, aksioma), yen barudak teh kudu meunang didikan ngeunaan kapribadian dirina ku cara ngagunakeun basa indungna ti awalna keneh mula sarta kudu ditarekahan supaya basa indung teh jadi alat atikan pikeun waktu nu lila (THE USE OF VERNACULAR LANGUAGES IN EDUCATION; THE REPORT OF THE UNESCO MEETING OF SPECIALISTS,1951, dina lampiran Sosiologi Bahasa. Drs. A. Chaedar Alwasilah. 1985).

Upama UNESCO, organisasi tahap internasional, parantos netepkeun aksioma nu sakitu tandesna, tangtos aya alesan pangna basa indung kedah digunakeun pikeun ngadidik barudak. Ku Unesco disebatkeun yen: Basa indung teh mangrupa hiji sistim basa nu beunghar ku harti jeung simbul pikeun ngungkabeun rasa jeung pikiran; jadi alat identifikasi dirina; jeung jadi alat didikan nu ampuh ti batan ngagunakeun basa asing.

Pikeun urang Sunda (nu basa indungna basa Sunda) oge, moal teu kitu. Dina kandungan basa Sunda teh pinuh ku harti jeung simbul pikeun atikan lahir jeung batin nu luyu jeung kudrat seler bangsa Sunda (bandingkeun sareng eusi Surat Al Hujurat:13, Ar Rum:22).

Naon atuh mangpaatna basa indung (kanggo urang mah nya basa Sunda), dugi ka kedah digunakeun di jero kulawarga?. Hal ieu ngait kana kagunan (fungsi) basa.


Kagunan (Fungsi) Basa

Sugrining basa, basa naon bae oge, kalebet basa Sunda (basa Indung, basa kulawarga), tangtos aya kagunaanana (fungsina). Upami fungsi-fungsi basa ieu parantos kacumponan, kenging disebatkeun parantos kahontal mangpaatna basa.

Kagunan (fungsi) Basa nu pangutamana nyaeta alat pikeun komunikasi antar manusa. Sipatna henteu genetis (sanes turun tumurun diwariskeun ti sepuhna) nanging proses edukatif (kenging diajar).

Seueur para ahli basa (linguis) anu ngawincik langkung eces deui. Kanggo kaperyogian ayeuna urang nyutat bae pamendakna ahli basa Barat nyaeta Roman Jakobson (1960), anu nyaurkeun yen mangpaatna basa teh kulantaran aya fungsina, nyaeta:

  1. Fungsi Emotive (Kagunan nu tumali sareng parasaan)
  2. Fungsi Phatic ( Kagunan pikeun silihajenan/hormat)
  3. Fungsi Cognitive (Kagunan pikeun nambahan pangaweruh/elmu)
  4. Fungsi Rhetorical (Kagunan pikeun mangaruhan batur, supaya maksud hasil - fungsi conative)
  5. Fungsi Poetic (Kagunan pikeun ngedalkeun kaendahan)
  6. Fungsi Metalingual (Kagunan pikeun ngulik elmuning basa)


Mangpaat Basa Sunda di Lingkungan Kulawarga

Ayeuna urang nyobi-nyobi ngaguar mangpaatna (kagunan, fungsi) digunakeunana basa Sunda di lingkungan kulawarga (pangpangna kulawarga Sunda), ditumalikeun sareng 6 kagunan (fungsi) basa numutkeun Roman Jakobson, diwuwuhan ku fungsi ka 7 nyaeta fungsi Heuristic (Kagunan mikawanoh diri pribadi ku tarekahna sorangan) numutkeun Halliday (1973).

  1. Kagunan Emotive (Nu tumali sareng parasaan, afektif). Di antawisna bae kanggo ngedalkeun/ngarasakeun rasa: sedih, bungah, waas, bingung, ambek, handeueul, rumasa, sareng sajabina ti eta.
  2. Kagunan Phatic (Nu tumali sareng rasa silihajenan/rasa hormat). Di antawisna kalebet tatakrama ka: kulawarga (pancakaki), ka tatangga,tamu, kapapatenan, hajat, sareng sajabina ti eta.
  3. Kagunan Cognitive (Ngabeungharan Elmu Pangaweruh). Di antawisna sagala rupi katerangan nu sipatna nambihan kanyaho ka murangkalih (tutuwuhan, sasatoan, alam sareng sajabina ti eta.
  4. Kagunan Rhetorical (Kamaheran ngagunakeun basa pikeun ngahontal pamaksudan). Di antawisna: mangaruhan, ngabejaan, mapatahan, nyarek, nitah, menta tulung, sareng sajabina ti eta.
  5. Kagunan Poetic (Nu tumali sareng rasa ngedalkeun rasa kaendahan). Di antawisna: biantara, ngarang sareng sajabina ti eta.
  6. Kagunan Metalingual (Nu tumali sareng elmu ngulik basa). Di antawisna: pikeun mikanyaho sagala rupi nu aya tumalina sareng elmu basa (fonetik, morfologis, sintaksis).
  7. Kagunan Heuristik (Nu tumali jeung ngulik kapribadian dirina). Upamina diajar napakuran hirup sareng sajabina ti eta.


Kacindekan

Pikeun sakumna manusa, proses diajar anu pangmimitina tur pangpageuhna napel dina daya ingetan sareng kapribadianana, nya eta pangajaran nu katampi di lingkungan kulawargana.

Kulawarga teh estu hiji institusi pangleutikna ( nuclear institutional), anu panggedana mangaruhan kwalitas Sumber Daya Manusa. Numutkeun panalungtikan para ahli, sacara tradisional kwalitas (SDM) barudak teh seueur gumantungna kana kamaheran nu jadi indung dina ngagunakeun sareng ngamangpaatkeun BASA INDUNGNA.

Sok aya nu sasauran pajar teh cenah ti batan nyarita ku basa Sunda nu kasar jeung salah mah mending ku basa Indonesia bae. Ieu pamadegan teh teu leres, da kedahna mah malah ditarekahan diajar langkung enya-enya sangkan basa Sunda nu dianggona luyu tur merenah. Luyu hartosna tumut kana aturan tata basa Sunda nu leres; ari merenah hartosna luyu sareng tujuanana sasauran.

Aya oge nu kagungan anggapan, pajar upami diajar basa Sunda, engke basa Indonesiana reksak. Ieu oge henteu leres. Numutkeun panalungtikan Prof. Dr. H. Yus Rusyana, malah upami basa Sundana sae, tangtos basa Indonesiana oge bakal sae, da parantos terangeun aturan basa (tatabasa, gramatika) boh basa Sunda boh Basa Indonesia.