- RAWAYAN JATI SARENG SAD KAMANUSAAN, SUMBER AJEN INAJEN AKHLAK KASUNDAANKonsep Akhlak Sunda anu Islami pikeun Atikan di Institusi Formal, in-Formal, non-Formal
30 Mar 2004 - 2:10 pm
PURWA WACANA
Luyu sareng udagan nu bade dihontal ku ieu "diskusi" nu diayakeun ku Balai Kajian Sejarah dan Nilai Tradisional Bandung, nyaeta "Sebuah Upaya Pewarisan Budi Pekerti kepada Siswa Sekolah" nu diluuhan ku para pangatik widang studi agama, hususna Agama Islam; sim kuring ngararancang bahan haturkeuneun dina ieu riungan teh diwangun ku sawatara lelengkahan/sistematika:- Rawayan Jati - konsep "Cecekelan Hirup Kasundaan" anu Islami.
- Sad Kamanusaan - (6 Akhlak Kamanusaan).
- Metode Ngaanalisis Ajen-inajen anu Aya dina Seni Budaya Sunda.
- Tarekah Ilmiah kanggo Ngamangpa'atkeun Ajen-inajen nu Dikandung dina Seni Budaya Sunda.
- Ajen Inajen Sad Kamanusaan anu Dikandung dina Seni Budaya Sunda.
- Kacindekan.
Tujuan tina ieu pajemuhan teh pikeun milari tarekah geusan ngabekelan siswa ku ahlak, budi pekerti, katut tatakrama kamanusaan Islami anu dikandung dina seni-budaya Sunda. Ku sim kuring dihaturkeun cara-cara ngaanilisna dina Bab III sareng bab V.
I. Rawayan Jati, Konsep "Cecekelan Hirup Kasundaan" anu Islami.
Anu enas-enasna mah nyaeta kasadaran yen sakumna mahluk teh keur lumampah dina "rotasi akbar" Inalilahi wa inna Ilaihi Rojiuun" (Aos buku Kasundaan-Rawayan Jati. Hidayat Suryalaga. Wahana Raksa Sunda 2003)
II. SAD (6) KAMANUSAAN.
Akhlak sering disebat oge moral, budi-pekerti, tatakrama, sopan santun, etika, etiket, adab, sanaos aya gesehna sautak-saeutik. Kanggo ngagampilkeun "transformasi niley" sacara "eklitik" ku sim kuring dipasing-pasing jadi 6 (Sad) Kamanusaan, margi mung manusa anu ngagaduhan kasadaran akhlakiah mah, nyaeta:- AMT = Ahlak Manusa ka Tuhan (Alloh), dicirian ku kualitas IMTAQ.
- AMP = Ahlak Manusa ka Pribadi, dicirian ku kualitas SDM.
- AMM = Ahlak manusa ka Papada Manusa, dicirian ku kamampuhna pikeun Habluminanas anu multi-religi, multi-etnis, multi-kultur.
- AMA = Ahlak Manusa ka Alam, dicirian ku kasadaran jadi Rahmatan Lil Alamin, boh alam sagir boh alam kabir. Hablumminal Alam. Ayana kasadaran Ekologi sareng Geo-politik.
- AMW = Ahlak Manusa kana Waktu. Dicirian ku ayana kasadaran kana "waktu Linear" sareng "waktu Cyclis". Ieu teh enas-enasna surat Al-Ashr.
- AMLB = Ahlak Manusa dina nyumponan kaperluan Lahir Batin. dicirian ku hirupna mibanda etika, henteu sarakah, mampuh ngadalian napsu lahir-batinna.
Eusi atanapi ajen-inajen Seni Budaya anu ku urang kedah diterapkeun ka siswa teh nyaeta anu mibanda Sad Kamanusaan. "Peristiwa/kajadian seni-budaya" nu karandapan ku unggal guru tangtos moal sami, bakal benten. Unggal daerah pada kagungan seni budayana masing-masing, ku kituna para guru kedah tiasa "ngaanilis" ku anjeun.
