- Kampung Kuta Pantrang Nanggap Wayang
9 Jan 2003 - 10:19 pm
Dina raraga nyoreang alam katukang, mulangkeun panineungan kaayaan dayeuh Bandung antawis taun 1950-an dugi ka taun '60-an nu tangtos kaayaan harita kalintang tebih pisan bentenna sareng Bandung ayeuna. Dina seratan ieu dicobi dipedar seratan saderek Us Tiarsa R nu sadidintenna mancen tugas salaku redaksi "Pikiran Rakyat Grup" hususna di mingguan "Galura" Bandung nu urang moal bireuk deui, dicutat tina buku "Basa Bandung Halimunan" nu diterbitkeun ku Penerbit Yayasan Galura.
Sapertos eusi sambutan Walikota Bandung dina raraga dipedalkeuna ieu buku, eusina mugi-mugi tiasa nuwuhkeun rasa kadeudeuh, kameumeut, kanyaah, kacinta sareng kareueus ka Kota Bandung supados urang tiasa sasarengan ngaheuyeuk dayeuh ngawangun kota kanggo ngahontal kahirupan genah, merenah, tumaninah, anu antukna bakal jadi dayeuh anu gemah ripah wibawa mukti tinemu kabagjaan lahir batin dunya aherat. Amin.
JARAMBAH, MAPAY-MAPAY CIKAPUNDUNG
Torpedo baheula mah disebutna teh. Ayeuna mah Pasar Kembang Wastukancana, sisi Cikapundung. Tiiseun pisan lebah dinya teh. Komo rada ka tonggohna mah, ka Jl. Tamansari, make sok rada muringkak bulu punduk ngaliwat ka lebah dinya teh. Atuda aya kerkop (Kuburan Walanda) sisi jalan pisan. (Red. ayeuna mah jadi Kampus Unisba)
Ti sasak Torpedo tepi ka lebakeun kerkop, sok rea nu marandi di Cikapundung teh. Caina herang pisan. Lolobana kolot nu marandi di lebah dinya mah, kawantu rea leuwi nu jarero. Barudak mah sok ngaradon ulin caina teh di beh hilirna,dina babantar Nangkasuni. Keur orot mah, ukur nengahan bitis caina oge. Batu nu ngampar dina dadasar cai, tarembong.
Ti Nangkasuni tepi ka lebakeun Pabrik Kina mah tara kagiridig. Atuda kenca katuhuna dibenteng. Luhur pisan bari taya tetecean, malah make kawat cucuk sagala, ambeh euweuh nu turun. Cenah, matak bahla, lebah dinya mah Cikapundung teh kacida jerona. Ari ceuk urang dinyana mah, rea kuluwung pamiceunan cai ti jero pabrik. Meureun bisi aya nu boga niat jahat, asup ka pabrik ngaliwatan kuluwung nu galede. Teuing bener henteuna mah.
Cikapundung teh kiduleun sasak Pajajaran mah nyagak. Nu gedena mengkol ngetan, nu rada leutik - irigasi-lempeng ngidul. Tepung deui lebah sasak Kebonseureuh (ayeuna mah Kebonsirih). Susukan nu leutik teh ngamuara deui ka indungna, nyurug. Harita mah rarasaan teh, asa gede jeung luhur pisan curug Kebonseureuh teh. Ku barudak mah disebutna ge Curug Niagara. Kawentar ka sakuliah Bandung, tempat panonoban awewe bangor.
Ari Bong, ayana teh di lengkob, antara Cicendo jeung Babakan Ciamis. Di dinya teh aya pintu air nu ngatur cai ti Cikapundung Gede ka irigasi. Boh Cikapundung Gede boh di Cikapundung Leutik sok diparake ngojay, pangpangna ku barudak. Lain urang Cicendo jeung Babakan Ciamis wae nu ngadon marandi di dinya teh. Barudak ti Kebon Kawung jeung Telukbuyung oge ngarojayna teh sok di Bong. Barudak teh saruka bungah, pabisa-bisa ngojay, palila-lila teuleum, atawa icikibung.
Hanjakalna teh, sakapeung caina sok kiruh. Pabrik Kina sok miceun hampas kina ka Cikapundung, mangkaning sok tepi ka dua atawa tilu gorobag lori, sakali miceunna teh. Iwal ti caina kiruh teh, sok marerang deuih kana awak. Tapi da tara saban waktu.
Kolot mah sok nyarek mun anakna mandi di Bong teh. Sok kabejakeun rea korban nu palid, da sok aya caah dengdeng, mun hujan badag di tonggoh. Biasana nu palid teh kapanggih geus jadi layon di curug Kebon Seureuh. Aya oge nu mumbul lebah dinya. Kapanggih-kapanggih nyangsang dina pilar sasak Asenik (AC Nick, viaduckt). Langka ari nu bangblas tepi ka hilir pisan mah.
Hilireun Asenik mah deet Cikapundung teh, da ngababantar sapanjang Cibantar mah. Urang Cibantar, lebakeun Braga, nyareuseuh jeung kukumbahna di Cikapundung. Ari mareuntas oge cukup ku ngaraas. Manggih leuwi deui teh di Sumur Bandung, lebah GBO (PLN, ayeuna).
Resep ulin mapay-mapay Cikapundung teh tapi taun 50-an mah. Lega keneh jeung caina herang. Ngan ti harita oge langka nu nguseup, komo ngecrik mah. Laukna mah loba ngan teu pati didalahar teh, laukna sok rada bau minyak tanah. Kawasna ti beh ditu keneh, Cikapundung sok kakeumeuhan ku keukeumeuh pabrik, pangpangna Pabrik Kina. Ayeuna mah komo, Cikapundung nu katelah mapaes Kota Bandung teh, sasat beuki heureut jeung caina oge semu hideung.
