LEMBAGA KEBUDAYAAN UNIVERSITAS PASUNDAN

30 Aug 2001 - 12:00 am

Lembaga Kebudayaan Unpas diadegkeun pikeun lengkah ngalaksanakeun garapan salah sahiji misi husu nyaeta:

Nalungtik, miara/ngamumule sarta mekarkeun Budaya Sunda, anu tatapakanana:


  1. Budaya mangrupa reka cipta rengkak paripolah manusa sagemblengna, cipta, rasa, karya, karsa kaasup palsapah, adat istiadat jeung tata adab anu ngabogaan ajen pikeun nyumpanon kabagjaan lahir jeung batin.
  2. Budaya teh badana manusa mangrupa anugrah ti nu Maha Kawasa ka mahluk nu bogaan akal, pikiran, budi, rarasaan jeung daya indra liana, pikeun kamekaran, hirupna kabudayaan.
  3. Manusa salaku mahluk social ngabogaan kawajiban pikeun miara lingkungan social, jeung alam sabudeureuna.
    Manusa boga kawajiban pikeun ngawariskeun hasil pagawean anu hade ka entragan anyar.
  4. Geus mangrupa hiji kawajiban pikeun Bangsa Indonesia nu merdeka pikeun ngaronjatkeun daya upaya kamekaran budaya nu geus dipibanda ciciren hiji bangsa luyu jeung falsafah Pancasila.
  5. Hiji kanyataan nu jinek (kongkret) yen kabudayaan nasional the diwangun ku anjen-anjen budaya daerah.
  6. Pangwangunan, kamekaran, jeung ngadegna kabudayaan daerah nu mibanda ajen luhur, tinangtu bakal jadi tatapkan nu pageuh pikeun ngadegna sarta mekarna budaya nasional, eunteungna kapribadian bangsa nu hakiki, sangkan ngawujud
  7. Bhineka Tunggal Ika dina kahuripan kabudayaan anu tanggoh.
  8. Kabudayaan Nasional Bangsa Indonesia kudu disusun, dibina dimekarkeun dumasar kana falsafah Pancasila.
  9. Geus mangrupa hiji tugas unggal paguron luhur pikeun ngabina kamekaran aspek-aspek budaya/elmu pikeun ngaronjatkeun kabudayaan dina raraga ngalaksanakeun Tri Darma Paguron Luhur luyu jeung sipat, kalayan martabat lembaga elmu.
  10. Universitas Pasundan ngabogaan tugas pikeun mekarkeun, ngaronjatkeun misi, Paguyuban Pasundan salaku pupuhu organisasi dina widang anu luyu jeung tugas paelmuanana.
  11. Universitas Pasundan luyu jeung fungsina salaku lembaga paguron luhur ngemban pancen misi paguyuban Pasundan dina mekarkeun jeung ngaronjatkeun kabudayaan daerah Sunda (Jawa Barat) khususna dina widang panalungtikan ilmiah, anu diancokeun pikeun hirup huripna kabudayaan Nasional.
  12. Patali jeung pasualan-pasualan di luhur tadi, Unpas ngadegkeun Lembaga Kabudayaan anu ngabogaan rarancang gawe saperti dadaran di handap ieu.


TUJUAN

Ngaguar, nungtik jeung nalungtik, ngamumule, mekarkeun sarta ngaronjatkeun kabudayaan daerah Sunda/Tatar Sunda hususna, budaya nasional dina umumna, pikeun ngabangun Nasional/Indonesia anu nyoko dina adeg-adeg budaya daerah nu karanggeum ku Bhineka tunggal Ika anu anteb dumasar kana falsafah Pancasila.

Usaha/Tarekah:

  1. Nungtik jeung nalungtik kabudayaan Sunda/Jawa Barat, anu sumebar kalayan masih keneh hirup jeung mekar turta nu geus ampir leungit tina ulekan kahuripan. Ngaguar deui sesa-sesa anu geus kasidem ku mangsa jeung kaayaan jaman.
  2. Ngumpulkeun data-data cultural hasil panalungtikan kalayan diguar eusina, anu enas - enasna mibanda ajen luhur pikeun ngarojong ajegna budaya nasional.
  3. Ngumpulkeun laporan-laporan hasil panlungtikan instansi nu lian pikeun babandingan keur ngahontal kacindekan-kacindekan.
  4. Medalkeun laporan-laporan panalungtikan lembaga-lembaga nu aya patula-patalina, disebarkeun pikeun kapentingan masyarakat luas/umum.
  5. Ngayakeun panalungtikan ngeunaan filsafat, adat istiadat (kaasup tatakrama) sejarah, antropologi bahasa jeung sastra sunda anu hasilna pikeun bahan atikan/di lembaga-lembaga atikan atawa saha bae anu merelukeun.
  6. Ngupayakeun mekarna seni budaya nu jadi identitas, bandana urang sunda saperti seni tari, karawitan gending, seni rakyat modern, seni rakyat transisional kabinangkitan jeung lian ti eta, mangrupa ekspresi daerah Sunda dina kahuripan kabudayaan.
  7. Ngupayakeun supaya tetep hirup budaya daerah tatar sunda kucara ngayakeun pagelaran, seminar-seminar, simposium-simposium, lawungan ilmiah jeung latihan-latihan.
  8. Ngupayakeun bareng jeung lembaga-lembaga kabudayaan nu sarupa di urang jeung mancanagara.
  9. Nyusun dokumentasi, kapustakaan, medalkeun karya-karya ilmiah ngeunaan budaya luyu jeung rarancang gawe lembaga.
  10. Ngumpulkeun, pendekomentasian karya-karya budaya, dieuyeuban turta disebarkeun pikeun nu merelukeun.
  11. Ngupayakeun hasil-hasil panalungtikan bisa dipake ciri identitas dianggo misi turta diterapkeun ku Paguyuban Pasundan ngalangkungan Yayasan Pendidikan Tinggi anu nerap dina Tridarma Panguron Luhur.
  12. Mere artikan ngaliwatan mata Ilmu Budaya Sunda ka para mahasiswa.


STATUS

Lembaga kebudayaan diwangun ku yayasan Pendidikan Tinggi Pasundan anu dipayungan ku Universitas Pasundan jeung fakultas-fakultas.



UDANGAN

Jadi puseur informasi budaya sunda, dina harti anu jembar.