III. METODE NGAANALISIS AJEN-INAJEN ANU AYA DINA SENI BUDAYA SUNDA.
"Kriteria Sad Kamanusaan" di luhur eta teh jadi patokan/kriteria nalika urang ngaanilis kandungan ajen-inajen naon anu nyampak dina Seni-Budaya Sunda anu ku urang nuju ditalungtik. Dugi ka urang tiasa netepkeun ajen-inajen ahlak anu mana ti antawis Sad Kamanusaan tea. Ku kituna urang sabage guru tiasa langkung adil tur wijaksana dina maparin "dadasar hukum" kana seni budaya (pabid'ahan) nu aya di masarakat.
Guru mah kedah unggul pisan dina tataran kualitas IQ (Inteleqtual Quotient = Kecerdasan Intelek, Luhung elmuna), EQ (Kecerdasan Emosi, Jembar budayana), SQ (Kecerdasan Spiritual, Pengkuh agamana) sareng AQ (Kecerdasan Aksional, Rancage gawena). Kangggo conto ngaanilis ajen-inajen anu dikandung dina seni budaya Sunda, dipedar dina bagian V, anu insya-Alloh baris didugikeun sacara lisan .
IV. TAREKAH ILMIAH NGAMANGPA'ATKEUN AJEN-INAJEN NU DIKANDUNG DINA SENI BUDAYA SUNDA.
Urang sadaya parantos pada maphum yen mungguhing Seni Budaya mah estu hasil Cipta, Rasa, Karsa sareng Karya manusa, ku kituna tangtos bae boh dina pidangan atanapi ajen-inajenna aya anu "parantos luyu sareng akhlak Islami, aya anu samasakali henteu luyu sareng ahlak Islam, aya oge anu campur-aduk/paselup". Palih dieu pisan peryogina para guru tiasa "ngaanilis" kandungan ajen-inajen seni budaya Sunda teh.
Upami ku urang parantos kapendak kandungan ajen-inajen anu aya dina eta seni-budaya, nembe aya sawatara TAREKAH ILMIAH anu kedah dipilampah ku para guru, nyaeta:- REVITALISASI , tegesna eta seni budaya katut ajen-inajenna, dihirupkeun deui, didorong sina tumuwuh kalawan subur.
- REAKTUALISASI, tegesna seni budaya katut ajen-inajenna di-aktualkeun deui, sangkan miindung ka usum- mibapa ka jaman.
- REVISI, tegesna dibebener deui tujuanana tina eta seni budaya.
- RESTRUKTURISASI, tegesna diropea deui strukturna, supados luyu sareng pajamanan.
- FILL IN, tegesna eta seni budaya nu parantos nyampak teh di-EUSIAN ku ajen-inajen anyar anu Islami.
- INOVASI, tegesna diropea deui supados langkung narik perhatian balarea, henteu eleh ku budaya anyar anu malah teu luyu sareng pribadi Sunda nu islami.
- KREASI, tegesna hasil karya seni budaya anyar anu nya nyunda nya islami. Para Guru sareng seniman-budayawan Sunda kedah rancage nyiptakeun seni budaya Sunda-islami anu anyar. Tanpa kreatifitas ti urang pribadi, bakalna teh urang ngan jadi "korban pasar" sareng jadi jarian budaya deungeun.
- DELETE, tegesna aya hal-hal anu kedah dileungitkeun tina aspek seni budaya tea, kumargi patukang tonggong sareng akhlak Islam.
Lengkah-lengkah "cendekia" nu disebatan di luhur, MUTLAK kedah dipibanda ku guru, hususna guru-guru agama anu bade ngamangpa'atkeun Seni Budaya Sunda kanggo ngabebener ahlak bangsa (da'wah bid tamaddun, da'wah kultural).
Anu teu kinten pibahlaeunana mah upami urang RUSUH TEUING NGA-DELETE , ngaleungitkeun/numpes seni budaya nu parantos aya, margi upami seug kajadian KOSONG BUDAYA, eta kakosongan teh bakal DIEUSIAN KU BUDAYA ASING anu ajen-inajenna malah patojaiahna pisan sareng ahlak Islam. Ayeuna oge parantos kaalaman ku urang sadaya, ieu teh balukar tina proses komunikasi anu didominasi ku budaya asing nu sekuler-profan (budaya duniawiah tanpa ajen religius), sareng urangna pribadi kirang daya kreatif seni-budayana.
