- Naskah Kuna: WAWACAN LUTUNG KASARUNGOleh: Drs. H. Rd. Hidayat Suryalaga
11 Jul 2002 - 4:55 am
ASMARANDANA
Meureun hidep ge geus nguping, carios sepuh baheula, aya dongeng anu rame, carita pantun asalna, asli dongeng ti Sunda, carita Lutung Kasarung, kieu geura lalakonna.
Kacaturkeun hiji wanci, tempatna di Kahiangan, bujangga karempel kabeh, para pohaci harempak, sareng hiji satria, kasep putra Sunan ambu, nu jenengan Guru Minda.
Guru Minda hiji wengi, ngimpen tepang sareng mojang, geulis teu aya nu nedeng, ayana di alam dunya, naga Pasir Batang, anjeunna keukeuh rek lungsur, milari ka Pasir Batang.
Ibuna maparin widi, nanging kedah salin rupa, Guru Minda anu kasep, gentos rupa janten hewan, hideung lestreng buntutan, disebat Lutung Kasarubng, nembe lungsur ka dunya.
KINANTI
Ayeuna anu kacatur, aya nagara nu mukti, nyeta Pasir Batang tea, kamashur kamana-mendi, rajana geus palay tapa, milari saha keur ganti.
Putrana the aya tujuh, sadaya istri gareulis, anu cikal Purbararang, Kancana jeung Purba Manik, Dewata jeung Purba Endah, Purbaleuwih, Purbasari.
Ti antara putrid tujuh,, Purbasari nu kapilih, sae kalakuanana, lemes basa luhur budi, atuh rakana nu cikal, Purbararang bendu galih.
Anu sanes oge kitu, mikangewa Purbasari, kajaba aya saurang, nyeta putrid Purbaleuwih, ka Purbasari miheman, tara ngiring nganyenyeri.
Memeh angkat raja sepuh, palay pisan tuang daging, ka Lengser lajeng miwarang, supados Aki Panyumpit, gancang moro sato hewan, naon wae nu kapanggih.
Ari seug mung manggih lutung, tapi waktu rek disumpit, lutung te bias nyarita, "Eh Aki ulah rek meuncit, kuring teh mending dibawa, sanggakeun ka Kangjeng Gusti,"
Lutung the teras diingu, gawe ngintip para putrid, ka Purbararang mah ngewa, ka nu sanes oge sami, kajaba ka nu duaan, Purbaleuwih Purbasari.
Purbararang nuju ninun, kantehna diburak-barik, atuh putrid bendu pisan, Si Lutung terus dibui, tara pisan diparaban, nu geten mung Purbasari.
Enggeus angkat raja sepuh, digentos ku Purbasari, tapi direbut rakana, Purbasari mah diusir, Si Lutung anu marengan, ditundung ka leuweung rumpil.
Di leuweung kadua lutung, saungna ku daun eurih, Purbasari the nalangsa, sok sering sumegruk nangis, ku lutung teh diupahan, ngigel ngalelejar putri.
Sumber: LIMA ABAD SASTRA SUNDA (SEBUAH ANTOLOGI JILID 1)
Penerbit: GEGER SUNTEN - BANDUNG