NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 7)Al Baqarah (Surat Kadua) - ayat 115 d/k 126

23 Feb 2004 - 7:50 am

61. NURUL HIKMAH (:2/115) - rhs, 4 Syawal 1421 H


  • Sapanjang nyanghareup ngulon, ngetan deui ngetan deui,
    sapanjang nyanghareup ngidul, ngaler deui ngaler deui,
  • Madhab opat sagemblengna, jagat raya sagebarna,
    kagungan Alloh Ta'ala, kalimpudan iradah-Na.
  • Rahmat kurnia Mantenna, ngalingkupan jagat raya,
    jembar teu aya watesna, Alloh Nu Maha Uninga.
  • Sabudeurna puter jagat, estu kalampud kalampat,
    kacebor ku rahmat ni'mat, ti Alloh Nu Maha Ha'at.

62. BASA GEUS BEAKEUN KECAP (:2/116,117) - rhs, 4 Syawal 1421 H

  • Basa beakeun kecapna, kecap beakeun hartina,
    harti beakeun rasana, rasa beakeun imanna.
  • Keur narjamahkeun imanna, bari geus suda rasana,
    rasa geus taya hartina, harti kecapna geus musna.
  • Ahirna asal nyarita, ku basa nu teu biasa,
    ngukur Dzat Maha Kawasa, ku basa keur ka manusa.
  • Dzat Nu Agung mah teu ruhun, cekap dawuh
    Kun Faya Kun,
    sadaya estu kasuhun, teu langkung dawuh Nu Agung.

63. JELEMA ANU ADIGUNG (:2/118) - rhs, 4 Syawal 1421 H

  • Sakapeung aya nu mikir, cenah pamikir mutahir,
    ngomongna nyanyahoan, nganaha-naha Pangeran,
  • Naha teu lungsur muji'zat, sapa'at sareng karomat,
    naha teu ngadawuh langsung, jalma kitu teh adigung.
  • Baheula oge geus aya, ngomongna kitu sarua,
    nu kitu sombong kacida, asa heueuh pangpinterna.
  • Mikir kitu eta musrik, keur kapir teh tambah syirik,
    marukan lempeng mikirna, padahal eces sasabna.

64. NURUL HIKMAH (:2/119) - rhs, 4 Syawal 1421 H

  • Muhammad putra Abdulloh, eces jelas Rosululloh,
    ari wawakil sanesna, eta teh pan urang tea.
  • Jadi urang sadayana, wajib ngawawarkeun warta,
    warta gumbira utama, pikeun ka umat manusa.
  • Pancen urang sadayana, ngajak eling ka sasama,
    ngeunaan ahli naraka, napsi-napsi pada-pada.

65. ULAH KABENGBAT (:2/120) - rhs, 4 Syawal 1421 H

  • Omat kudu taki-taki, ulah rek kabengbat ati,
    ku nu ngajak pindah iman, ku rupa-rupa alesan.
  • Urang sing boga kawani, pikeun nolak panceg ati,
    ka nu ngarolo ngajakan, ngajak-ngajak pindah iman.
  • Pek kedalkeun pangka panceg, iman ka Alloh geus panteg,
    kaimanan mangka panceg, ulah waswas rundag-randeg.
  • Nu pundah-pinah ageman, komo mun geus ngagem Islam,
    eta tanda ipis iman, Alloh moal nangtayungan.

66. NGADERES AL-QUR'AN (:2/121,122) - rhs, 4 Syawal 1421 H

  • Ti wengi nu sepi jempling, aya gerendeng nu wening,
    horeng nuju ngaos Qur'an, dideresna lalaunan.
  • Waktu ngagayuh ka subuh, ngaderes Qur'an teu rusuh,
    sorana halimpu pisan, ayat suci dlenyepan.
  • Nalika bade manceran, aya anu ngaos Qur'an,
    ngagerendeng lalaunan, Al-Qur'an ditapakuran.
  • Dur lohor gerendeng deui, nu maos Al-Qur'an suci,
    dawuhan Ilahi Robbi, teu kalangkung ungal wanci.
  • Surya condong ka beh kulon, nu ngaos sorana halon,
    asar ahir tereh lingsir, ngaos Qur'an tengtrem pikir.
  • Magrib nu ngalingkup cunduk, anu ngaos brek sumujud,
    kedal lisan maos Qur'an, ka Gusti Alloh unjukkan.
  • Rongheap geus mangsa Isa, ngaderes sabisa-bisa,
    ngaos Qur'an husu pisan, pidawuhNa dilenyepan.
  • Kiamullail brek sumujud, sumegruk bari tahajud,
    ka Alloh sumerah diri, mugia tobat ditampi.

67. ULAH SARAKAH (:2/123) - rhs, 4 Syawal 1421 H

  • Kenging hirup hese cape, dug tinetek unggal poe,
    kukumpul dunya barana, harta banda salobana.
  • Dipilampah kabeh cara, dapon laksana maksudna,
    sarakah taya eureunna, asa rek lana di dunya.
  • Tambah mabok ku jabatan, ngeukeuweuk kakawasaan,
    hayang jadi pangunggulna, marukan lana di dunya.
  • Leuheung mun inget ahirna, mieling ka aheratna,
    yen ditimbang sagalana, boh dosa boh pahalana.

68. NABI IBRAHIM IMAM SADUNYA (:2/124) - rhs, 4 Syawal 1421 H

  • Nyonto ka Nabi Ibrahim, mantenna muslim nu mu'min,
    sadaya parentah Gusti, ditumutkeun panceg ati.
  • Sadaya parentah Alloh, ditumutkeun insya-Alloh,
    teu aya anu dipungpang, henteu hamham teu hariwang.
  • Cocobi ti Maha Suci, ditampi ku sabar ati,
    sadaya rupi ujian, ku Ibrahim dipayunan,
  • Nu mawi ku Gusti Alloh, Ibrahim teh Rosulloh,
    kalintang dipiasih-Na, janten imamna manusa.
  • Muga urang sadayana, nyonto ka Ibrahim mulya,
    dina mayunan cocoba, tetep sadrah panceg takwa.

69. BAITULLOH (:2/125) - rhs, 4 Syawal 1421 H

  • Tempat suci Baitullloh, pikeun sumujud ka Alloh,
    Ka'bah Mekah Mukarommah, puseur anu aribadah,
  • Titilar Nabi Ibrahim, nabi kongas mu'min muslim,
    dianggo keur tempat solat, ka Alloh sumembah to'at.
  • Baheula di lebet Ka'bah, seueur berhala disembah,
    Ibrahim sareng Ismail, ngabasmi arca nu batil.
  • Baitulloh pikeun towaf, atanapi keur itikaf,
    Baitullloh kedah Suci, tempat madep ka Ilahi,
  • Baitulloh dina dada, sami kedah dijaraga,
    Qolbu keur itikaf ruhi, kedah dipiara suci.

70. KUDU NGADU'A (:2/126) - rhs, 4 Syawal 1421 H

  • Mangkahade ulah hilap, upami nuju iti'kaf,
    atawa nuju ngadu'a, ulah pegat nya neneda,
  • Kahade ulah rek hilap, ngadu'a teh henteu cekap,
    ukur keur sasoranganeun, bangsa oge pek dungakeun.
  • Dicontokeun ku Ibrahim, mundut ka Robbul Alamin,
    Mekah sareng pangeusina, ma'mur mu'min padumukna.