PARIBASA ANYAR

11 Nov 2002 - 2:20 pm

Ku saliwat mah kabeungharan paribasa Sunda teh henteu ngarekahan henteu nambahan. Lolobana nu diparake teh paribasa nu geus nyampak (sampakan). Ku kituna teu saeutik paribasa anu harti kecapna malah harti eta paribasa geus teu kapahameun deui ku balarea, kulantaran boh kecapna boh barang atawa pasipatan anu dituduhkeun ku eta kecap geus teu dipiwanoh deui ku masarakat. Saperti:


  • Bobo sapanon carang sapakan.
  • Tusuk langkung kepang halang.
  • Sabata sarimbagan, saketek sapihanean.
  • Ilang-along marga hina.
  • Adean ku kuda beureum.
  • Ngadeupaan lincar.
  • jrrd.

Timbul pananya, kumaha carana nambahan deui paribasa-paribasa anu luyu jeung usum anu ngagambarkeun jaman jeung anu mere tuduh laku nu rahayu dina alam nu terus barobah.
Ku panyawang timbulna paribasa anyar teh bisa dimimitian ku "yargon-yargon", motto, "kata bersayap/kecap nu sumebar", kacapangan balarea jeung tina cecekelan hirup hiji jelema. Saterusna ditarekahan sangkan dipikawanoh ku balarea.
Ieu di handap aya sawatara ungkara anu asalna tina cecekelan/pamanggih hiji jelema, anu dina hiji waktu dipiharep bisa ngawuwuhan kajembaran paribasa/babasan Basa Sunda. Upamana:

  1. Ulah eureun dina titik = kudu terus kreatif, inovatif (HS).
  2. Ngabakian batur= mere kasempetan pikeun batur midang/eksis (HS).
  3. Diaku kupur, ditampik kapir = tumarima ngan darma katitipan kanyaho jeung elmu pangaweruh ti Alloh SWT, henteu sombong, henteu umaku (HS).
  4. Rengkod-rengkod ulah rungkad = Sanajan kacida lobana kaprihatinan tapi ulah tepi ka frustasi (HS).
  5. Mun ti hareup kudu nuyun, mun di tukang kudu ngadu'a, mun di tengah jadi rawayan = Konsep nu jadi kolot jeung pamingpin dina ngadidik kulawarga jeung nu dipingpinna (HS).
  6. Kudu anggeus lain enggeus = Ari digawe kudu tepi ka jucungna, gawe rahayu (HS).
  7. Utak, atik, uteuk = Daya mikir kudu terus diasah (HS).
  8. Malati lingsir ku wanci, campaka ligar ku mangsa = Sagala rupa aya waktuna nu mustari (tina rumpaka Tembang Sunda).
  9. Sarigig kudu kaciri, sarengkak kudu katara = Sagala rupa kudu aya sareatna (tina rumpaka Tembang Sunda).
  10. Ulah hees ku hese = Kudu terus bajoang sanajan pinanggih jeung kasulitan (Nano S).
  11. Kudu genah, merenah, tumaninah jeung amanah = Sagala rupa kaayaan kudu nimbulkeun kabagjaan pikeun padumukna (diracik tina motto Kota Bandung).
  12. Ulah kawas robot = ulah sagala nunggu diparentah (HS).

Sumangga dihaturanan kanggo diwuwuhan deui, kintunkeun bae dina kolom komentar.



Ais Pangampih SundaNet.Com.