ABAH IWAN (Ir. Iwan Abdulrahman)"Balik ka Leuweung, indit ti Leuweung"

27 Aug 2003 - 2:59 am

Bandung teh hiji kota anu kacida unikna nu mibanda karakter sarta sipat anu mandiri. Dina hirup kumbuhna kota, Bandung geus mere "inspirasi" henteu ngan ukur ka nagara urang wae, tapi oge umumna ka sakuliah dunya. Kacida lobana gerakan kapamudaan lahir, mekar sarta ngawujud di Kota Bandung, sarta jadi "inspirasi" pikeun kota-kota sejenna di Indonesia. Teu kaitung tokoh formal sarta informal nu digedekeun ku kasomeahan kota Bandung. Diantarana sebut wae: ti Ir. Soekarno nepi ka Aa Gym.

Salahsahiji Icon dayeuh Bandung dina widang kapamudaan, di antarana moal lesot tina peran Ir. Iwan Abdulrahman. Sebut wae komunitas Wanadri, Damas, PMB, UNPAD, kasenian (salahsahijina ngaliwatan BIMBO), widang kamiliteran (Instruktur Militer), tokoh "lingkungan hidup" sarta widang-widang sejenna.

Ir. Ridwan Armansyah Abdulrahman (Iwan Abdulrahman), anu langkung katelah ayeuna mah sok disarebat "Abah Iwan", dilahirkeun di Karangnangka, Sumedang, tanggal 3 September 1947. Caroge Hj. Djanuarsih Sariwati, dr, MS, kagungan putra 5 sareng parantos kagungan 1 putu. "Abah Iwan" teh putrana ti Bapa Abdurrahman suargi, manten dosen Fakultas Pertanian Unpad sareng Ibu Nyi Rd. Oyoh Partakusumah. Riwayat atikan "Abah Iwan" anu manten dosen Fakultas Pertanian Unpad di awitan ti SD BPPK, SMPN 2, SMAN 2 di Bandung, lulus ti Fakultas Pertanian Unpad taun 1975. Sawatara pendidikan "tambahan" nu kantos kalakonan, di antawisna di Sakola Para Komando Pusdik Passus Batu Jajar, taun 1967, Pendidikan terjun Bebas-Semplak Bogor, taun '67, Sakola Mud Engineer pikeun "pengeboran minyak lepas pantai", taun '84, Pendidikan/Latihan Basic Counter Terrorism di Manihawk Special OP, Center Georgia, USA, taun '86, Pendidikan/Latihan Long Range Patrol di LR Patrol School Alabama, USA, '86, Studi Tinjau Recruitment Program Royal Marine Commando Course, Inggris, taun '92, sarta Close Combat Quarter Course, Nevada, USA, taun '96. Kagiatan sanesna dugi ka ayeuna di antarana wae: Penasehat Masyarakat Cinta Citarum, Anggota Ketua PPS Satria Muda Indonesia, Anggota Kehormatan KOPASSUS, Anggota KADAMAS, Anggota Parachutist Club Indonesia.

Dina pandangan masarakat, Abah Iwan mangrupa tokoh "multifaset" sarta jadi asset pikeun Kota Bandung. Catetan prestasi atawa "track record" anjeunna di sababaraha komunitas masarakat parantos kauji dina saban mangsa. Kitu oge integritas sarta karakter nu aya dina dirina jadi berkah pikeun kota Bandung. Abah jadi fenomena kota dina jamanna. Dina kaayaan nagara nyanghareupan rupaning pasualan ku alatan ayana pacengkadan kapentingan (ideologi, politik, ekonomi, jste), anjeunna mah langkung teleb nyeukeutan batin ku cara tafakur ngisat salira, kontemplasi. Dirina milarian hikmah sarta substansi tina eta parobahan. Saparantos sababaraha lami, ieu manten dosen Fakultas Pertanian Unpad nu ayeuna aktif dina kagiatan wiraswasta sarta widang pendidikan teh ngaraos kenging panggupay pikeun ngiring ngaropea kahoyong masarakat, jadi "ujung tombak", minangka simbul sarta jadi "martir" pikeun perobihan kota Bandung nu dicita-citakeun ku urang balarea.

Dina obrolan sareng SundaNet.Com mah, diawitan ku rasa nu guligah, nonoman nu salirana keker tur cangker ieu teh sering angkat ka pileuweungan di antawisna pikeun nengrtremkeun manah, bari nuwuhkeun buleudna patekdan geusan bajoang geusan kamaslahatan bangsa. Atma jiwa Abah Iwan diteupa di leuweung-leuweung geledegan. Anu mawi aya cecepengan anjeunna anu kacida tandesana, hiji konsep anu kacida mundelna. konsep ieu teh nya "Balik ka Leuweung, Indit ti Leuweung".
"Upama urang hayang hirup dina jalan kamulyaan, di antarana nya di leuweung pisan ayana sumber kamulyaan ieu teh," saurna daria. Numutkeun Abah, upama urang aya di leuweung, saleresna saeusi eta leuweung sadayana keur "maraca tasbeh", dzikir, wiridan. Ku kituna urang oge bakal lebet kana hiji suasana sakral, anu sakujur sel-sel nu aya dina dina diri urang oge bakal nagalafadzkeun kaagunga asma Allah. Ku alatan eta, hartina leuweung teh ku urang kudu bener-bener dipiara. Leuweung nurutkeun Abah jadi sumber cai pikeun kahirupan balarea, oge dipiharep Bandung kudu jadi benteng dina miara cai.

"Saupamana urang tos aya di leuweung, teu tiasa urang hantem cicing di eta patempatan, margi, salaku mahluk sosial urang kedah bersosialisasi sareng masarakat," saurna. Nya di tempat ieu pisan, Abah Iwan ngarang sababaraha lagu nu ampir sabagian gede dipiwanoh ngaliwatan Grup BIMBO. Lagu-laguna sajalan jeung sikap hirupna nu wajar teu karaos ayana kesan direncanakeun. Ti nalika murangkalih keneh Abah Iwan resep kana dunya pileuweungan teh, oge aktip dina widang organisasi Pandu (ayeuna mah pramuka). Ku kituna henteu aneh saupamana Abah henteu ngan saukur dipiwanoh salaku "penggubah" lagu wae, tapi oge "penjelajah leuweung sarta gunung", puluhan kali "terjun payung", malah ahli maenpo anu dipisepuh di paguron Silat Bandar Karima. Dina taun 1971, Abah Iwan ngawangun hiji beungkeutan GPL (Grup Pecinta Lagu), kumpulan ti opat puluh-an nonoman anu daredeg-sembada midangkeun lagu-lagu nu ngagedur ku sumanget. GPL kaasup kelompok musik anu mibanda warna sarta karakter anu mandiri.
Ku pokalna Abah Iwan, wanda unsur lagu-lagu balada ngaliwatan sora gitar. Nya Abah Iwan pisan nu ngagedurkeun para nonoman pikeun mikagandrung musik-musik rayat.

Kiwari, pikeun sababaraha kalangan Abah Iwan dianggap sukses dina rupi-rupi widang kahirupan. Tapi nu jelas mah, anu henteu teu robah dina dirina teh nyaeta sipatna nu tetep wajar, basajan bari handap asor, tapi tetep teguh pengkuh dina tangtungan bebeneran. (BB, AR)