Kampung Kuta Pantrang Nanggap Wayang

1 Dec 2004 - 4:14 am

Ka Alloh abdi nyalindung, tina panggodana setan.
Kalayan asma Nu Agung, Alloh Anu Welas Asih.
- ALLOH -


1. KIAMAT TEH TANGTOS BAKAL KAJADIAN (:78/1,2,3,4,5) - rhs, 29 Jumadilawal 1424 H


  • Assalamu'alaikum, ka muslimin wal muslimat,
    asalamu'alaikum, ka mu'minin wal mu'minat.
  • Seja nyanggakeun nadoman, sumberna ayat Al-Qur'an,
    juz anu ka tilupuluh, mugia jadi pituduh.
  • An-Naba' nami suratna, tujuhdalapan nomerna,
    dupi nu jadi ayatna, kahiji dugi kalima,
  • Anu kapir teu percaya, yen kiamat bakal aya,
    pajar ukur nyingsieunan,nu kapir teh seuseurian,
  • Padahal kiamat pasti, bakal cunduk hiji wanci,
    nu uninga mung Ilahi, manusa mah moal ngarti.
  • Mun kiamat enggeus cunduk, nu kapir bati ngaheruk,
    kakara sadar jeung eling, elingna geus elat teuing,
  • Nu mawi yeuh kanca mitra, urang teh wajib percaya,
    engke dina hiji mangsa, kiamat pasti cundukna.
  • Ti ayeuna urang tobat, samemeh dongkap kiamat,
    mugi Alloh ngahampura, kana samudaya dosa.

2. ALLOH SWT ANU NYIPTA BUMI ALAM (:78/6,7) - rhs, 30 Jumadilawal 1424 H

  • Nadoman surat An Naba', sareng nu jadi ayatna,
    ayat genep sareng tujuh, eusina ngandung pituduh.
  • Alloh Anu Maha Agung, Nu Kawasa sakalangkung,
    nyipta bumi saeusina, sadaya damelana-Na.
  • Ngagelar jadi daratan, sinareng ngaplak lautan,
    gunung-gunungna ngajega, eta teh jadi paseukna.
  • Jeung parentul pasir-pasir, pagunungan tingjalegir,
    eta teh pikeun patokna, nyaimbangkeun ieu dunya.
  • Kitu agungna Pangeran, anu nyipta bumi alam,
    urang wajib takwa iman, ka Alloh Nu Maha Heman.

3. ALLOH SWT ANU NYIPTA MAHLUK (:78/8,9) - rhs, 1 Jumadilahir 1424 H

  • Dangukeun ieu nadoman, kahaturkeun patarosan,
    saha anu nyipta urang, nyipta wengi sareng siang.
  • Sumangga geura diwaler, sangkan manah urang leler,
    tambih panceg kaimanan, keur ngandelan kayakinan.
  • Saha anu nyipta urang, ngahaja dipasang-pasang,
    aya pameget jeung istri, nu engkena laki-rabi.
  • Sareng saha nu mepende, urang teh tiasa sare,
    ngalenggut raos nundutan, kulem tibra nanakeran.
  • Cik mangga geura waleran, sumangga geura lenyepan,
    mahaakbarna Pangeran, Maha Welas Maha Heman.

4. RAHMAT SARENG NI'MAT TI ALLOH SWT (:78/10,11) - rhs, 2 Jumadilahir 1428 H

  • Sumangga geura lenyepan, eusina ieu nadoman,
    welas asihna Pangeran, seueurna tanpa wilangan.
  • Mangsa magrib layung ngempur, palih kulon hurung mancur,
    langit lir disipun emas, matak hebat matak waas,
  • Poek mimiti ngalingkup, indung peuting geus ngarukup,
    dur magrib muadzin adzan, sorana antare pisan.
  • nu sholat enggal sarumping, di disarung nu disamping,
    ka mushola nu ka tajug, ka masjid pada ngajugjug.
  • Ya Alloh ku ni'mat pisan, sujud payuneun Pangeran,
    nampi nuhun ka Ilahi, anu maparin rejeki.
  • Henteu lami tengah peuting, nu kulem tibra ngajempling,
    dikirna marengan nafas, tibra kulrem bari iklas.
  • Ya Alloh Ilahi Robbi, jog anjog wanci janari,
    anu kulem gugah sakedap, solat tahajud teu hilap.
  • Tengah wengi sujud sukur, ka Alloh Nu Maha Gofur,
    sujud tobat ka Pangeran, hoyong lubar kalepatan.
  • Ya Alloh Ilahi Robbi, nu tahajud sujud lami,
    cisocana teh nyakclakan, sajadahna kabaseuhan.
  • Sujudna teuing ku husu, dikir sajeoring kalbu,
    pertobatna iklas pisan, miharep rido Pangeran.
  • Aya anu kulem deui, nampi ni'mat ti Ilahi,
    henteu lami adan subuh, gugah deui rada rusuh.
  • Siram beberesih diri, abdas ku cai nu suci,
    solat subuh di mushola, berjamaah sadayana.
  • Teu lami dunya bray caang, panon poe hurung herang,
    sadaya pada mariang, nu tatanen anu dagang.
  • Usaha nyiar kipayah, da eta jadi tarekah,
    ihtiar nyiar rejeki, paparin Ilahi Robbi.

