- Dipegat Peneng
14 May 2003 - 1:38 am
Bisa jadi kulantaran pangeusi kota can loba, sasat kaurus pisan kota teh. Kageroh ku pamarentah kota nu pagawena ukur pupuluhan oge. Ongkoh warga kota teh narurut keneh. Sarieuneun mun teu nurut kana peraturan atawa baha kana parentah gegeden teh.
Geura we, tutumpakan, teu waranieun ngarempak palaturan padahal tara sapanjangna aya pulisi. Kareta mesin, beca, delman, geus puguh ari motor jeung mobil mah, apan tara aya nu wani ngulampreng peuting bari teu make lampu. Berko sepedah teh apan paalus-alus, pacaang-caang.
Tukang beca, ti tabuh lima sore keneh geus meresihan jeung ngaminyakan lantera. Digantungkeun dina palang per kolongeun jok. Ti kajauhan oge geus kaciri aya beca najan jalan meredong oge. Lampu delman sadua-dua kenca katuhu. Mani aralus naker lanterana oge.
Malah roda nu ngangkut barang, kayaning awi leunjeuran atawa kai, tara mopoek. Lampu roda mah biasana cempor nu singsimna gede. Seuneuna kakalicesan katebak angin, kembang damarna matak harideung kana baju, malah beungeut tukang rodana oge sok camerong.
Taun 50-an lampu jalan teh acan caang cara ayeuna. Bohlam biasa, paling gede ge kawasna ukur 60 watt. Aya nu make kap lampu tina seng guntang-gantung dina kawat luhureun jalan. Aya oge nu make gagang nu napel dina tihang listrik. Lolobana mah jalan teh meredong we, komo jalan rondaan atawa gang mah. Di Jl. Buahbatu, ka wetanna mah mongkleng we. Kakulonna, sacaang caangna tina lampu teras imah nu ngajajar sisi jalan. Barudak leutik, ari baralik ngaji teh sok tingrariung di tengah jalan. Mun ti kajauhan nyorot lampu mobil, barudak teh sarurak, alajrag-ajragan, arigel-igelan. Kakara buriak ka sisi, mun mobil geus deukeut.
Ti magrib keneh sok aya pulisi, harita mah disebutna teh perintis, nu patroli kana kareta mesin. Dua atawa tiluan, patutur-tutur. Ngurilingan kota. Iwal ti patroli bisi aya jalma jahat, pulisi teh bari nalingakeun tutumpakan nu teu make lampu. Tara pipilih, mun katembong aya kareta mesin atawa tutumpakan sejena, teu make lampu teh sok terus di berik. Ditewak, sina jagjrag ka hopbiro. Tapi jarang pisan nu katewak teh, da narurut tea warga kota teh.
Kabeh tutumpakan harita mah di pajeg. Kareta mesin oge kudu make peneng. Pagawe Kotapraja dibarengan ku pulisi sok ngayakeun razia (mun ayeuna mah). Megat sapedah nu ngaliwat. Dipariksa penengna. Mun waktuna geus kaliwat bari penengna can di ganti, teu meunang heunteu, harita keneh kudu meuli peneng bari di denda. Nu teu mawa duit, surat sapedah teh ditahan, jelemana sina balik heula, nyokot duit. Harita mah kareta mesin oge kudu make surat, cara STNK keur mobil jaman ayeuna. Malah tukang beca oge iwal ti kudu boga surat beca teh kudu boga rebewes deuih.
Tumpak kareta mesin nu can ganti peneng teh sok tara jongjon. Sieun kapegat peneng. Elatna ukur sapoe dua poe oge, angen teh sok ratug, teu weleh luak-lieuk. Mimindengna na mah kapaksa sok mabal we, mapay jalan leutik nu rada suni. Atuda pulisi nu megat teh sok kacida imeutna, tara aya tutumpakan nu ngaliwat.
Saban taun, sok gunta-ganti, rupa peneng teh. Aya beureum, koneng, hejo, atawa bulao latarna teh. Ditapeulkeun dina beuheung kareta mesin, luhureun garpuh, handapeun setang. Barudak sakola mah sok gagayaan, napelkeun peneng teh dina palang atawa dina garpuh. Ngajajar, minangka stiker mun ayeuna mah.
Peneng beca mah rada gede, napelna teh sok di tukangeun panyarandean, gigirieun laci. Aya oge nu di tapelkeun dina tihang sela. Ari peneng delman, wangunna teh lonjong sagede tampah budak. Ditapelkeun di hareup deukeut puhu bom.
Pagawe kotapraja teh harita mah garetol pisan mulut pajeg teh. Nu sok ngider ka saban imah oge aya, mariksa pajeg radio. Imeut pisan, saban nu boga radio sok didatangan. Aya deui nu sok ngontrol ka saban lembur teh nyaeta mantri bangunan. Mun katembongeun aya nu kuriak, kajeun ukur menerkeun kenteng, cek paribasana, tara teu didatangan. Nu boga imah teh sok di tanya kikitir atawa leter ce jeung surat ijin ngadegkeun atawa ngomean imah. Kolot mah nyebut kanu sok ngontrol imah teh, mantri adegan.
(Tina buku: Basa Bandung Halimunan, Basa taun '50-'60-an).