Saung Angklung Mang Udjo; Jadi Kampung Sunda

6 Jul 2004 - 3:03 am

Geus teu anéh pikeun urang Padasuka mah, upama aya turis asing ngadongdon wewengkonna. Ti taun 1970-an, geus réa wisatawan nu ngulampreng ka ieu patempatan. Rék naon cenah éta turis bet jul-jol ka Padasuka?, jauh dijugjug, anggang di téang, kataji ku garapan seni Saung Angklung Mang Udjo, nu perenahna di jalan Padasuka no 118 Bandung

Nurutkeun panintén kapariwisataan, karéréan wisatawan nu datang, ka Bandung atawa ka Jawa Barat, tujuan utamana téh ka saung Mang Udjo. Malah nurutkeun béja mah, ngadongdon ka tempat liana mah ngan ukur sasampiran. Pang kitu téh kawasna nepi ka kiwari nu pangkajojona téh Saung Mang Udjo.

Kakoncarana Saung Mang Udjo ku turis mancanagara, taya liana Yayasan Mang Udjo Ngalagena (alm.). Nya anjeuna pisan nu ngabaladah, satékah polah narékahan ngawanohkeun kasenian Sunda, hususna angklung ka masyarakat internasional. Saterusna lain baé seni angklung nu dipintonkeun di Saung Mang Udjo, seni liana oge digarap kalawan daria tug nepi ka mibanda kasenian Sunda nu lengkep, saperti seni ibing, padalangan, jeung seni liana. Atuh puguh wé turis leuwih kataji. Keur jaman jumeneng kénéh, saung angklung Mang Udjo tara suwung ku nu lalajo; boh turis lokal, nasional atawa internasional.

Sabada Mang Odjo ngantunkeun, kumaha kaayaan Saung Mang Udjo? Saung mang Udjo tetep jadi primadona wisata. Eta oge kungsi ngalaman tiiseun ku kunjungan turis, nalika aya bancang pakewuh; bom bali téa. Eta pasualan lain baé jadi bangbaluh Saung Mang Udjo, tapi mangrupa musibah dunya wisata nasional.

Nilik kondisi saperti kuti, pihak manajemen Saung Mang Udjo, nu di jejeran ku Taufik Hidayat teu cicingeun nyieun tarékah anyar, diantarana ngabebenah materi pintonan, panataan tempat, katut leuwih ngalegaan pangsa pasar. Tarekah nu geus jeung eukeur dipigawé nyaéta ngolah matéri pintonan nu udagan pasarna lain baé ukur dewasa, kiwari disadiakeun matéri pikeun sagala tingkatan; ti mimiti Play Group, TK, SD, SLTP, SLTA, PT, tug nepi ka umura geus cueut ka hareup. Pon kitu deui jenis pintonan atawa paket pagelaran nu dieuyeuban jeung dironjatkeun ajénna. Keur ngadongkang éta udagan, Taufik Hidayat saparakanca ngadatangkeun tanaga ahli ku jalan gawé bareng jeung sababaraha lembaga kabudayaan katut lembaga pendidikan seni. Alhamdulillah panggero ti Saung Mang Udjo pada ngarojong, saperti SMKI (SMK 10) Bandung, UPI, Unpad jeung STSI Bandung, anu gedé pisan andilna dina ngarojatkeun matéri pintonan, kitu ceuk ieu lalaki kalahiran 1966 bangun reueus. Eta tarékah gedé pisan pangaruhna kana kuantitas pengunjung. Kabuktian dina mangsa ayeuna, unggal poé tara suwung ku pengunjung boh turis lokal, nasional jeung internasional. Salian ti éta, barudak nu maranggung jadi leuwih sumanget, sabab materi anu dipanggungkeunna leuwih pariatif. Ku Opik (nénéhna Taufik) diaku saacanna mah materi pintonan gues baku, dina harti kurang pariatif. Perkara ieu, mun pareng aya tamu nu sarua, bakal ngarasa bosen. Atuh kitu deui tumibana ka pamaén jadi bosen, antukna bakal gedé pangaruhna kana ajén pintonan, pokna.

