- Ngawanohkeun: Dalih DjiunSeniman Topeng Cisalak
20 Feb 2006 - 2:31 am
Dina dunya seni hiburan geus moal bireuk ka ngaran Bokir (almarhum), pelawak lenong Betawi, kitu deui ka ngaran Mandra, Omas jeung Mastur, pelawak entragan ngora nu panginditanan tina seni topeng Betawi.
Tapi, mun nyebutkeun ngaran Dalih Djiun, pasti bakal kerung, tangtu bae da ngarana jarang midang dina telvisi, oge profesina lain pelawak. Papadaning kitu di lingkungan kasenian topeng Betawi boh di wilayah Betawi pinggiran saperti Bekasi, Tangerang, jeung Depok, boh di Betawi Tengah (kota) ngarana pada mikawanoh. Pangna dipikawanoh, sabab inyana salasaurang putra pasangan Dalih Djiun bin Dorak jeung Mak Kinang nu gede yasana mekarkeun kasenian "topeng Cisalak" katut topeng Betawi.
Hubungan jeung Bokir, Mandra, Omas jeung Mastur raket pisan, lain bae dina urusan kasenian, nurutkeun pancakaki kacida deukeutna. Bokir teh lanceukna, atuh jeung Mandra, Omas, katut Mastur, pernahna suan. Kitu deui dina urusan kasenian, Boh Bokir, Boh Mandra jeung adi-adina mangrupa alumni grup topeng Cisalak.
Ngaran lengkepna, lalakina nu ngaku dilahirkeun tanggal 5 februari 1933 di Cisalak Pasar, Cimanggis, Kota Depok nyaeta H. Dalih Bin Djiun. Dina dunya topeng Dalih bisa munggah haji, jeung ngalaman manggung ka mancanagara, atuh ngarana salian dipikawanoh ku papada seniman topeng, dipikawanoh oge ku seniman moyan tingkat nasional, kitu deui ku lingkungan akademis nu gede pakaitna jeung kasenian.
Sanajan ti mimiti gubrag ka alam dunya geus diwanohkeun kana dunya panggung, cita-cita hayang jadi seniman kungsi peunggas harepan,nu jadi alatan asa di wilah-wilah.kunu jadi kolotna "ari pun lanceuk Bang Bokir jeung bang Kisam ngilu manggung teu dicaram, ari abdi bet dihulag.Ceuk hate asa teu adil" kitu gerents hate abdi mangsa harita," ceuk Dalih ngumbar panineungan mangsa ka tukang. Singhoreng pangna dicaram ngilu manggung teh sangkan teu kaganggu sakolana.
Taun 1944 tamat ti SR, pas kaayaan nagara keur harengheng, kahirupan masarakat kacida ripuhna, loba nu dahar isuk teu sore, kitu deui kaayaan ekonomi kulawarga sarwa walurat. Ku kituna pikeun mantu-mantu nu jadi kolot ngilu manggung mantuan Bokir jeung Kisam., Lila-lila ku Dalih karasa manggung teh aya hasilna, sangkan kapake dina dunya panggung, Dalih nyeukeutan kamapuhna dina maen kendang,ngarebab jeung dina bab maen drama atau sandiwara, boh ka lanceukna, boh ka kolotna, oge kanu lian.
Husus dina bab maen sandiwara, Dalih kataji ku Sandiwara Miss Tjitjih, ku kituna mun keur reureuh dina panggungan sok maksakeun lalajo sandiwara Miss Tjitjih, waktu eta rombongan sandiwara tempat manggungna di Rivoli. Keur meumeujeuhna kasenian topeng maju, bapana maju kana rarempo, kusabab geus teu kuat deui manggung, pancegna dina taun 1955, pingpinan grup ku bapana dipasrahkeun ka Ma Kinang, anu seuh-seuhana eta grup topeng dikokolakeun ku Bokir, Kisam Jeung Dalih (BKD). "Alhamdulillah sanggeusna dicepeng ku genrasi ngora, kasenian topeng rada majeng, boh dina jihad garapan, boh dina jadwal panggungan," pokna.
Sataun ti harita kondisi panggungan ngadadak nyirorot, nu nanggap ngadadak sepi, kitu deui lamun ngamen jarang pisan didongdon kunu lalajo. Kaayaan panggung topeng saperti kitu, teu ngajadikeun Dalih reuntas harepan, malah sumanget hayang ningkatkeun ajen seni topeng beuki ngagedur.
"Ti kapungkur abdi hoyong tiasa nabeuh gamelan jeung ngawasa ibingan Sunda, ku kituna abdi sanajan teu boga bekel, nekad diajar kasenian topeng banjet Ka Cikampek. Keur ongkos di jalan buburuh manggung heula ka grup topeng Manyar di daerah cikunir,ceuk ieu lalaki nu kungsi meunang penghargan ti Departemen Penerangan taun 1988, waktu ngungkab lalakon apruk-aprukan ka daerah Cikampek.
Sanggeus balik deui ka Cisalak, hasil nyuprih elmu seni ti Cikampek diterapkeun dina garapan topengna, hasil gawena nyugemakeun, meunang pangbage nu hade ti masarakat, ti harita grup topengna nguniang deui.
Dina kaayaan grupna keur nanjeur, dina taun 1958 geletuk bapana ninggalkeun alam dunya pikeun salalawasna, dasar ninggang ditiis sanggeus ditinggalkeun maot ku bapana, panggung topeng ngadadak sepi. Atuh puguh kapaksa apruk-aprukan ngamen., Kondisi kituna aya kana dua tauna, satrusna kondisi panggungan ngaronjat deui.
Sanggeusna Ma Kinang teu bisa deui manggung, pingpinan grup topeng dicekel ku Dalih, Ma Kinang dina taun 1985, mulang ka alam kalanggengan . Kiwari grup topeng nu dikokolakeun ku Dalih beuki ilang komarana, ngan papadaning kitu, Dalih Djiun ngarasa bagja ku mekarna ibing Betawi nu huluwotana tina kasenian topeng Cisalak, oge ku nanjungna Mandra dina panggung hiburan, nu asalna miang tina seni topeng.*** (Nana Munajat)