Misi Seni Ka Luar Negri, Antara Potensi Jeung PromosiKu: Nano S.

7 Jan 2003 - 12:20 am

Taun genep puluhan mun aya misi seni kasenian Sunda ka luar negri, biasana sok diwakilan ku seni tari, pangpana tarian karya ti Tjetje Somantri. Nu jadi panangkesna ti Jawatan Kabudayaan, salaku lembaga pamarentah nu gede wibawana ka balarea, pangpangna keur para seniman. Para penari anu dipilih keur jadi anggota misi kesenian, tangtu wae lolobana para penari anu sok latihan ti Jawatan Kabudayaan, kitu deui para pangrawitna (nayaga). Kusabab eta misi kesenian teh digabung jeung kesenian daerah sejen, anggotana biasana tara pati loba, komo pangrawitna mah dipilih nu pokona bae. Upamana juru kendang, rebab, jeung sabaraha urang tambahanana. Kakuranganana sok dibantuan ku seniman Jawa, anu biasana leuwih kumplit anggotana. Ngaran misi kesenian sok disebut misi kesenian kepresidenan, sebab ieu kagiatan teh mangrupa wakil nagara Indonesia, dina ngarakutkeun hubungan jeung nagara luar, kaasup upaya mintonkeun kabinangkitan kasenian di Indonesia anu Bhineka Tunggal Ika. Salian keur kagiatan misi seni ka luar negri, ti Jawa Barat oge remeh ngeusian acara di istana negara keur ngahibur para tamu ti luar negri. Para penari anu sok mindeng di istana negara, biasana sok meunang landihan penari istana.

Ku sabab wawakil ti Jawa Barat anu biasa dipenta teh tarian anu biasa dipintonkeun di istana negara, sacara teu langsung kasenian tari anu sejenna teu pati loba dipiwanoh ku seler bangsa boh di Indonesia atawa luar negri. Anu cilaka mah dina karawitanana (gamelan),kusabab rata-rata tara kumplit jeung biasa dibantuan ku urang Jawa, nimbulkeun kesan yen gamelan Sunda jeung gamelan Jawa teh sarua bae. Bisa jadi ari gamelanana mah teu masalah make gamelan Jawa oge, tapi apan ari tehnis nabeuh jeung laguna mah beda pisan. Hiji waktu kuring kungsi nanyakeun ka Mentri Pendidikan nu harita dicangking ku pak Priyono (1965), naon sababna ari pangrawit ti Sunda anggotana sok saeutik bae. Jawabna teh salian personal anu terbatas, pangrawitna Sunda mah cenah tara bisaeun nabeuh gamelan Jawa. Harita ku kuring dijawab deui, yen umpama di ajar mah pangrawit Sunda ge bakal bisa nabeuh gamelan Jawa, komo deui da sasat waktu sakola di Kokar Bandung, kuring oge diajar gamelan Jawa. (Taun 1986 dina acara Expo di Vancouver Kanada, pangrawit ti Sunda ngan duaan, ti Jawa aya welasna. Kuring mantuan nabeuh gamelan Jawa keur mirig tarian Jawa,teu hese teu sing!)

Taun 1978 bidang kesenian Jawa Barat, meunang kapercayaan pikeun ngirimkeun misi kasenian Sunda, dina raraga Festival Asia ka III di Hongkong. Materi seni nu rek dipagelarkeun gembleng kabehanana kasenian Sunda, henteu dicampur jeung kasenian daerah sejenna. Sanajan materi seni nu di pintonkeun lolobana tari, tapi aya sabaraha hal anu beda. Kahiji ayana upaya ti bidang kasenian Jawa Barat pikeun milih anggota seniman pendukungna lain ti Bandung wungkul. Nu harita kuring inget, aya wawakil ti Karawang, Sukabumi, jeung ti Majalengka. Materina salian ti tari karya Tjetje Somantri, aya oge Ketuk Tilu, Jaipongan, jeung Tayub. Samemehna, dina taun 1976 Sunda di percaya pikeun milu kagiatan seminar jeung pentas dina raraga Asian Traditional Performing Arts di Tokyo Jepang, anu di pimpin ku Lim Junaedi. Anu dipintonkeun harita kasenian tembang kawih, pantun jeung celempungan. Dina kasempatan ieu karasa pisan yen informasi ngeunaan kasenian Sunda kacida pisan kurangna, sabab anu harita milu leuwih loba nyaho ngeunaan Jawa jeung Bali bae. Maranehna loba nyangka yen kasenian ti Jawa Barat teh sarua bae jeung kasenian ti Jawa Tengah,da sarua pada-pada Jawa ngaranna.

