NGARAN RUPA-RUPA OMONGAN

11 Jul 2002 - 5:29 am

Ancad laer:ngomongna anca pisan
Cental, pacental-cental :pasea, parea-rea omong
Eur-eur/garap:kabiasaan ngomong nu harese rek pok/ngomong arap-apareup-eup
Galantang, ngagalantang:nyarita atawa pidato panjang tur tatag
Galecok/garecok:nyarita (kalawan gumbira) teu eureun-eureun
Garihal:omongan kasar matak nyentug kana ati
Gebah, ngagebah:ngomong tarik (biasana nyumput heula) sangkan batur reuwaseun
Gebes, ngagebes:nyentak, ngahuit
Gedebul:rahul, gede omong, gede bohong
Gelendeng, ngagelendeng:ngomongan jalma (nu boga kasalahan), mapatahan, biasana paduduaan
Gelendut, ngagelendut:nyarita panjang (lila) bari mapatahan ku lemah lembut
Gentem:omongan semu agem
Gentra, ngagentraan:nyalukan, ngageroan
Gerentes, ngagerentes:ngomong di jero hate
Gereyem, ngagereyem:ngomong laun ukur kadenge ku sorangan
Gero, ngagero:nyorowok, ngaluarkeun sora tarik lantaran aya kareuwas atawa aya bahaya; ngageroan = nyalukan
Gonjak, ngagonjak:ngaheureuyan ku omongan (biasana tina hal pikaseurieun)
Gorocok:beuki ngomong; ngagorocok = ngomong rusuh
Gundam, ngalindur:ngomong kalawan teu sadar (biasana keur sare)
Gunem catur:ngawangkong, cacarita leuwih ti saurang
Guntreng:cacarita lila duaan, sorana lalaunan
Harewos, ngaharewos:nyarita laun pisan ditompokeun kana ceuli batur sangkan ulah kadenge ku nu lian
Harewos bojong:caritaan nu diharewoskeun tapi kadenge ku batur
Hariweuseus:haliwu, nyarita bari rada gugup (lantaran manggih kareuwas, jeung saterusna)
Haroshos:omongan anu meh kadenge (sora jalma nu geus kurang napas)
Harung gampung:sompral, ngomong sangeunahna
Handap lanyap:omongan lemes tapi eusina ngahina
Hoghag:parea-rea omong sarta patarik-tarik sorana (biasana nu pasea atawa nu parebut bebenaran)
Humandeuar:ngomong (bari rumahuh), ngedalkeun kasusah, kahoream, jeung sajaba ti eta. (biasana jalma nu ngarasula)
Jejebris:ngedalkeun kecap-kecap kateupanuju bari goring budi, ambek jeung sajabana
Kah:jawaban awewe mun dicalukan
Kecewis, ngecewis:ngecebrek, ngomong teu eureun-eureun
Koceak, ngoceak:ngajerit, ngaluarkeun sora tarik lantaran manggih kasieun jeung sajabana
Kukulutus:gegelendeng, ngomong sorangan (bari ambek)
Kulan:jawaban lalaki, mun dicalukan
Kunyam-kunyem:ngomong laun pisan, biwir ukur nguntab
Sosoak:ngomong tarik bari ambek




Sumber: BUKU PEPERENIAN (Kandaga, Unak-anik, Rusiah Basa Sunda)
Ku: Drs. Ahmad Hadi, Spk
Penerbit : CV GEGER SUNTEN - Bandung