5. RAHMAT SARENG NI'MAT PAMAPARIN ALLOH SWT (:78/12,13,14,15,16) - rhs, 3 Jumadilahir 1428 H

  • Ieu wargi sadayana, sumangga dangukeun heula,
    ieu nadom kahaturkeun, dangukeuneun lenyepaneun.
  • Sumangga tingali langit, wedel mo bisa disebit,
    langit nyusun tujuh lapis, ku urang henteu katawis.
  • Euleuh itu panonpoe, medal unggal-unggal poe,
    ti wetan surya bijilna, di kulon engke surupna.
  • Panonpoe palitana, nyaangan saalam dunya,
    jadi cekas titingalan, dunya ngampar endah pisan.
  • Henteu lami aya mega, kumalayang di angkasa,
    langit ngadak-ngadak mendung, pihujaneun enggeus mayung.
  • Teu lami hujan miripis, murupuy hujan girimis,
    paralak hujan ngerepan, nyebor darat jeung tegalan,
  • Geus kitu breng tutuwuhan, jararadi subur pisan,
    ngemploh hejo titingalan, nu daunan nu kembangan.
  • Tutuwuhan subur pisan, henteu lami baruahan,
    cukul pisan pepelakan, patani barungah pisan.
  • Kitu asihna Pangeran, ka mahlukna mikaheman,
    nu mawi kedah sukuran, nampi ni'mat ageung pisan.

6. ANU DISEBUT POE FASHLI TEH NYAETA POE CUNDUKNA KIAMAT (:78/17,18,19) - rhs, 10 Jumadilahir 1428 H

  • Nu disebut poe Fashli, eta teh teu aya deui,
    iwal ti poe kiamat, poe wawales teu lepat.
  • Lajeng ditiup sangkala, kiamat dadak sakala,
    sadaya mhluk palastra, pada ngaleupaskeun nyawa.
  • Panto langit nembrak muka, sareng kabeh nyawa jalma,
    lumebet ka eta panto, panto langit nu molongo.
  • Poe Fashli bakal cunduk, bakal maot sugri mahluk,
    sadayana tilar dunya, kiamat teh nya harita.

7. ALAM DUNYA ANCUR LEBUR (:78/20) - rhs, 10 Jumadilahir, 1428 H

  • Ari dintenan kiamat, estu kajadian hebat,
    dunya genjlong gunjang-ganjing, ngarandeg henteu nguriling.
  • Gunung gunung tingbaliur, rabeng haliber kalabur,
    tingsoloyong tingkoleang, tingbelesat ngawang- ngawang.
  • Gunung-gunung teh baritu, sawareh pada diadu,
    henteu aya anu nyesa, alam dunya jadi rata.
  • Anu nyesa kari lebu, ngebul di dieu di ditu,
    alam dunya ririakan, hawa panas nyongkab pisan.

8. ANU KAPIR DIASUPKEUN KA NARAKA (:78/21,22,23) - rhs, 10 Jumadilahir 1428 H

  • Poe Fashli poe ahir, cilaka jalma nu kapir,
    nyawana teh matak watir, sabab hirupna mubadir.
  • Ka naraka disuntrungkeun, seuneu panas disampakkeun,
    sabab keur hirup di dunya, ka Alloh teu iman takwa.
  • Di narakana teh langgeng, abadi saendeng-endeng,
    panto naraka ditutup, panasna moal kauntup.
  • Nu kapir disiksa beurat, langgeng keuna ku pangla'nat,
    cilaka estu cilaka, nu kapir bakal disiksa.

