NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS IAl Baqarah (Surat Kadua) - Ayat 1 d/k 18

18 Nov 2002 - 1:49 pm

Ka Alloh abdi nyalindung, tina panggodana setan.
kalayan asma Nu Agung, Alloh Anu Welas Asih.

-Alloh-


1. ALLOH ANU MAHA UNINGA (:2/1,2) - rhs, 1 Syawal 1421 H


  • Alloh Nu Maha Uninga, kana sadaya dawuh-Na,
    mungguhing urang manusa, wajib kedah percantenna.
  • Kana Qur'an ulah hamham, ulah waswas ragu-ragu,
    upami urang mihamham, tangtos urang buntu laku.
  • Sadaya umat Pangeran, kedah kenging tuduh jalan,
    nu mawi lumungsur Qur'an, pikeun tuduh jalan iman.
  • Tawisna nu takwa to'at, yakin ayana aherat,
    solatna teh tara pegat, ku Alloh tangtos dirahmat.

2. SILIH BAGI REJEKI (:2/2,3,4) - rhs, 1 Syawal 1421 H

  • Mun urang nampi rejeki, rejeki pabagi-bagi,
    sasama ge kabagean, rejeki silih agehan.
  • Jelema nu iman mu'min, panceg percaya tur yakin,
    kitabulloh nu baheula, eta ge dawuh Mantenna.
  • Jelema nu iman mu'min, yakinna aenal yakin,
    yen engke teh hirup deui, bakal deuheus ka Ilahi.

3. PITUDUH TI ALLOH SWT (:2/5) - rhs, 1 Syawal 1421 H

  • Mungguhing nu iman takwa, kenging pituduh Mantenna,
    hirupna kenging panungtun, henteu lesot ti panuyun.
  • Eta teh bagja utama, rahmat teu kinten ageungna,
    mulus salamet hirupna, kenging pituduh Mantenna.
  • Nu kitu hirup rahayu, kenging pituduh lumaku,
    moal sasar katambias, moal hamham moal waswas.

4. ULAH NGABEDUL (:2/6,7) - rhs, 1 Syawal 1421 H

  • Jelema anu mantangul, hirup nyuruntul ngabedul,
    hese dibere pepeling, langlang-lingling lir teu eling.
  • Mangeran kana napsuna, ngagugulung kahayangna,
    aturan kabeh dirumpak, ngaruksak jeung ngagalaksak.
  • Lajeng ku Alloh ditutup, kalbu dibulen dirungkup,
    hatena teh ditulakan, pangreungeuna dicocokan.
  • Batin jadi kurunyinyi, tebih ti hidayah Gusti,
    cilaka estu cilaka, jalma nu kitu lampahna.

5. GANCANG OMEAN (:2/8,9) - rhs, 1 Syawal 1421 H

  • Seueur pisan kajantenan, ngaku-ngaku panceg iman,
    padahal gagaleongan, kaimanan reureundahan.
  • Sering pisan kaalaman, pura-pura ngaku iman,
    ari lampah euwah-euwah, kitu salah kieu salah.
  • Lamun nyieun kasalahan, pek omean gagancangan,
    gancang menta dihampura, ka Alloh Maha Kawasa.
  • Kitu lampah sasab pisan, tetela nipu sorangan,
    tapi tong peunggas harepan, nu salah gancang omean.

6. SIPATNA JELEMA ANU MUNAPEK (:2/10,11) - rhs, 2 Syawal 1421 H

  • Jalma munapek sipatna, mun leukeun nitenanana,
    sok resep nyieun alesan, keur nutupan kasalahan,
  • Kasalahan diteumbleuhkeun, geugeuleuh dika-baturkeun,
    hatena pinuh werejit, kotor jeung pinuh rurujit.
  • Mun hareupeun ngomong hade, tukangeun mah ngalelewe,
    nu kitu tong jadi sobat, sabab mindeng ngahianat.

7. ULAH JALIR JANGJI (:2/12,13) - rhs, 2 Syawal 1421 H

  • Lamun urang gaduh jangji, kade ulah lanca-linci,
    subaya kedah cumponan, sabab eta kahormatan.
  • Jelema nu jalir jangji, eta teh sami saharti,
    reujeung ngaruksak pribadi, henteu ngajenan ka diri.
  • Nu teu pageuh kana jangji, nu kitu munapek pasti,
    hirupna moal jamuga, bakal pinanggih tunggara.

8. NGAJAGA LETAH (:2/14) - rhs, 2 Syawal 1421 H

  • Kade jaga eta letah, sabab mindeng mawa salah,
    seukeutna leuwih ti pedang, raheutna matak gudawang.
  • Loba nu meunang cilaka, lantaran tina ngomongna,
    ngomong teu dipikir heula, tangtu hanjakal ahirna.
  • Ngomong ngabuih ngabudah, mindingan lampah nu salah,
    ngaku-ngaku iman takwa, padahal reka perdaya,
  • Iman ukur kaheureuyan, kawas bunglon lolondokan,
    kitu peta salah pisan, kudu gancang dijauhan.

9. ULAH NGAHEUREUYKEUN AYAT (:2/15,16) - rhs, 2 Syawal 1421 H

  • Mangkade ulah mokaha, ngaheureuykeun pidawuh-Na,
    dipake ocon guguyon, kitu peta estu awon.
  • Jalma ngaheureuykeun ayat, moal pinarinan rahmat,
    jeung moal kenging sapa'at, sabab ngaheureuykeun ayat.
  • Ayat teh dawuhan Gusti, lenyepan mangka kaharti,
    sangkan urang ulah rugi, hirup jadi ngandung harti.
  • Ayat ulah diheureuykeun, kuduna teh dihartikeun,
    sangkan hirup ulah rugi, tur kenging rido Ilahi.

10. PALITA ANU TEU CAHAYAAN (:2/17,18) - rhs, 2 Syawal 1421 H

  • Kuma pibakaleunana, lamun pareng hiji mangsa,
    urang teh nyeungeut palita, tapi teu caang sinarna
  • Kotret deui cekres deui, ngahurungkeun korek api,
    pareum deui pareum deui, poek deui poek deui.
  • Rajeun palitana hurung, tapi kalah tambah bingung,
    sabab cahayana musna, poek mongkleng buta rata.
  • Kitu minangka misilna, nu munapek ibaratna,
    lolong lahir jeung batinna, sasab dunya aheratna.