- PANATARAN UNDAK-USUK BASA SUNDA
3 Mar 2005 - 5:06 pm
- Saha wae, urang mana wae ge tiasa ngiring panataran bari henteu kasengker ku yuswa, pendidikan sareng kalungguhan. Lamina panataran 3 dinten @ 2 jam, ti tabuh 10.00 - 12.00 WIB. Tempatna di Caraka Sundanologi, Jalan Naripan 7, Bandung.
- Jumlah anu ngiring panataran (pamilon) diwatesana mung 60 urang anu dibagi janten 3 entragan, masing-masing diwangun ku 20 urang, dumasar kana nomer urut pendaftaran.
- Jadwal Panataran.
Entragan Kahiji : Nomer urut 1 dugi ka 20. Panataran ping 14, 15, 16 Maret 2005
Entragan Kadua : Nomer urut 21 dugi ka 40. Panataran ping 21, 22, 23 Maret 2005.
Entragan Katilu : Nomer urut 41 dugi ka 60. Panataran ping 28, 29, 30 Maret 2005.
- Dinten kahiji sareng dinten kadua, sabundeureun pangaweruh undak-usuk basa sunda (tiori) anu baris didugikeun ku Drs. Budi Rahayu sareng Drs. Cece Hidayat. Sedengkeun dina dinten katilu, husus larap kecap sareng praktek ngagunakeun undak usuk basa sunda dina panguneman, anu baris didugikeun ku H. Adang S.
- Sakur anu kagungan maksad bade ngiring panataran undak-usuk basa sunda kedah ngalebetan formulir anu parantos disadiakeun sakantenan ngalunasan waragad anu ageungna Rp. 100.000,- (Saratus Rebu Rupiah) kalebet waragad langganan koran sunda "Galura" kanggo sasasiheun.
- Pendaftaran ngawitan dibuka dinten ieu, ping 7 Maret 2005 ti tabuh 10.00 - 17.00 WIB, di Caraka Sundanologi Jl. Naripan 7, Bandung ditutup ping 10 Maret 2005.
- Saha wae, urang mana wae ge tiasa ngiring panataran bari henteu kasengker ku yuswa, pendidikan sareng kalungguhan. Lamina panataran 3 dinten @ 2 jam, ti tabuh 10.00 - 12.00 WIB. Tempatna di Caraka Sundanologi, Jalan Naripan 7, Bandung.