Geus nepi kana UganaKu Dédé Kosasih

17 Aug 2005 - 10:27 am

Hiji peristiwa 'monuméntal' geus diguratkeun ku mangsi emas dina leunjeuran sajarah bangsa Indonésia, nyaéta ku lumangsungna pilprés kalayan suksés, aman, langsung tur démokratis. Hasilna, pada-pada kasaksén yén SB. Yudhoyono resmi jadi papayung agung bangsa Indonésia 2004-2009, sabada nyangking mandat rayat dina Pilprés II dina tgl 20 Séptémber 2004. Nya ieu meureun geus nepi kana ugana téh. Mungguh cék Bah Usin téa mah geus jadi guratan nasib jeung takdir hiji mahluk luyu jeung tutulisan ti Loh Mahpudna.

Geus nepi kana ugana. Ieu ungkara téh bet jadi ngahudang tineung. Jol ras baé inget kana kapercayaan kolot urang baheula, ngeunaan uga. Ari uga dina konsépsi masarakat Sunda raket patalina jeung sistim kapercayaan minangka tujuman (ramalan) parakaruhun baheula utamana kana parobahan sosial politik nagara nu bakal datang. Sakumaha nu kaunggel dina: uga Bandung, uga Galunggung, uga Banten jeung uga Kawasén. Upamana, cék uga Galunggung, cenah: Sunda bakal nanjung mun pulung geus turun ti Galunggung.

Patali jeung sual tujum-pertujuman téh geuning tétéla lain ngan monopoli urang (Sunda) baé, sabab méh di masarakat séjénna ogé aya. Di Jawa kawentar ku ramalan Jayabaya. Pon kitu deui di kalangan masarakat seler bangsa Kapulowan Mélanésia (kaasup Papua), kaceluk ku sesebutan cargo Cults. Malah kasebut bangsa (Eropa) nu geus maju tur modérn ogé nepi ka ayeuna masih muhit tur mercaya kana ramalan Nostradamus. Ari sistim kapercayaan model kitu téh ilaharna sok disebut mitos.

Ngan mun ninggang ka nu sok maruhit rasionalitas mitos téh dianggapna ukur ilusi atawa hayalan. Sedengkeun ari cék ahli filsafat Historiko-fenomenologis, Mircéa Eliade, yén anggapan modél kitu téh sabenerna kacida kaliruna. Sabab cenah ari mitos téh enas-enasna mah dadasar kahirupan sosial budaya manusa nu religius-arkhaik. Mitos téh abstraksi jeung réfléksi nu gelar tina hasil pangalaman réligiositas nu inténsif antara manusa jeung pangéranana, jeung papadana atawa jeung alam sabudeureunana. Ku kituna, teu anéh mun mitos téh loba napak dina totondén, panayogéan, kila-kila, jeung tangara jsté. Upamana, lamun dina hiji waktu manusia pareng mireng atawa mireungeuh hiji objék atawa peristiwa nu kaalamanana, ku nalurina sok tuluy matalikeun jeung naon nu pernah kadéngé atawa kajadian saméméhna. Mun cék sawangan futurolog mah boh ayeuna boh jaga seuhseuhanana mah mangrupa hiji jaringan peristiwa (network of event).

Nya ku jenengna SB. Yudhoyono, bari nelek-nelek jenengan pengkerna bet nyangkaruk hiji kapanasaran. Pikiran téh bet ujug-ujug ngabelesur tuluy ngacacang ka alam mana boa, brasna eunteup kana mitos Notonagoro. Naha enya, kitu? Pikiran téh teu weléh kebek ku kaboa, samutut ku kasugan. Nya meureun geus jadi kudrat manusa boga rasa panasaran téh. Tuluy baé kapanasaran téh ditalengteng bari teu leupas "dilelebah".

Paralun lain rék kokolot begog hususna kana "pulatak-politik" (nambut istilah Aa Gym), komo rék nyeta-nyeta malasipah mah. Da teu sing ngarasa "jumhur", malah jajauheun mun ngarasa geus weruh di semuna mah. Cék ujaring carita, ari Notonagoro téh cenah salah saurang bujangga jumhur (sosial politik) Jawa baheula nu kungsi ngasongkeun konsép tumali jeung tata cara ngolah nagara (natanagara, baca: notonogoro) dina sistem pemerintahan Indonésia. Ngan dina émprona éta konsép téh bet ngagilek mindah rupa jadi hiji ramalan piprésideneun nu baris ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara bangsa Indonésia ba'da kemerdékaan. Cenah unggal engang tina kecap natanagara téh seuhseuhanana mah minangka tangara atawa totondén ngaran pipamingpineun bangsa Indonésia, ku cara unggal ngaran dicokot engang tungtungna. Upamana, No cenah nyindekelna kana ngaran Soekarno, ari To tuluy dicantelkeun kana ngaran Soeharto. Ngan waktu Soeharto léngsér taun 1998, éta patron (mitos) nu kuduna nyantol kana engang No. Ih naha geuning bet nyalahan lantaran gagantina téh lain Try Sutrisno, ieu mah bet ngait kana ngaran Habibie???

Cékéng cacad tah ramalan téh. Ngan kagelo ku tarekahna "nu palinter", utamana ku nu sok resep mapandékeun, mapantes atawa masieup. Hih, da tara kacaturkeun béakeun hojah dina urusan ngalelebah mah. Ku karancagéan tukang mapantes téa, cenah ari Habibie (bs. Arab) téh mun seug dikias nurutkeun hartina mah sarua wé jeung sutresno (Jawa). Rada asup akal, tah!

