Heureuy

20 Feb 2006 - 2:28 am

Bajuang

Maneuh saban poe Senen personel katut manajemen WRS ngariung di kantor di Jalan Sukasenang V No.14 Bandung.
Biasana mun geus rengse barang gawe, jejer wangkongan sok ngabalengkot kana obrolan sabulang bentor. Nu sok mirucaan ngadabrul nyaeta Gan Reza. Saperti kajadian dina minggu nu anyar kaliwat. Ti isuk meluk nepi ka sore jeder Gan Reza ngablamblam nyaritakeun pangalamannana. Salahsahiji dongengna nyaeta lalakon bajuang waktu perang ngalawan karaman DI TII.

"Lur! Kieu-kieu oge, sayah boga jasa ka nagara. Waktu taun 1950-an, sayah ngilu pager bitis, oge kalan-kalan aub kana pangperangan. Tah.. saksina ceda na tonggong," ngomong kituna teh bari ngalaan baju, terus nembongkeun tonggongna nu pinuh ku ceda.
"Euleuh meni raca kitu.. tilas tapak pelor oom..?" cek Teh Lina.
"Lain!" tembal Reza.
"Euh.. rupina ceda na tonggong oom, tapak kapetelan granat?" Dea nimbrung.
"Lain!" cek Gan Reza deui.
"Atuh tilas naon?" cek Yadi panasaran.
"Ceda na tonggong sayah, tapak panyakit Cacar," cek Gan Reza bari nyengir.


Tardan

Yadi : Nurutkeun panalungtikan kuring, ngaran kasenian nu hirup di tatar Sunda, karereanna nyokot tina akronim atawa wancahan. Contona, Lapidut wancahan tina Lawak, Kacapi jeung Dangdut. Doger wancahan ngadogdogan anu beger. Tarling, Hitar jeung Suling.
Dea : Ari Tardan wancahan tina naon?
Yadi : Kakara ngadenge tah, cik naon wancahanna?
Dea : Wancahan tina Gitar jeung munding edan (ngomongna kalem).


Carita Pondok Pangpondokna Sa dunya

Dina sela-sela kagiatan ngokolakeun Grup Lawak Sasagon, Gan Reza sok rajeun nulis Carpon. Malah tadina mah rek diilukeun kana pasanggiri carpon nu diayakeun ku Koran Sunda Galura.
Kusabab sieun kapilih jadi juara niatna bolay. Nurutkeun paniten sastrawan moyan (nu saban isuk moyan), carpon karya Gan Reza kapeunteun jadi carpangondoknya "carpon pangpondokna sa dunya". Judul Carpona "Budak Ceurik". Eusina sauted "Aya budak kacugak beling, ceurik".


BBM

"Geus ngadenge beja can, harga minyak tanah turun deui jadi Rp.800,-?" ceuk Dea ka Yadi.
"Ah.. eta mah berita bohong, piraku geus naek bet turun deui," tembal Yadi.
"Sumpah cek dina TV, saleter hargana Rp.800,- asal daek meretan selang tengki," cek Dea kalem.