- SI KABAYAN NGAKU HATUT
11 Jul 2002 - 5:45 am
Si Kabayan boga kiai beuki hatut, barang kiaina endek kawin ngumaha ka Si Kabayan, cek kiaina, "Kumaha Kabayan aing dek kawin, tapi dia nyaho lamun aing eta bosen teu ilok karasa deui laju hatut bae, atuh."
Cek Si Kabayan, "Cocokan bae jubur kiai."
Cek Kiaina, "Ari dicocokan matak mules beuteung engke lesot bae cocokna nyebrot kaluar jeung bukurna, beuki matak isin; jadi kieu geh; lamun engke aing nyembah ka mitoha dia ulah jauh nuturkeun ti burieun aing, ari aing hatut aku bae ku dia, ja dia mah lain panganten ieuh, moal isin, engke dia ku aing diupahan ali cacag nangka, kop tah alina."
Cek Si Kabayan,:Hade engke sagala hatut kiai diaku ku kula kabeh."
Cek Kiaina, "Enya pacuan u;ah bohong."
Cek Si Kabayan, "Ulah kawatir, kula bela pati ka kiai, eta deui tah dititah ngaku hatut, henteu sapiraha gatina, sanajan nu matak modar ogeh, kula dilakonan."
Geus kitu teu kacarita kawin deui, laju nyenyembah bae ka mitohana, Si Kabayan henteu daek jauh di burieun kiaina bae. Barang datang ka imah mitohana eta mitohana lalaki jeung mitohana bikang sarta panganten bikang tea geus nunggu diuk ngabrak, ngampar samak di tepas.
Ari cat kiaina nincak kana taraje dek unggah cekuk hatut; kiaina ngalieuk ka buri, cek kiaina, "Nya saha nu hatut?"
Cek Si Kabayan, "Kula."
Ari nincak deui kana hambalan taraje, cekuk hatut, diaku ku Si Kabayan kitu jeung kitu bae; ari ngunjungan ka mitohana, barang nonggeng cekuk hatut, ngalieuk deui ka buri, cek kiaina, "Nya saha nu hatut?"
Cek Si Kabayan, "Kula." Jadi hatut nu sakitu lobana eta geus cekuk bae, kabeh diaku bae ku Si Kabayan, geus ngarasa meunang upah ali cacag nangka.
Barang kiaina geus ngunjungan ka motohana jeung ka baris kolot-kolot nu aya di dinya jeung ku ewena geus diunjungan laju kiaina dititah douk dina kasur ngarendeng jeung ewena, barang gek eta douk dina kasur ngaren bae hatut nu panggedena, sorana bae kocapan, "Berkepek kepek kepek kepek kepek kepek." Ti dinya burung Si Kabayan teu kawawa ku isin, dititah hatut sakitu gedena jeung lojor, laju Si Kabayan, "Top tah ali, anggur teu boga cacag nangka samanan titah ngaku hatut jangjangan ieuh," laju lumpat, jadi kiaina geh milu lumpat deui, teu kawawa ku isin hatutna katangen kabeh.
Sumber: Lui Maria Coster Wijsman, Uilspiegel - Verhalen in Indinesie: In Het Biezonder in de Soendalanden, 1929