Ngan lebah jenengan Abdurrahman Wahid (Gusdur) jeung Mégawati kaselir jadi presidén, euleuh ieu mah asa teu bau-bau sinduk acan. Ambuing, éta patron téh mélését, ganjor kabina-bina.

Ah, Busrit cékéng téh! Eit, ulah waka bingung! Aya kénéh babon anu bisa dijadikeun sisindekelan, cék tukang ngalelebah ngupahan. Eta babon téh cenah ayana dina salahsahiji bagéan ramalan Jayabaya téa nyaéta Jangka Jayabaya, anu unina: Kawastanan Jaman "Kala Sinela". Tegesipun jaman kaselan, awit ing Tanah Jawi, inggih punika Ratu Sabrang ing Nuswa Srenggi utawi saking Ngatas Angin. Wekasan dadosaken susahing tiyang alit, Tanah Jawi umur 2000 taun. Nu pihartieunana: (Kacaritakeun) baris aya hiji jaman nu disebut 'Kala Sinela', tegesna jaman transisi (sinela), yén tanah Jawi (Jawa) baris dipingpin ku Ratu Sabrang nu asalna ti Nuswa Srenggi atawa Ngatas Angin, nya nu ahirna nimbulkeun kasangsaraan ka rayat leutik. Waktu harita Tanah Jawa dina taun 2000.

Tina patron di luhur, urang tangtu bisa ngararampa, ka mana léokna jeung ka mana brasna. Geura urang sawang maké paradigma "dilelebah", pan écés pisan. Ngan ari nyabit Gusdur jeung Mega mah asa teu kacaturkeun. Kateranganana téh ngan ukur nuduhkeun waktu éta kajadian nu ngurung dina taun 2000. Da nu atra mah lebah nyabit-nyabit nu aya patalina jeung Habibie. Naha bet yakin kitu? Mangga wé, upama nilik ungkara awit ing tanah Jawi, inggih punika Ratu Sabrang ing Nuswa Srenggi utawi saking Ngatas Angin, asa rada béngras.

Bawirasa mun seug dicukcruk galurna, sélér jeung sarakanana téh pan Habibie téh tétéla asalna ti luar Jawa (Sabrang) nyaéta ti pulo Celebes atawa pulo Sulawesi. Ari Nuswa Srenggi? Tah ieu mah rada lebeng, tapi….boa-boa hartina luar negri? Cék sakaol, aya nu nyebutkeun yén Habibie saméméh 'diala' ku Pa Harto pikeun dijenengkeun mentri Risték harita, anjeunna mah geus lila mukim tur jadi warga nagara Jérman sagala. Nya..boa-boa luar nagri atawa nagara Jérman anu dimaksud Nuswa Srenggi téh!

Ngan nu leuwih deukeut mah nya lebah nyabit Ngatas Angin. Keur barudak sakola nu sok dialajar lagu-lagu daérah mah, paling copélna pasti bakal wanoh kana lagu "Angin Mamiri". Ari éta lagu téh asalna nya ti pulo Sulawesi. Malah nepi ka ayeuna Sulawesi Selatan téh sok dijaruluk ku sesebutan nagri Angin Mamiri. Tah, sesebutan Ngatas Angin téh gedé kamungkinan nunjuk kana lembur matuh banjar karang pamidanganana Habibie.

Ari wekasan dadosaken susahing tiyang alit, tanah Jawi umur 2000 taun. Maksudna ieu kajadian téh ngurung dina taun 2000 (sabada Gusdur tuluy ditéma ku Méga) nu dianggap puncakna kasangsaraan atawa kasusah pikeun rayat leutik. Cindekna boh Habibie, Gusdur, boh Megawati bisa disebutkeun ukur jadi présidén sinela (transisi), mungguh kitu cék éta tujuman. Disebut "presiden Sinela" (seselan, sisipan, "sementara" atawa transisi) lantaran dina dangka genep taun (1998-2004) méh dijabat ku tilu présidén.

Nya boa-boa… deuih, ku kapilihna SB.Yudhoyono maké paradigma "dilelebah" geus nepi kana ugana téh lantaran uga geus ngagiclek deui kana lilinggeran notonogoro téa. Ngan meureun anu jadi "misteri" téh naha ieu mitos téh bisa dianggap valid? Naha ieu patron Notonagorto bisa dianggap sohéh? Mungguh da jalma mah moal aya nu bisa nganjang ka pagéto. Ngan lamun ninggang di bener atawa sohéh, meureun éta mah ngan ukur kabeneran atawa bener "dilelebah" baé. Cék nu resep heureuy, mun enya téa mah sohéh cenah aya kénéh kasempetan keur dua présidéneun deui. Utamana ka nu boga ngaran tungtung ga atawa go, geura tatan-tatan wé ti ayeuna sugan kaselir jadi gaganti Yudhoyono. Atawa boa-boa….lamun engang go dihijikeun jeung ro ngajanggélék jadi kecap goro atawa goro-goro? Nu hartina mun réngsé (eureun) Yudhoyono jadi présidén, pamustunganana timbul goro-goro alias riributan (kakacauan). Ih, amit-amit, palias teuing. Ngimpi gé diangir mandi. Wallahu alam! ***



Tina Manglé No.1997 Januari 2005