Sajabana di ngaronjatkeun ajén pintonan, oge nyieun kamonésan anyar; méré service ku mangrupa kakarén has Jawa Barat (karajinan jeung sajabana) ka nu lalajo. Oge nyieun hiji service ka nu pareng milangkala; méré hadiah soupenir nu ngabogaan ajén madiri.

Pikeun ngahontal ambahan lobana pengunjung, tarekahna ku jalan ngondang stake holders. Saacan ditimba kamandangna, disuguhan pirang-pirang informasi. Hal ieu luyu jeng susuluk usaha "lamun teu dipikawanoh, moal nyaah atawa dipiasih". Keur ngungkulan sarupa kitu, nya ulah lalawora. Ceuk cohagna mah ulah asal nyuguhan. Upama léléwodéh bisa kontra produktif. Mun geus kitu, nu tadina haying dipikanyaah jeung dipikaasih teh bakal jadi teu raresepeun. Nu sarupa kitu nu bakal ngaruksak citra téh, Ceuk Ki Opik nu jadi pingpinan Saung Mang Udjo ti taun 1995 nepi ka kiwari.

Sangkan leuwih kajojo ku mancanagara Opik ngahangkeutkeun widang promosi jeung publikasi boh ngaliwatan media cétak atawa situs/web. Ku media internet karasa pisan ngaronjatna turis mancanagara. Tah kitu mangfaatna media informasi dunya maya téh. Biayana teu pati mahal, tapi hasilnya mucekil. Kabuktian unggal poé tara suwung ku nu lalajo. Atuh pesenan angklung méh teu kaladangan. Pikuen ngaladangan urang Koréa baé, teu kurang ti 15 rébu angklung/triwulan. Acan deui urang Eropa jeng Amerika. Komo pesenan domestik mah.

Sangkan karasa mangfaatna ku balaréa. Di sagigireun ngagarap materi pintonan, kiwari geus dibaladah kagiatan mangrupa diklat; Public relation (PR), Master of Ceremony (MC), katut widang liana nu aya patula-patalina jeung kapentingan dunya pariwisata.

Salian ti éta, nu keur hangkeut di tata téh nyaéta guest house (tempat titirah). Ka hareupna tamu nu haying leleson di Saung Mang Udjo, disayagikeun tempat reureuh nu tumaninah. Léngkah ka hareupna, ieu saung rék dijadikeun miniatur kampung Sunda, atawa taman minina kabudayaan Sunda. Rupa-rupa kagiatan budaya bakal dipintonkeun di ieu tempat, saperti adat-istiadat, arsiték, pakéan, karajinan, dahareun jeung sakur nu mibanda ciri has kasundaan. Pikeun ngawujudkeun éta angen-angen, memang merlukeun lahan nu lega jeng rojongan ti balaréa, utamana ti pihak anu aya gantar kakaitan dina widang kawijakan pamaréntah.

Sanajan can ngajanggélék sakumaha anu dirarancang téa, tapi ku nu geus nyampak ogé Saung Mang Udjo geus némbongkeun hiji prestasi nu luar biasa. Nepi ka kiwari asa jarang kénéh tempat kagiatan kasenian nu mayeng magelaran tiap poé, jeung masih langka aya tempat kasenian nu dijadikeun tempat neuleuman ajén budaya. Ari anu onjoyna téh lebah ngaberdayakeun lingkungan nepi ka kiwari kacatet 150 urang pamaén anu dirékrut ti SD, SLTP, SLTA jeung warga masarakat sabudeureunna. Jumlah pagawéna kaitung loba, pikeun usaha kasenian mah. Kacatet aya 25 karyawan maneuh jeng 50 urang pangrajin angklung. Lobana karyawan, hiji indikator yén Saung Angklung Mang Udjo hirup kalawan hurip.

Hal sarupa kieu taya lian ku ayana rojongan nu hadé sarta ayana gawé sauyunan ti kadang kulawarga Mang Udjo Ngalagena pikeun ngamajukeun Saung Mang Udjo. (M. Nana Munajat Dahlan/SB)