9. KAAYAAN ANU KAPIR DI JERO NARAKA (:78/24,25) - rhs, 10 Jumadilahir 1428 H

  • Lamun bae urang terang, anu kapir keur dipanggang,
    dikulub jero naraka, estuning watir kacaida.
  • Maot henteu hirup henteu, diduruk jeroning seuneu,
    halahab hanaang pisan, hayang nginum kapanasan.
  • Nu aya cai ngagolak, panas pacampur jeung ruhak,
    bau bangke matak utah, da pacampur reujeung nanah.
  • Kitu gambaran naraka, nu matak urang sadaya,
    kudu iman kudu takwa, ka Alloh Nu Maha Esa.

10. WAWALES KA JELEMA ANU KAPIR TEH SAIMBANG JEUNG DOSANA (:78/26,27,28,29,30) - rhs, 13 Jumadilahir 1428 H

  • Dangukeun ieu nadoman, pikeun jadi paringetan,
    saha nu nolak Al-Qur'an, tangtuna kenging siksaan.
  • Komo anu nyebut palsu, kana Al-Qur'an teu ngaku,
    Al-Qur'an disebut dongeng, nu kitu dosa singhoreng.
  • Ari siksa nu katampa, saimbang reujeung dosana,
    moal langkung moal kirang, siksaan bakal saimbang.

11. JELEMA TAKWA KA ALLOH SWT BAKAL KA SAWARGA (:78/31,32,33,34,35,36) - rhs, 13 Jumadilahir 1428 H

  • Bagja teuing nu muslimin, keur muslim teh sarta mu'min,
    jaga bakal ka sawarga, sabab iman sarta takwa.
  • Sawarga teuing ku endah, patempatan matak betah,
    seueur kembang seueur buah, estu matak tumaninah.
  • Buah anggur ruruntuyan, cukul sakur kekebonan,
    gelas kristal nu harerang, ngaleueut lamun hana'ang.
  • Dijaga ku mojang geulis, lalucu sarta maranis,
    di sawarga matak betah, teu aya pisan kasusah.
  • Sawarga teh keur ganjaran, ka jelema anu iman,
    Alloh Anu Maha Heman, ka mahlukna anu iman.

12. ALLOH SWT ANU MAHA KERESA (:78/37,38) - rhs, 13 Jumadilahir 1428 H

  • Gusti Alloh Nu Kawasa, Gusti Alloh Maha Esa,
    Pangeranna jagat raya, nu disembah ku mahlukna.
  • Dina dintenan kiamat, jaga di alam aherat,
    taya nu wani unjukan, iwal mun widi Pangeran.
  • Malaikat nu ngajajar, sadaya wirid istigfar,
    mun ku Alloh dipariksa, unjukan satarabasna.

13. POE KIAMAT TEH BAKAL KAJADIAN (:78/39) - rhs, 13 Jumadilahir 1428 H

  • Eling-eling yeuh baraya, dangukeun ku sadayana,
    nadoman penting kacida, matak kudu iman takwa.
  • Ari perkara naraka, eta teh pasti ayana,
    kahade ulah cangcaya, urang wajib percayana.
  • Lamun hayang ka sawarga, atuh kudu iman takwa,
    nyembah ka Alloh Nu Esa, ulah nyembah ka berhala.

14. DINA POE KIAMAT AMAL IBADAH TEH SADAYANA NEMBRAK (:78/40) - rhs, 13 Jumadilahir 1428 H

  • Ieuh dulur sadayana, dangukeun nadoman heula,
    eusina penting kacida, pamungkas surat An-Naba'.
  • Ari kiamat teh pasti, bakal cunduk hiji wanci,
    nembrak gawe unggal jalmi, sakabehna ge kaciri.
  • Tah harita kajadian, anu kapir gogoakan,
    amal gawe kabandungan, nembrak kabeh kasaksian.
  • Leungeunna kabeh nyarita, naon nu dipigawena,
    anggota badan lianna, jadi saksi ka dirina.
  • Anu kapir teh careurik, hanjakal keur hirup musrik,
    mending keneh jadi lebu, moal ngalaman hanjelu.
  • Jadi taneuh mah teu nista, da tara milampah dosa,
    jadi manusa mah nista, da bongan milampah dosa.


TAMAT - NADOMAN NURUL HIKMAH, Tina Surat AN- NABA'