- NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 5)Al Baqarah (Surat Kadua) - Ayat 67 d/k 93
1 May 2003 - 2:10 am
41. PERBAWANA DUNYA (:2/67,68,69,70) - rhs, 3 Syawal 1421 H
- Perbawa haliah dunya, mindengna mah sok kacida,
marageuhan bebeneran, asa bener ceuk sorangan. - Dugi ka dawuh Ilahi, dirugal-rigel pribadi,
ngahaja ditarekahan, sangkan teu karurugian. - Nyieun rupaning alesan, ngahaja dipalikiran,
dawuh Alloh diakalan, sangkan jadi kauntungan. - Saperti urang Yahudi, awahing nyaah ku sapi,
api-api nu teu ngarti, kana dawuhan Ilahi. - Nu kitu munapek pasti, saperti urang Yahudi,
bakal dibendon ku Gusti, Alloh mah Maha Tingali.
42. LEUWIH TI CADAS TEUASNA (:2/71,72,73,74) - rhs, 3 Syawal 1421 H- Sadaya nu kajadian, nu nembrak nu dibunian,
sadaya ge kauninga, ku Allah Azza Wa Jalla. - Tapi mungguhing manusa, estuning hese kacida,
teuas lir batu hatena, leuwih ti cadas teuasna. - Mugi bae Anu Agung, Maha Asih sakalangkung,
hate nu teuas lir cadas, sina leyur mangka bangblas. - Tina cadas anu teuas, sing ngocor cai ngagenyas,
Alloh mah da Maha Welas, ka mahlukna mikawelas.
43. ULAH TUTURUTI (:2/75,76,77,78) - rhs, 3 Syawal 1421 H- Kade ulah tuturuti, bari urang tacan ngarti,
percaya ka saha boa, nu ngabuih cacarita. - Ayat pidawuh Pangeran, dirarobah ku sorangan,
bari manehna ge terang, yen laku kitu dilarang. - Matak kudu leukeun pisan, eusi Qur'an pek lenyepan,
ulah rek bodo balilu, ka batur ngan ula-ilu, - Ngan ngareungeu dongeng batur, teu diayak teu diukur,
ngan ukur dikira-kira, nu kitu matak cilaka.
44. ULAH NYARITAKEUN ANU URANG HENTEU TERANG (:2/79,80,81,82) - rhs, 3 Syawal 1421 H- Kungsi aya kajadian, akon-akon mokahaan,
ngarang tulisan sorangan, pajar teh kenging Pangeran. - Nu kitu kaleuleuwihi, ngaleuwihan dawuh Gusti,
tinangtu bakal balai, di narakana abadi. - Tong micatur nu can sidik, lamun urang tacan telik,
tong mastikeun nu can terang, nu kitu nyanyahoanan. - Diri ulah kalimpudan, ku dosa jeung kasalahan,
muga-muga mu'min iman, kenging ridoning Pangeran.
45. ULAH NYEMBAH BERHALA (:2/83) - rhs, 3 Syawal 1421 H- Omat-omat ulah salah, ka Alloh urang sumembah,
ulah nyembah ka berhala, eta dilarang kacida. - Ka sepuh kedah ngahormat, ngajenan hormat tilawat,
sopan santun sareh soleh, ka sasama teh darehdeh. - Nu yatim jeung nu pahatu, kudu ditulung dibantu,
ka jalma anu malarat, kudu heman kudu ha'at. - Nyarita jeung tatakrama, lemes budi hade basa,
hablum minanas teh penting, silaturahmi nu wening.
46. ADATNA JELEMA KAPIR (:2/84,85,86) - rhs, 3 Syawal 1421 H- Ari adat anu kapir, reujeung dulur silih usir,
jeung baraya mumusuhan, ku Pangeran dibenduan. - Komo jeung wani maehan, ka barayana sorangan,
nyieun hukum ceuk sorangan, eta teh dilarang pisan. - Kaasup nyanyahoanan, liwat wates kaleuwihan,
pajar teh geus ngaku iman, tapi ayat dipilihan. - Lamun hirupna geus nista, geus komo di aheratna,
disiksa langgeng kacida, abadi di narakana. - Bodona katotoloyoh, ngayun napsu tambah jojoh,
meuli dunya ku aherat, nu kitu meunang pangla'nat.
47. TAKABUR SIPAT ANU AWON (:2/87,88) - rhs, 4 Syawal 1421 H- Takabur teh sipat awon, ku Alloh bakal dibendon,
nu takabur sarta sombong, biasana gede bohong. - Padahal kabeh kabisa, sanes urang anu boga,
titipan ti Nu Kawasa, urang mah ngan ukur darma, - Upami kabisa urang, ku Mantenna sina ilang,
naon nu dipake sombong, teu pantes urang bedegong.
48. ULAH ARAL SUBAHA (:2/89,90,91) - rhs, 4 Syawal 1421 H- Sering pisan kajadian, lamun gaduh pamaksudan,
seug beda tina ciptaan, tumuwuh kahanjakalan. - Sering pisan kaalaman, kahayang beda buktina,
bororaah rek sukuran, malah mah aral subaha. - Sering pisan kabuktian, harepan jeung kanyataan,
patonggong-tonggong buktina, loba anu ngarasula. - Padahal boa engkena, sagala anu tumiba,
malah alus balukarna, da tangtu aya hikmahna.
49. IMAN KANA AL-QUR'AN (:2/91) - rhs, 4 Syawal 1421 H- Al-Qur'an teh kitabulloh, pidawuh ti Gusti Alloh,
pikeun mahlukna nu iman, iman takwa ka Pangeran. - Tapi lamun dielingan, andika kalah nembalan,
kana Qur'an moal iman, rek mageuhan cecekelan. - Kuma lamun nu baheula, loba kasalahanana,
naha tetep dipiara, atuh nya rugi ngaranna. - Cecekelan nu baheula, dipageuhan nu pohara,
padahal dawuh Pangeran, kudu iman kana Qur'an. - Al-Qur'an kitab pamungkas, ulah hamham ulah waswas,
ngalelempeng nu ti heula, kitabullah nu baheula
50. PANGARUH HARTA BANDA (:2/92,93) - rhs, 4 Syawal 1421 H- Ari pangaruhna harta, estu kacida bahlana,
lamun teu bisa makena, sarta teu nyaho watesna. - Kawas umat Nabi Musa, pangna nyarembah berhala,
sapi emas berhalana, sabab muhit kana dunya. - Kitu oge sabalikna, nu ngagugulukeun dunya,
sami jeung nyembah berhala, harta anu disembahna. - Atuh jadi jalma bodo, linglung ngadak-ngadak poho,
lir ibarat nyembah sato, ku harta banda kaolo,
- Perbawa haliah dunya, mindengna mah sok kacida,