Sanajan ti samemehna sok aya kasenian Sunda nu ngalanglang ka luar negri, tapi kakara ahir taun tujuh puluhan, mimiti aya rombongan anu sacara husus midangkeun kasenian Sunda sacara gembleng, teu kacampuran ku kasenian daerah sejen nu aya di Indonesia. Tapi upama tea aya kasenian nu bareng jeung daerah, biasana kasenian ti urang mah anggotana sok saeutik bae. Ku ayana pintonan husus ti urang, kasenian Sunda mimiti tingkuniang ditembongkeun, tur karasa aya pangaruhna ka dunya luar, yen kasenian Sunda teh loba corak ragamna. Di Amerika ieu informasi loba di tepikeun ku Pa Lim Junaedi, Pa Enoch Atmadibrata, Iwan Natapraja jeung Endo, nu kabeneran kungsi tolabul ilmu atawa ngajar, pangpangna di daerah California. Di Jepang kuring sorangan satekah polah nerangkeun ngeunaan kahirupan kasenian sunda, da kabeneran dina awal taun dalapan puluhan kungsi meunang Grant ti The Japan Foundation pikeun ngayakeun babanding antara tangga nada Sunda jeung Jepang, salila sataun di Tokyo Geijutsu Daigaku. Dina kasempatan sejen, tembang sunda manggung ka luar, pangpangna ka nagara Eropa, di antarana di Belanda jeung Perancis. Sigana bae pangaruh tina eta informasi, ngahudang seler bangsa luar nagri pikeun datang neang atawa diajar kasenian Sunda, lain bae diajar tari wungkul, tapi oge karawitanana, pangpangna gamelan jeung kacapi.

Ayeuna mun aya order manggung ka luar negri, anu baheula mah kudu ngaliwatan lembaga resmi pamarentah, pihak nu ngondang sok langsung bae menta ka grup nu di tuju. Kiwari di Bandung loba grup seni nu geus meunang kapercayaan magelaran di luar negri, kitu deui lembaga seni di paguron luhur saperti IKIP (UPI) jeung UNPAD, sabaraha kali meunang ondangan mentas di luar negri, kalawan jumlah rombongan nu loba.

Dina taun 1988 kuring meunang kapercayaan ti Min On (Minyo ku Onggaku) di Jepang, dina raraga napak tilas jalan laut (marine road). Jumlah personal harita, aya 22 urangna, diwangun ku ampir salapan grup nu aya di Bandung. Materina rupa-rupa, ti mimiti tembang sunda, penca, tari kelasik, tari jaipong, degung, gotong singa, jrrd. Alhamdulilah ieu misi teh kacida pisan suksesna, jeung meunang perhatian anu kacida alusna ti para panonton. Lilana pagelaran dua jam (digabung jeung sabara materi ti Jepang), kalawan dianteur ku pembawa acara anu kalintang masagina ngeunaan kasenian Asia, nyaeta Prof.Misumi.

Bahan-bahan ngeunaan kasenian Sunda ku Prof. Masumi diolah, dibandingkeun jeung ditepikeun kalawan gemet pisan, nepi ka nu lalajo teh lain bae boga apresiasi tina pintonan kasenianana, tapi oge tina penjelasan pembawa acarana.

Taun 1990 ti Sunda ngirimkeun grup kasenian dina raraga KIAS (festival kabudayaan Indonesia Amerika Serikat). Dina acara pembukaan di Washington masing-masing daerah di Indonesia mintonkeun sabagian materi senina, disusun jadi hiji pagelaran anu sinambung. Ti Sunda harita mintonkeun kliningan lagu tonggeret ke pesinden Ijah Hadijah, jeung rampak kendang anu pamaen gamelanana dideudeul ku para penari wanita nu malencrang. Biasa, sabada pagelaran loba panonton nu ngahaja nanyakeun jeung nembonkeun rasa simpatina sabab kakara nyaho di Indonesia aya daerah nu di sebut Sunda.

Ku ayana era globalisasi teh, salian timbul rasa honcewang ku gedena pangaruh luar ka urang, tapi teu saeutik oge kauntunganana keur kasenian Sunda, sabab anu baheula teu pati di piwanoh, ayeuna geus mimiti narembongan ka seler bangsa sejen. Meh unggal taun ayeuna mah sok aya misi kasenian ka luar negri, naha anu di kokolakeun ku pamarentah pusat/pemda, atawa lingkungan swasta, atawa ka seniman sacara langsung meunang order ti luar.
Salian ti eta, ayeuna geus karasa lobana pamenta ti pihak luar, lain bae keur mentas tapi menta tanaga pengajar kasenian, boh tari atawa karawitan. Nu ngagumbirakeun waktu lumangsung Konfrensi Internasional Budaya Sunda (KIBS) bulan Agustus taun tukang, parapamilon dina widang seni pertunjukan singhoreng leuwih loba di banding seni sejenna. Waktu presentasi makalah, tina ampir 13 makalah seni pertunjukan nu dipidangkeun, satengahna ti luar negri. Muga-muga we upaya ningkatkeun ajen jeung promosi seni Sunda boh di jero atawa luar negri, leuwih di gedurkeun deui, sabab potensi seni di urang kacida lobana jeung narikna.

Conto nu basajan, ti mimiti kacapi suling anu ngan mikabutuh sababaraha urang anggota, nepi ka personal nu loba, di urang nyampak. Cohagna mah, order gede atawa leutik, di urang geus nyampak materi se-nina. Masalahna, geus tepi ka mana eta potensi jeung promosi ditingkatkeun deui dijaman reformasi jeung otonomi daerah! Diantos,Nun!



Sumber: Majalah Sunda "Mangle" - Edisi No.1887 / Nopember 2002.