- NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 8)Al Baqarah (Surat Kadua) - ayat 127 d/k 141 (tamat)
19 Apr 2004 - 1:41 am
71. KUDU SABAR (:2/127) - rhs, 4 Syawal 1421 H
- Upama gaduh kahayang, ulah osok rurusuhan,
kudu bari sabar diri, kudu tartib ati-ati. - Contona ngadegkeun Ka'bah, ku Ibrahim di baladah,
ngentepkeun batu teh nungtut, ku leukeun mah nya ngawujud. - Mun keur migawe garapan, kudu sabar dileukeunan,
bari muntang ka Ilahi, gawe teh jadi pangbakti.
72. MUJI KA ALLOH SWT (:2/128) - rhs, 4 Syawal 1421 H- Sanaos Ibrahim nabi, henteu pegat muja-muji,
neneda ka Maha Suci, miharep asihing Gusti. - Atuh diri urang oge, sami kedah kitu oge,
boh keur diuk boh keur sare, ngadua isuk jeung sore. - Upami aya kabingung, pok unjukkeun ka Nu Agung,
nunuhun kenging papayung, ka Alloh neda pitulung. - Upami kenging kasusah, ulah aral bari luh-lah,
unjukkeun ka Maha Agung, Mantenna tinangtos nulung.
73. NGAMUTOLAAH AL-QUR'AN (:2/129) - rhs, 4 Syawal 1421 H- Nabi urang sadayana, Nabi Muhamad nu mulya,
tos mulih ka rohmatullloh, di pendemna di Raudoh. - Nya Nabi Muhammad pisan, anu ngeceskeun Al-Qur'an,
pituduh ka unggal insan, dumugi ka ahir jaman. - Qur'an sareng sunah Nabi, eta panuyun sajati,
pigeusaneun unggal jalmi, muru hirup anu suci. - Sanaos nabi geus pupus, ngulik Qur'an kedah terus,
aya Qur'an jeung Sunahna, leukeun ngamutola'ahna.
74. NU MULYA NABI IBRAHIM (:2/130,131) - rhs, 4 Syawal 1421 H- Nabi Ibrahim kapungkur, jadi karuhun luluhur,
anu diagemna Islam, dumugi ka ahir jaman. - Jadi imamna di dunya, jadi sungapan agama,
kadeudeuh Alloh Ta'ala, awahing ku iman takwa. - Kedal ucap pangakuan, Mung Alloh Nu Murbeng Alam,
sumembah mung ka Mantenna, iman ka Alloh Ta'ala.
75. AGAMA ISLAM (:2/132,133,134) - rhs, 4 Syawal 1421 H- Kacida pisan bagjana, upamana hirup di dunya,
Islam anu diagemna, agama rido Mantenna. - Kacida pisan rugina, mun maot can iman takwa,
matak enggal-enggal takwa, bisi kaburu palastra. - Nabi Ibrahim nu muslim, amanat ka urang yakin,
yeuh anak incu Ibrahim, tong maot mun acan muslim. - Nabi Yaqub oge sami, amanat ka nu pandeuri,
sumembah teh mung ka Alloh, tur to'at ka Rosululloh. - Eta amanat mantenna, keur ka urang sarerea,
da urang turunanana, tanggung jawab pribadina.
76. ULAH NGABEDA-BEDA UTUSAN ALLOH SWT (:2/135,136) - rhs, 4 Syawal 1421 H- Kahade dulur baraya, ulah rek ngabeda-beda,
ka para utusan Alloh, sadaya ge rosul Alloh. - Nu beda ukur alamna, jeung beda-beda umatna,
pada nyandak kalamulloh, pada nyandak kitabulloh. - Unggal rosul unggal nabi, pada kenging pancen suci,
saluyu sareng jamanna, pikeun nulungan umatna. - Ari mungguh pikeun urang, nu gelar alam kiwari,
Muhammad panutan urang, utusan Ilahi Robbi. - Sadaya iman ka Alloh, percanten ka Rosululloh,
tuduh jalan tina Qur'an, nu diagem Iman Islam.
77. ALAM DUNYA NU ENDAH (:2/137,138,139) - rhs, 4 Syawal 1421 H- Ciptaan Alloh Ta'ala, kalintang pisan endahna,
endah teu aya tandingna, tan wilangan pulas warna, - Dicelup ku kanyaahna, dipulas ku kaasihna,
sadayana ngandung ma'na, kaagungan Nu Kawasa. - Sabudeurna bumi langit, estu asri endah wingit,
ti siang atra kasawang, ti wengi baranang bentang. - Tutuwuhan kekembangan, warna-warna endah pisan,
kumelendang sasatoan, rupi-rupi lengkep pisan. - Upami urang nengetan, diciptana kaendahan,
lajengna teh dilenyepan, bakal tambih kaimanan. - Alam dunya ngampar lega, dicipta pikeun manusa,
urang teh kedah sukuran, nampi kaheman Pangeran. - Tadabur alam teh penting, bade beurang bade peuting,
Sangkan urang jadi eling, pikir urang dzikir nyaring. - Kanggo naon pacogregan, kanggo naon pasendatan,
marebutkeun bebenran, mending ge urang sukuran.
78. TANGGUNGJAWAB MASING-MASING (:2/140,141) - rhs, 4 Syawal 1421 H, 17.30- Ahirna mungguh manusa, tanggungjawab ka dirina,
masing-masing pada-pada, naranggel amal gawena. - Ngan ukur silih elingan, ngan ukur silih ingetan,
muga-muga susuganan, daraek tarakwa iman. - Kumaha bagjaning diri, jeung kumaha ceuk pribadi,
da moal robah nasibna, mun teu robah pribadina. - Mugia Alloh Ta'ala, maparinkeun hidayah-Na,
ka urang ka sarerea, sangkan pageuh iman takwa. - Mugi paparin pituduh, sangkan hirup tong kalebuh,
di dunya kenging nugraha, di aherat ka sawarga. - Ya Alloh Pangeran abdi, pancegkeun iman sim abdi,
teguhkeun ibadah abdi, hirup maot kersa Gusti. - Mugi mu'minin mu'minat, sadayana kenging ni'mat,
ginulur kurnia rahmat, di dunya sareng aherat. - Ya Alloh Malikul Alam, mugi panceg iman Islam,
mugia amal ditampi, tawis pangbakti sim abdi.
TAMAT - NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS 1- Upama gaduh kahayang, ulah osok rurusuhan,