SETATSION
Setatsion Bandung teh kaasup tempat pangramena taun 50-an mah. Beurang peuting deuih ramena teh. Atuda harita mah, tutumpakan nu pangdipikameumeutna ku balarea ngan kareta-karetana. Ongkoh deuih, buruan setatsion teh harita mah dipake stamplat beus jeung oplet. Beus nu iang jeung datang teh kawilang loba tepi ka mindeng mudal. Ngaretemna teh tepi ka sisi Jl. Kebonjati. Ka wetanna sok tepi ka pengkolan Belakang Pasar.
Aya eta oge nu boga garasi di dinya. Aya nu di Babakan Setatsion jeung di Suniaraja. Nu di Jl.Suniaraja, totogan Belakang Pasar mah merek beusna teh Olimo. Beda ti nu sejen deuih beusna oge, pegek. Harita mah beus euweuh huluan teh ngan Olimo-olimona, nu matak katelah weh "si pegek". Nu sejen mah beus biasa we aya huluan. Ayeuna mah apan tibalik beus teh meh kabeh euweuh huluan.
Oplet oge kambreg we di setatsion. Ti mimiti oplet leutik Bandung-Cimahi, tepi ka oplet gede nu ka luar kota aya. Boh nu rek tumpak boh nu turun tina kareta, teu hese, kari ka luar ti setatsion, dina lawang geus raeng, calo jeung kenek. Nu daragang weh pabuis. Aya nu nyuhun nyiru pinuh ku asakan. Aya nu ngagandong said bari nyuhun baki dieusi rujak dina cangkedong. Geus puguh nu dagang roko jeung tukang kolontong mah. Disebut tukang kolontong teh pedah daganganana lengkep, aya minyak seungit, kayu putih, balsem, aspirin, sido, malah cocooan budak ge aya. Nu dagang bubuahan mah, neundeun bongsangna teh sok dina sirahna, didudukuykeun. Leungeunna, kenca katuhu ranggem ku buah, jeruk atawa sawo.
Barudak umur lima atawa genep taun ge sok aya nu arulin di stamplat teh. Kitu we, ngadon nyabakan mobil. Silih sumputan, kukuliwedan dina lolongkrang jajaran mobil. Ari balik, saku sok merekis ku cangkang roko jeung karet geulang. Harita mah barudak teh raresepeun ulin nyoo cangkang roko, paloba-loba.
Mimindengna mah ulin teh di jero setatsion. Atuda gampil, ti Kebon Kawung mah kari meuntas terus ka bedeng DKA, norobos kana pager kawat, bras teh ka pipir dipo. Kari ngalengkahan kawat sinyal, geus bisa nincak erel. Barudak sejen mah sok dibuburak ari ulin di jero statsion teh ku pagawe. Urang Kebon Kawung mah tara da loba nu wawuh. Apan lolobana pagawe DKA mah caricingna teh di Kebon Kawung. Minangka pagawe rada handapna maratuhna teh di bedeng DKA. Teu beda ti asrama tentara. Wangunan kawas elos pasar teh dipetak-petak, ngajajar lawangna teh. Nu pangkatna rada luhur nempatan gedong DKA di Jl.H. Iskat atawa nyarewa di Jl.H. Mesri, Gang Rais atawa Gang Lurah.
Resep ulin di setatsion teh, komo ari bulan puasa mah. Ngabuburit teh sok ulukutek di dinya we. Mun teu turun unggah kana bordes, sok ngageleng-gelengkeun paku. Paku lincar teh diteundeun dina erel sina kageleng ku kareta api. Puguh we paku teh jadi maleber. Terus we dilelempeng dipekprekan, dikosreng-kosreng kana batu. Jadi weh pepesoan. Ku kolot ge sok kapake ari pepesoanana diperahan, dialus-alus mah.
Mun teu kitu, sok lalajo nu muterkeun hulu kareta api. Di kuloneun dipo (bengkel kareta), lebakeun pisan sasak gantung (Pasirkaliki), aya pamuteran lokomotip. Nu kudu diputerkeun mah lokomotip gede nu dingaranan si Gombar tea. Mun datang ti wetan rek balik deui ka wetan teh apan kudu malik hulu kareta teh. Dibalikeunana teh nya dina pamuteran tea. Wangunna teh kawas balong, buleud. Make erel tuturut sisina, di tengahna aya erel siga sasak. Lokomotip teh diasupkeun kana sasak tea, ngaliwatan erel. "Sasak"na tea nu disurung ku masinis atawa pagawe dua atawa tiluan teh. Muter tepi ka tungtung erel paragi asup tea. Geuleuyeung weh lokomotip teh maju. Barudak mah sok milu nyurung. Atoheun we pagawe mah, asa dibantuan.
Ka wetan saeutik aya munara paragi nginum kareta. Aya sababaraha hiji munara cai teh, malah aya dua atawa tilu nu sasat nampeu pisan ka peron setatsion. Saenyana mah munara teh pipah cai, make tihang. Tungtungna (di luhur) melengkung, kawas keran, ngan badag. Atoh teh mun aya kareta api nu keur diinuman teh. Sok ngadon riribegan ku cai leleberanana. Asa huhujanan keur hujan gede. Atuda caina tea, ngagelenggeng sagede beuteung budak, herang deuih. ***