- NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS 30 (bagian 2)Tina Surat AN NAZIAAT (Malaikat anu Ngadudut Roh) - Surat Katujuhpuluh salapan - ayat 1 d/k 46
20 Dec 2004 - 12:33 pm
15. SAKARATNA JELEMA ANU KAPIR KACIDA PIKAWATIREUNANA (:79/1) - rhs, 17 Jumadilahir 1428 H
- Sakaratna jalma kapir, estuning ku matak watir,
ku Ijroil digebugan, anu kapir diteunggeulan. - Digebugan sahabekna, sangkan ka luar nyawana,
nyawana mugen embungeun, sieun dika-narakakeun. - Si nyawa didudut tarik, nyawa teh ngajerit ceurik,
tingkoceak sosongkolan, sakaratna nu teu iman. - Naha atuh maneh kapir, teu inget engke di ahir,
bakal pinanggih jeung maot, dipapag malakal maot. - Sanajan ampun-ampunan, enggeus euweuh kasempetan,
tobatna geus elat teuing, naha baheula teu eling. - Tarima bae buktina, sabab teu iman teu takwa,
marukan teh bakal lana, langgeng rek hirup di dunya. - Na naon nu diteangan, ngumbar napsu tetemenan,
terang-terang geus lekasan, malakalmaot nungguan.
16. MAOTNA JELEMA ANU MU'MIN MAH ESTU PASRAH PISAN (:79/2,3,4) - rhs, 17 Jumadilahir 1428 H- Ijroil diutus deui, nampi pancen ti Ilahi,
pikeun nyabut deui nyawa, nyawana jalma nu takwa. - Ijroil nyanggakeun salam, panghormat ka mu'min Islam,
sang nyawa teh digentraan, seug ka luar lalaunan. - Sang Nyawa lajeng dibetot, ditarik malakal maot,
ditarikna lalaunan, teu pegat maca wiridan. - Ngageleser ngagulusur, lungsur-langsar narik umur,
teu pisan karaos nyeri, pupus iklas rido ati. - Malaikat nu sanesna, lalebet ka salirana,
nyabutan roh nu sanesna, tina sel-sel salirana. - Malaikat nu sanesna, jajap nyawa ka sawarga,
nyawa nu iman nu takwa, pupusna bagja kacida. - Muga teuing diri urang, lamun engke kedah mulang,
lamun geus cunduk waktuna, datang ajal geus mangsana. - Hoyong maot iman takwa, iklas ngaleupaskeun nyawa,
maot nuju muslim mu'min, ngadeuheus Robul a'lamin.
17. SADAYA MALAIKAT PADA KAGUNGAN PANCEN TI ALLOH SWT (:79/5,6,7) - rhs, Jumadilahir 1428 H- Malaikat sadayana, pada kagungan tugasna,
sadaya jadi utusan, kenging pancen ti Pangeran. - Ari tugas malaikat, ngajaga sareng ngarumat,
ngatur sagebarna jagat, henteu aya nu kaliwat. - Bentang-bentang nu di langit, tingcarelak tingkaretip,
panonpoe sareng bulan, sadaya tumut aturan. - Tapi dina hiji mangsa, ngadadak sajagat raya,
ancur lebur pabalatak, dunya bencar paburantak. - Dunya sakitu wedelna, harita ancur sadaya,
eta teh kiamat tea, bakal bukti hiji mangsa.
18. JELEMA ANU GEUS MARAOT BAKAL DIHIRUPKEUN DEUI DINA POE PANGADILAN (:79/8,9,10,11,12,13,14) - rhs, 17 Jumadilahir 1428 H- Dupi poe pangadilan, eta bakal dicirian,
aya tangara soara, nu disebut sangkakala. - Sangkakala nu kadua, sorana tarik kacida,
nu maot harudang deui, ka luar ti jero bumi. - Kabeh manusa degdegan, hatena teh gegebegan,
pikir ketir sieun pisan, mikiran nasib sorangan. - Silih rangkul jeung baturna silih tanya jeung sobatna,
euleuh geuning hirup deui, padahal geus maot lami. - Geus tangtu urang cilaka, da hirup pinuh ku dosa,
rugi teuing diri urang, cilaka henteu kapalang. - Sakabeh umat careurik, rajeg di sagara keusik,
narangtung luhur tegalan, nu legana tan wangenan. - Eta poe pangadilan, bakal nampi kaputusan,
saha anu ka sawarga, jeung saha nu ka naraka.
19. NABI MUSA AS. DIPIWARANG NEPANGAN FIR'AON (:79/15,16,17,18,19,20) - rhs, Jumadilahir 1428 H- Kacarios Nabi Musa, harita linggih di Thuwa,
munajat ka lenggah Gusti, kenging dawuh ti Ilahi. - Pidawuh Alloh Ta'ala, katampi ku Nabi Musa,
yen kedah angkat ka Mesir, nepangan Fir'aon kapir. - Raja Fir'aon kamashur, kaasup raja nu kupur,
galak gangas ngagalaksak, di dunya ngan nyieun ruksak. - Sugan mun ku Nabi Musa, Fir'aon robah adatna,
tina kapir jadi takwa, nyembah ka Alloh Ta'ala. - Lajeng bae Nabi Musa, ngajugjug ka Mesir tea,
maksadna bade nepangan, Fir'aon rek dielingan. - Mun Fir'aon daek eling, ku Musa bakal diaping,
dituyun ka jalan iman, nyembah ka Alloh Nu Heman. - Malah Kangjeng Nabi Musa,ningalikeun muji'zatna,
tapi Fir'aon mantangul,bedegong keukeuh ngabedul.
