NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 6)Al Baqarah (Surat Kadua) - ayat 94 d/k 114

17 Feb 2004 - 2:20 am

51. WAKTU KEDAH DIANGGO IBADAH (:2/94,95,96) - rhs, 4 Syawal 1421 H


  • Seueur pisan nu nga'dua, hayang paranjang umurna,
    Padahal mun henteu taqwa, panjang umur teh teu guna.
  • Panjang umur sadi siksa, lamun seug salah ngeusina,
    Panjang umur teu mangpa'at, lamun henteu daek solat.
  • Panjang umur bari iman, eta kurnia pangeran,
    Waktu dipake ibadah, umurna ge pinuh berekah.
  • Panjang umur eta bagja, lamun dibarengan takwa,
    Hirup teh gede gunana, lamun seug bisa ngaturna.

52. AL-QUR'AN (:2/97,98,99,100,101) - rhs, 4 Syawal 1421 H

  • AL-Qur'an pidawuh Alloh, nu ngancik di Rosululloh,
    dititiskeun malaikat, Jibril mancegkeun amanat.
  • Al-Qur'an eta bewara, sangkan manusa gumbira,
    ayat-ayat eces tembres, tuduh hirup beres roes.
  • Tapi sawarehna jalma, kana Qur'an teu percaya,
    api lain tur cangcaya, nu kitu jalma cilaka.

53. ULAH NGULIK ELMU SIHIR (:2/102,103) - rhs, 4 Syawal 1421 H

  • Dina jaman ahir-ahir, loba nu ngarulik sihir,
    elmu teluh elmu tenung, dijugjug najan ka gunung.
  • Jaman Nabi Sulaeman, aya malekat duaan,
    ngajarkeun tenung jeung sihir, Harut Marut ahli sihir.
  • Ngulik sihir rugi pisan, nimbulkeun kamudorotan,
    dirina teh ditukeuran, kana harga hina pisan.
  • Elmu sihir teh ujian, pikeun nguji kaimanan,
    naha pageuh iman takwa, ka Alloh Nu Maha Esa.
  • Loba jalma nu teu kuat, ku elmu sihir kabengbat,
    cilaka dunya aherat, ku Alloh bakal dila'nat.

54. KUDU HADE BASA (:2/104,105) - rhs, 4 Syawal 1421 H

  • Kudu bisa hade basa, nerapkeun dina pernahna,
    sabab lamun salah basa, balukarna teh pohara.
  • Basa teh gambaran rasa, rasa teh rasa manusa,
    manusa teu bisa basa, sok mindeng manggih cilaka.
  • Jalma mah hade ku omong, goreng oge tina omong,
    mun ngomong ulah sabongbrong, ulah sombong gede bohong.

55. MANUSA MAH KAWATESANAN (:2/106,107,108) - rhs, 4 Syawal 1421 H

  • Saeusining jagat raya, anu nyumput anu nyata,
    di dunya di aheratna, sadaya ciptaana-Na.
  • Nyipta teu langkung Mantenna, ngamansuh kuma Mantenna,
    ngawujudkeun sakersaNa, ngilangkeun ge sakersaNa.
  • Akal jalma kawatesan, nya kitu oge pikiran,
    heureut paningalna jalma, kawatesan kanyahona.
  • Mungguh Iradah Pangeran, jembarna teh tan wangenan,
    nu kanggungan karajaan, sagebarna bumi alam.

56. ULAH KAOLO (:2/109) - rhs, 4 Syawal 1421 H

  • Kade andika kabandang, tina Islam jadi nyimpang,
    diolo dibibitaan, sangkan pecat kaimanan.
  • Lamun adika kaolo, atuh geus tetela bodo,
    nu matak sing ati-ati, ngajaga diri pribadi.
  • Lamun urang lemah iman, gampang kaolo kagendam,
    Leeh ku dibibitaan, padahal geus iman Islam,
  • Lamun kairut ku batur, iman Islam jadi luntur,
    atuh hirup teh ngalantur, kaburu asup ka kubur.

57. PAGEUH JANGJI (:2/110) - rhs, 4 Syawal 1421 H

  • Kapan geus janggji na ati, geus paheut pageuh pasini,
    seja bakti ka Ilahi, ka Alloh Nu Maha Suci,
  • Geus niat rek solat husu, ka Alloh sujud mituhu,
    kade ulah lanca-lanci, ngalanggar jangji pasini.
  • Solat fardu eta kudu, solat sunah teh ibadah,
    reujeung ulah poho jakat, eta teh gawe maslahat.
  • Sagala gawe pribadi, rek nu nembrak rek nu buni,
    hasilna ge keur pribadi, tur ku Alloh katingali.

58. ULAH TAKABUR (:2/111,112) - rhs, 4 Syawal 1421 H

  • Kaasup jalma nu riya, ujub takabur kacida,
    wani nyebutkeun dirina, nu bakal asup sawarga.
  • Sabab anu ka sawarga, ngan jalma nu iman takwa,
    migawe amal ibadah, ka Gusti Alloh sumerah,
  • Panceg iman henteu hamham, pengkuh pageuh iman Islam,
    ari perkawis sawarga, eta teu langkung Mantenna.

59. ULAH ASA PANGBENERNA (:2/113) - rhs, 4 Syawal 1421 H

  • Ku urang oge kasaksi, Yahudi sareng Nasrani,
    pareheng parebut catur, bener aing henteu batur,
  • Silih unggulkeun kitabna, silih hina agamana,
    pada reueus ku dirina, asa anu panghebatna.
  • Padahal mung Nu Kawasa, Hakim Nu Maha Uninga,
    nu bakal mutus perkara, nu dijieun parasea.
  • Mending oge runtut akur, akur jeung batur salembur,
    tibatan ibur jeung guyur, matak pecoh reujeung dulur.

60. ALESAN JIJIEUNAN (:2/114) - rhs, 4 Syawal 1421 H

  • Boa tereh ahir jaman, pedah jaman pangwangunan,
    loba nu nyieun alesan, alesan kamalinaan.
  • Aya masjid dibongkaran, pedah cenah ngahalangan,
    henteu luyu jeung rancangan, pasalia jeung aturan.
  • Sanggeus masjid jadi rata, ngawangunna leuwih lila,
    mulan-malen karek nyata, teu merenah kitu peta.
  • Hatena mah gegebegan, teu kendat ngan rerenjagan,
    terus nyarieun alesan, nutupan kateutengreman.