- Kampung Kuta Pantrang Nanggap Wayang
25 Jul 2004 - 9:21 pm
NGABAGEAKEUN DIGUNAKEUNANA KALAWAN RESMI AKSARA SUNDA DI SAKULIAH TATAR JAWA BARAT (ka-4)
3. MA'NA ANU SUMBERNA TINA AKSARA ARAB AL QUR'AN
Dina buku Fenomenologi Al Qur'an (kaca 82,83,84,101,146,150,153,155), karangan Dr. Lukman Saksono MSc. dkk. PT.AL Maa'rif. Bandung 1997; sanajan kacida ruwedna pikeun ngamutalaahna, dipedar "Makna Simbolik di Balik Huruf dan Angka" anu dikandung dina Al Qur'an.
Upami Susunan Aksara Sunda dima'naan ku harti/ma'na tina Aksara Qur'an, numutkeun pamendak nu diserat dina buku Fenomenolgi Al Qur'an di luhur bakal kieu pima'naeunana teh:- Mikir teh nyaeta akal tea pikeun ngungkulan masalah make pertimbangan akal anu sehat.
- Pikeun nyieun rarancang (adeg-adeg) naon anu rek dipigawena,
- nyaeta gawena baham (nyarita), keteg jajantungna (huripna rasa), (eta) tandana yen hirup aya di sajeroning lingkungan;
- oge (sarta) aya tumalina jeung aturan, pamanggih jeung panyawangna ti jelema (nu lian);
- Intina (mah) nyaeta (cukup) dahareunana jeung ngantengna silaturahmi papada manusa anu tumuwuh tina dorongan ti jero (nurani), tapi oge (sakabehna) kawatesanan ku waktu.
- ari anu jadi pangjurung karep (kahayang, hirup) teh asalna tina hukum sabab-akibat.
- Kitu pamadegan hirup anu rek dihontal teh.
4. MA'NA ANU SUMBERNA TINA LAFADZ ALLAH
Ieu di handap dipedar ma'na Aksara Sunda numutkeun harti/ma'na aksara tina buku Hakikat Lafadz ALLAH - Menembus Rahasia Ketuhanan Melalui Studi Teks Jalalah. Ibnu Arabi; terjemah Drs. Hasan Abrori.MA. Pustaka Progresif. Surabaya. 1996. Upami nengetan eusi ieu buku "ipis", anu sumberna karya Ibnu Arabi (= Muhyidin Ibnu Arabi, wafat taun 560 H di Damaskus), bakal wuwuh eces deui, yen ngama'naan aksara numutkeun ulikan tasawuf mah kacida bentenna sareng bahasan tina widang sanesna. uningaan kaca 101,102). Mung numutkeun pamendakna Ibnu Arabi ngama'nanana iwal ti ngagunakeun "mantiq al Aql" (logika Akal) oge kedah ngagunakeun "mantiq al Dzauq" (logika Rasa/intuisi).
Dumasar kana pamendakna Ibnu Arabi ngeunaan harti/ma'na nu sinerat dina bukuna tea, susunan Aksara Sunda teh upami dicindekkeun mah ngandung harti/ma'na sapertos kieu:- Nampina kayakinan (iman) teh ngarandapan heula cocoba ti sakur nu aya.
- Gelarna (ngawujudna) pagawean (amal ibadah) anu dipigawe teh mibanda sipat kaendahan anu hakiki.
- Tumuwuhna anu dicita-citakeun (dipiangen) teh hiji bukti ayana Anu Maha Nyipta, sinaksenan lungsurna sumpah nalika Alloh SWT ngadawuh;
- Tandana jelema anu sawawa tur sampurna (insan kamil) teh nyaeta ku gumelarna idea (=kreatifitas) pikeun nampi rahma-na Alloh Swt. eta teh rasiahna katauhidan.
- Lumampahna (perjalanan, rawayan jati) manusa ti alam Azali ka alam Abadi teh nya eta ku Kalbu anu mampuh nampung saeusining alasm Jagat raya, ku ayana ilaham (hidayah), eta teh rasiahna solat.
- Awor dalitna (deuheusna, dumunungna) Alloh SWT dina arasy wujud teh nyaeta dina alam anu kebek dieusi ku kaendahan (kani'matan); paneuteup gaib kana dumunungna (deuheusna, ayana) Alloh SWT. pisan anu bakal mukakeun lalangse (hijab, panghalang).
Kitu kacindekanana harti/ma'na susunan (abjad) aksara Sunda numtukeun pedaran anu sumberna tina buku Hakikat Lafadz ALLAH Mung anu teu aya nyaeta aksara NYA, da dina aksara Hijayyah mah memang teu aya aksara NYA.
Dilajengkeun kana bagian ka-5- Mikir teh nyaeta akal tea pikeun ngungkulan masalah make pertimbangan akal anu sehat.