BARAKATAK

24 Sep 2002 - 12:12 am

SANGRAY SUUK SI ALO

Alo kuring asalna mah digawe jadi karyawan diperusahaan, tapi ayeuna mah geus di PHK. Geus genep bulan aya di lembur nganggur.
Bararingung cenah, kana tani teu ahli, buburuh punggal-panggul teu kaduga, usaha kana dagang teu boga modal.
"Diajar dagang leuleutikan bae atuh, lo," cekeng teh mere saran.
"Dagang naon atuh, nya Mang?" cenah.
"Ajaran dagang sangray suuk, enteng garapanana oge."
Tayohna ku Si Alo kahartieun saran ti kuring teh, da katempo terus badami jeung bojona. Ari anakna mah tiluanana oge mani aratoh, ngadenge bapana rek dagang sangray suuk teh, maklum barudak keur meujeuhna resep kana kadaharan jajanan.
Sanged bae Si Alo teh nyiapkeun parabot, keur kaperluan nyangray suuk, katut keur tanggungan keur dagangna.
Poe isukna, isuk keneh Si Alo geus indit dagang, ngajugjug pasar. Nanggung dagangan teu jadi masalah, da puguh barang hampang.
Dagangna di sisi jalan deukeut lawang pasar, jajalaneun anu kawilang rame, jalma anu rek asup ka pasar, oge kaluar ti pasar, nya kitu deui barudak anu rek ka sakola loba anu ngaliwat kadinya. Maklum dagang kakara, nawarkeun oge masih kaku, tapi ari mungkusan mah geus tapis. Geus sajongjonan canukul, kana dagangan mah can aya nu meuli. Suuk meunang mungkusan geus numpuk, bari tambah kesel sangray suuk nu can dibungkus, dikorehan dipilihan any kurang beuneurna, tiap manggih nu kurang beuneur, langsung dipesek terus di huapkeun.
Keur kitu jol Ma Karsih, tukang dagang ngasong, masih batur salembur keneh.
"Aeh, Si Ujang dagang sangray suuk, Ujang tah sasarap, rek surabi rek leupeut jeung gorengan?" ceuk Ma Karsih nawaran.
"Teu acan kekengingan artos Ma," walon Si Alo.
"Geus biasa ujang jeung tukang dagang deui mah, silih tukeuran," ceuk Ma Karsih.
Sanggeus dahar surabi jeung leupeut katut gorengan, kurunyung Mang Engkus tukang bubur kacang, terus silih tukeuran suuk jeung bubur kacang.
Nya kitu deui waktu paamprok jeung Mang Gaos tukang bandros, sarua teu kuartos, barang dagangan bae pagentos-gentos.
Waktu maju kabeurang Si Alo ngarasa lapar, da enya tadi isuk teu kungsi dahar. Ngadeukeutan tukang kupat tahu, pok cacarita, duanana satuju kupat tahu ditukeuran ku sangray suuk. Kalalar aya tukang balon, ras inget poe kamari anak anu pangleutikna ngelak ceurik haying balon ngok-ngek, kabitaeun ku budak tatangga. Ngaharewos ka tukang balon, cenah. Tukeuran bae ku sangray suuk.
Kaayaan pasar geus corengcang, nu ngaliwat geus rentang-rentang, Si Alo ge siap mulang. Ceg kana tanggungan, karasa jadi ngoleang hampang. Sesa sangray suuk anu dina jero blek ngan kari saeutik deui. Datang ka buruan, si bungsu ajrag-ajragan, atoheun bapa datang mawa cocooan nu dipikahayang. Lanceuk-lanceukna kakaratak kana tanggungan, dina jero blek aya keneh sangray suuk, langsung bae didalahar. Pamajikan Si Alo tumanya soal hasil dagangan, Si Alo ngabigeu, pamajikanana langsung bangkenu.



SALAH ALAMAT

Pasosore, bada asar, bulan Pebruari katompernakeun, kuring nganteur pamajikan ka dokter kandungan. Ceuk rarasaan mah asa gasik indit ti imah teh. Samemeh asup waktu sholat ashar, kuring jeung pamajikan geus tatan-tatan. Kartu pasien geus disiapkeun, motor geus dihirupan (dipanaskeun), malah pakean oge geus saged. Nu matak barang ngong nu adan ngabejaan geus wancina solat asar, kuring jeung pamajikan terus bae berjamaah sholat.
Barang tepi kaburuan tempat praktek dokter, kuring rada ngejenghok sabab pasien geus ngagimbung. Salian ti motor malah aya mobil L-300 bak terbuka sagala. Atuh buru-buru pamajikan sina daftar ngarah nomerna henteu gede teuing. Ari praktekna mah acan dimimitian, biasa dokterna telat. Sanggeus daftar sarta meunang nomer pamajikan mah nungguan di jero di rohang tunggu, ari kuring mah ngadon ngawangkong jeung anu sejen anu sarua nganteur pamajikanana, diluar bae bari nungguan motor.
Teu pati lila kadenge suster geus nyebutan pasen saluyu jeung nomer karcisna, tanda praktek geus dimimitian. Meunang tilu pasen kitu lamun teu salah mah. Anu kaopatna suster nyebut Ibu Walpan, cenah. Anu matak kuring jeung anu sejen rada kaget lain pedah eta ngarana siga ngaran lalaki, tapi eta awewe lalaki setengah tawuhan anu ti tatadi caricing dina L-300 bak terbuka tea, teu sirikna luncat ka jero. "Tah giliran Bapa," cenah kitu ngomongna teh.
Ngan teu kungsi lila, anu tadi arasup aya kana genep urangna teh, geus kaluar deui bari ngarereyang hiji lalaki anu geus boga umur malah geus deukeut ka aki-aki sigana mah. Maranehna maruru deui kana mobil tea. Diantara maranehna kaciri siga anu silih salahkeun.
Panasaran kuring nanya ka salah saurang diantara maranehna.
"Ku naon teu cios, Bu?"
"Lepat dokter, Jang."
"Ari kitu saha anu bade dipariosna?"
"Itu pun bapa, kedahna mah saur suster teh ka dokter spesialis dalam."
Kuring jeung anu sejen ukur seuri mesem. Deudeuh teuing ti kampung meureun maranehna teh. Nyaah ka kolot tapi kurang asak tatanya. Jadi waeh... aki-aki dibawa ka dokter kandungan.



Sumber: Mangle No.1865/6-12 Juni 2002