V. AJEN INAJEN SAD KAMANUSAAN ANU DIKANDUNG DINA SENI BUDAYA SUNDA.
Sacara umum, konsep atikan kabudayaan di sakola-sakola di nagara urang dumasar kana konsep Kuntjaraningrat & C. Kluckhohn, anu ngawilah-wilah kabudayaan jadi 7 aspek, nyaeta:- Adat Istiadat & Religi
- Basa
- Seni/Kasenian
- Sistim Kamasarakatan
- Sistim Pangupa Jiwa
- Sistim Elmu Pangaweruh
- Sistim Peralatan.
Sawatara aspek/unsur Seni Budaya anu bade dianalisis:
a. Adat Istiadat & Religi- ngaras, ngeuyeuk seureuh, nyawer, nincak endog.
- ngembang (nyekar), sasajen, tapa/semedi.
- dangdaunan nu dianggo dina upacara adat (mayang jambe, seureuh, hanjuang, kananga, suji, handeuleum, koneng, mamangkokan, waregu, waluh sste).
- sste (Mangga pilarian deui, lajeng dianalisis ku anjeun).
b. Basa- Harti & ma'na kecap SUNDA.
- Tatakrama basa ( Undak usuk Basa Sunda - UUBS).
- Aksara Sunda. sste.
c. Seni- Rumpaka PAPATET (Tembang Sunda Cianjuran)
- Ibing Lenyepan
- Tata busana pria
- Tumpeng
- Munjungan/anun
- Karawitan. sste.
d. Sistim Kamasarakatan- Pancakaki
- KAM (Kawajiban Azasi Manusa) sareng HAM (Hak Azasi Manusa) sste.
e. Sistim Pangupa Jiwa- Hirup anu cukup
- Saeutik mahi, loba nyesa.
- Ulah botoh bisi kokoro (Ulah sarakah bisi sangsara) Prasasti Kawali 8, abad 13 M)
f. Sistim Elmu Pangaweruh
g. Sistim Peralatan
Nanging dina kahirupan di masarakat mah aspek Kabudayaan anu kalintang seringna kapendak sadidinten nya eta aspek Adat Istiadat/Religi, Basa sareng Seni sareng kamasarakatan. Ku kituna kanggo dina kasempetan ayeuna urang dihususkeun kana tilu aspek ieu bae heula.
VII. Kacindekan
Dina alam kasajagatan (era globalisasi), aya PENJAJAHAN WANDA ANYAR nyaeta "PENJAJAHAN BUDAYA" -- dominasi budaya. Balukar tina penjajahan budaya ieu anu pangheulana ancur lebur teh nya eta ajen-inajen AKHLAK/MORAL.
Ayeuna pisan waktosna urang kedah babarengan rempug jukung sauyunan ngabentengan ahlak/moral bangsa ku rupi-rupi cara, boh ku aspek ajen-inajen Seni Budaya seler Bangsana (Sunda, Jawa, Bali sste), atanapi ku akhlak agama. Ulah pakia-kia, pagirang-girang tampian antawis konsep budaya sareng konsep agama.
Pikeun GURU, nya alam ayeuna pisan diperedih pati ditorta tugas kawajiban KAGURUANANA pikeun ngajaga sareng ngomean ahlak/moral bangsa.
Lengkah perjoangan ngawitanana kedah dimimitian ku IBDA BIN NAFSI, tegesna urang sacara pribadi sadar kana proses RAWAYAN JATI sareng ngalaksanakeun SAD KAMANUSAAN dina hirup kumbuh sadidinten.
Mugia Alloh SWT. salamina maparin kakiatan lahir batin, hidayah, inayyah, magfirah ka urang sadaya. Amin. Insya-Alloh.
Alhamdulillah
Bandung, 5 Syawal 1424 H
Drs. H. Hidayat Suryalaga- Rawayan Jati - konsep "Cecekelan Hirup Kasundaan" anu Islami.