- Kampung Kuta Pantrang Nanggap Wayang
25 Jul 2004 - 9:51 pm
NGABAGEAKEUN DIGUNAKEUNANA KALAWAN RESMI AKSARA SUNDA DI SAKULIAH TATAR JAWA BARAT (ka-5)
5. MA'NA ANU SUMBERNA TINA HURUF LATIN
Salajengna ieu di handap dipedar harti/ma'na susunan (abjad) tina Aksara LATIN. Huruf (fonem) Latin nu ayeuna sok digunakeun sadidinten ku urang, dikenal di sakuliah dunya. Susunan abjadna sok disebat ALPHABET, dimimitian ku huruf A (Alpha) dugi ka Z (Zetha), unggal hurup ngalambangkeun hiji sora. A - B - C - D - E - F - G - H - I - J - K - L - M - N - O - P - Q - R - S - T - U - V - W - X - Y - Z
Lambang huruf Latin dina kamekaranana digunakeun jadi simbul widang- widang elmu pangaweruh, upamina kimia/fisika, matematika, geografi, astronomi, kasehatan, komunikasi sste. Contona bae huruf V tiasa dihartoskeun: Unggul (Victory), Eusi (Volume), Vita (Air kehidupan), Vanadium (salasahiji unsur kimia) sste.
Dina kasempetan ayeuna sim kuring teu acan pareng nyusun sagemblengna harti/ma'na susunan Aksara Sunda numutkeun harti/ma'na tina aksara Latin. Mung anu bader dipedar mah nyaeta aksara (huruf) F - Q - V - X - Z margi eta huruf ayeuna dilebetkeun kana susunan Aksara Sunda.- F > Fa = beusi, kamamuran,
- Q > Qa = nu rek dituju/dihontal (istilah Psykologi), nu ditanyakeun, nu diteangan, "kecerdasan".
- V > Va = kaunggulan, kahirupan, sajatining eusi.
- X > Xa = henteu kaukur, gaib
- Z > Za = kosong, pamungkas, titik ahir, titik pangluhurna, anggeus.
Upama diruntuykeun FA - QA - VA - XA - ZA teh pima'naeunana:
(ngan ku) kakuatan jeung kama'muran, pikeun kahontalna anu dituju teh, (nyaeta) kaunggulan hirup, tur (kudu) apal kana eusi jati diri, sarta pungkasanana (nungtungna) dina kagaiban anu teu kaukur titik ahir nu pangluhurna.
WACANA PAMUNGKAS
Upami nitenan harti/ma'na susunan Aksara Sunda sapertos pedaran di luhur, bade numutkeun pedaran kana ma'na/harti anu mana sumberna timana bae oge, geuning sakitu eces tembresna yen susunan (abjad) aksara Sunda (hususna) tiasa pikeun jadi tuduh laku hirup anu rahayu, geusan jejeran hirup manusa di alam dunya sangkan pinanggih karaharjaan lahir batin, dunya aherat. Bade nu mana bae ti antawis nu dipedar di luhur nu bakal dianggo cecekelan, sadayana oge ageung maslahatna.
Kawuwuh kauninga susunan harti/ma'na di luhur teh sanes kenging tarekah rekayasa sim kuring pribadi, nanging sadayana sumender kana elmu pangaweruh nu parantos nyampak aya; sim kuring mah ukur ngaracik sareng nyurup-nyurupkeun.
Dupi maksad teu aya sanes iwal ti mugia tina ngama'naan susunan Aksara Sunda bakal ngawuwuhan pageuhna jati diri Ki Sunda pikeun "Ngertakeun Bumi Lamba" geusan jadi Rahmatan Lil Alamin.
Alhamdulillah mugia pareng di-ENYA-na. Amin.
Bandung, 1999, 2001, 2004
mkl 118
Dibahas dina riungan DINAS P&K Prop. Jabar. 19-8-1999. Dikintunkeun ka Panitia KIBS I sareng dimuat dina laporan Kongres Basa Sunda VII - di Garut 2001.- F > Fa = beusi, kamamuran,