20. FIR'AON NGANGGAP DIRINA JADI PANGERAN (:79/21,22,23,24,25,26) - rhs, 18 Jumadilahir 1428 H- Dasar Fir'aon nu kapir, hese diajakan lilir,
napsuna angger ngaberung, dasar kapir jalma linglung. - Malah jadi malik ngewa, miceuceub ka Nabi Musa,
pajar sarapna kaganggu, ngaku-ngaku meunang wahyu. - Dikumpulkeun rahayatna, pok Fir'aon teh nyarita,
pangeranna Nabi Musa, eta teh bohong kacida. - Pangeran mah nya kaula, nu disembah sanagara,
Fir'aon anu ngawasa, kitu Fir'aon ngomongna. - Gusti Alloh lajeng bendu, ka mahluk nu model kitu,
anu sombong gede hulu, bakal dila'nat geus tangtu. - Di dunya bakal dila'nat, komo engke di aherat,
kisah Fir'aon baheula, pieunteungeun sarerea.
21. KAAGUNGANANA ALLOH SWT (:79/27,28,29,30,31,32,33) - rhs, 18 Jumadilahir 1428 H- Dangukeun ieu nadoman, sumangga geura lenyepan,
kaagungan Gusti Alloh, estu hebat subhan-Alloh. - Kanggo Alloh mah teu sesah, nyipta manusa sakumna,
kanggo Alloh mah teu sesah, nyiptakeun sajagat raya. - Alloh mah maha-keresa, teu langkung sakeresa-Na,
dunya ngadadak ngagelar, bumi alam lega ngampar. - Geura sumangga tingali, geura titenan ti wengi,
ngadadak poek meredong, leumpang oge rarang-rorong. - Tapi upama ti siang, panonpoe ngempray caang,
sadaya ciptaan Gusti, dibeberes teu pahili. - Lajeng tina sela taneuh, ngadadak taneuh teh baseuh,
malancer cai nyusuna, ngalocor walunganana. - Tina taneuh anu tadi, renung jujukutan jadi,
hejo ngemploh pepelakan, karembangan baruahan. - Tuh tingali itu pasir, ngajajar pating jalegir,
tuh tingali itu gunung, ngabedega jararangkung. - Sadaya ciptaan Alloh, hebatna teh subhan-Alloh,
sadaya pikeun manusa, matak kudu iman takwa.
22. ARI GEUS DATANG KIAMAT KAKARA MANUSA TEH ARELING (:79/34,35,36,37,38,39) - rhs, 18 Jumadilahir 1428 H- Ras emut dinten kiamat, kajadian anu hebat,
ancur lebur alam dunya, kitu deui jagat raya. - Kakara jelema eling, kiamat harita geuning,
datangna ngadadak pisan, tinggaroak jejeritan. - Ras inget kana dosana, dosa nu dipilampahna,
teu lila lawang dibuka, lawang asup ka naraka. - Naraka keur jalma kapir, anu hirupna mubadir,
anu muja kana harta, sarua muja berhala. - Geuning ari kapir tea, rek saha bae jalmana,
anu hirupna pidunya, eta teh kapir sipatna. - Tah jelema anu kitu, ka naraka enggeus tangtu,
bakal jadi balad setan, di naraka pangancikan.
23. SAWARGA TEH PIKEUN JELEMA ANU IMAN TAKWA (:79/40,41) - rhs, 18 Jumadilahir 1428 H- Bagja temen jalma takwa, iman ka Alloh Ta'ala,
anu teu kendat wiridan, nyebat asmaning Pangeran. - Bagja temen jalma mu'min, anu iman hakul yakin,
nu mampuh ngajaga diri, hirupna boga kadali. - Mampuh ngadalian napsu, hirupna henteu kalangsu,
napsu lahir napsu batin, kadalina takwa mu'min. - Jalma anu iman takwa, bakal lenggah di sawarga,
dirahmat ku Nu Kawasa, bagja teuing ahli sorga.
24. IRAHA-IRAHANA KAJADIAN KIAMAT ANU UNINGA ANGING ALLOH SWT (:79/42,43,44,45) - rhs, 18 Jumadilahir 1428 H- Ayeuna oge sok aya, pirajeunan tunyu-tanya,
kiamat iraha bukti, naha beurang naha wengi. - Mun aya nu nanya kitu, pek jawab anu saestu,
kiamat iraha bukti, mung Alloh anu tingali. - Urang mah mung ukur mahluk, saukur tumut jeung tunduk,
ngan ukur ngajadi saksi, kiamat datangna pasti. - Kawajiban diri urang, ibadah peuting jeung beurang,
sumujud ka Gusti Alloh, miharep ridoning Alloh. - Urang mah ukur ngelingan, ngahudangkeun kasadaran,
yen kiamat pasti bukti, kaalaman hiji wanci.
25. URANG HIRUP DI DUNYA TEH HENTEU LAMI (:79/46) - rhs, 18 Jumadilahir 1428 H- Dangukeun ieu sing hidmat, nami surat An-Naziaat,
ayat opatpuluh genep, lenyepan mangka saregep. - Nalika kiamat datang, duka ti peuting ti beurang,
manusa kakara sadar, yen hirup mubah kalantar. - Hanjakal kakara eling, waktuna geus elat teuing,
enggeus beakeun waktuna, nutup lawang pangampura. - Katambah waktu harita, karasa ku sarerea,
di dunya asa can lila, kakara sakedet netra. - Hirup teh asa can lami, asa kakara kamari,
malah asa karek tadi, kitu rarasaan jalmi. - Terang-terang enggeus ahir, dunya eureun henteu muntir,
ancur lebur jagat raya, kiamat teh nya harita.
TAMAT - NADOMAN NURUL HIKMAH, Tina Surat AN-NAZIAAT- Sakaratna jalma kapir, estuning ku matak watir,