- Minawoh Pandawa Lilima
22 Aug 2001 - 12:00 am
Dina raraga mekarkeun sareng ngawanohkeun Seni Sastra Padalangan, urang cobi pedar Seni Sastra Padalangan ieu anu dikawitan ku ngawanohkeun tokoh-tokoh Pandawa Lilima sareng tokoh sanesna nu mibanda watek sareng tabiat nu rupi-rupi. Mangga urang cobian pedar hiji-hiji diantawisna:
Prabu Pandu Dewanata
Raden Pandu Dewanata putra Bagawan Abiyasa (Kresna Dipayana) ti Dewi Ambalika. Rakana namina Destarata, ari rayina Raden Yamawidura. Pandu kagungan wanda sampulur, satria nu kalintang kasepna sareng sakti mandraguna. Jalaran kitu anjeunna dijadikeun raja di nagara Astina. Nu jadi garwa Pandu dua urang, nyaeta Dewi Kunti Nalibrata sareng Dewi Madrim. Pandu Dewanata kagungan putra lima, anu disebat Pandawa Lilima. Putra cikalna nyaeta Samiaji biasa disebat Darmakusumah, nu nomer dua Bima atanapi Bratasena, katilu Arjuna, kaopat Nakula sareng nu bungsu Sadewa. Dewi Kunti putrana tilu nyaeta Samiaji, Bima sareng Arjuna. Anu kembar nyaeta Nakula sareng Sadewa putra Pandu ti Dewi Madrim. Pandu pupus ku supata Resi Kumindana. Sateuacan pupus anjeunna nitipkeun nagara Astina sareng kulawargana ka Destarata.
Dewi Kunti Nalibrata
Dewi Kunti Nalibrata teh putra raja Kuntiboja ti Nagara Mandura. Dewi Kunti kagungan raka wastana Basudewa. Sateuacan nikah Dewi Kunti kakandungan sacara teu wajar. Didieu Batara Surya nu kagungan dosa, sanggem ngaluarkeun jabang bayi tina cepil Dewi Kunti. Kumargi kitu wasta eta bayi teh Karna, nu hartosna cepil. Salami janten prameswari Pandu Dewanata, Dewi Kunti kagungan putra tilu. Nu cikal jenengannana Darma Kusumah, nu kadua Bratasena, nu bungsu nyaeta Arjuna. Putra nu hiji deui nyaeta Karna ti Batara Surya.
Darmakusumah
Darmaksumah biasa disebat Puntadewa atanapi Kontea. Jalaran anjeunna putra Pandu nu pangageungna, nya dijantenkeun raja di Amarta. Nalika di leuweung (alas) Amer, Kontea ngawonkeun raja Siluman, jenengannana Darmakusumah. Nya ti waktos harita Kontea nganggo lalandian Darmakusumah. Alas Amer janten nagara Amarta. Darmakusumah kagungan garwa ka Dewi Drupadi putra raja Drupada ti nagara Cempala Dirja. Aranjeunna kagungan putra pameget, jenengannana Raden Pancawala. Prabu Darmakususmah raja Amarta nu minandita. Anjeunna sabar tawekal, adil, wijaksana sareng mikaasih ka rahayatna. Salami gumelar di marcapada anjeunna teu acan kantos nganyerikeun jalmi. Anjeunna oge kagungan jimat Jamus layang kalaimasadha.
Bratasena (Bima)
Bratasena sok biasa disebat Bima, Werkudara, Sena atanapi Bilawa. Waktos dibabarkeun masih keneh dibungkus lamad. Soehna eta bungkus diamuk ku Gajah Sena. Nya tiharita disebat Sena. Dedegan Sena jangkung ageung, simbar dada, bosongot bade amprotan. Godeg, janggot sareng kumisna rambosbos bewos sareng rambutna gimbal. Sipatna jujur, tara linyok tara bohong, sacangreud pageuh sagolek pangkek. Anjeunna tara nyebatkeun kawon atanapi sieun dina mayunan sagala perkawis. Jalaran kitu anjeunna didamel bebenteng Amarta. Bratasena kagungan garwa tilu. Nu kahiji jenengannana Dewi Badawangwati puputra Jakatawan, nu kadua Dewi Nagagini putraan Raden Antareja, sareng nu pamungkas Dewi Arimbi kagungan putra Raden gatotgaca.
Arjuna
Arjuna teh putra Pandu nu panengah, numawi sok disebat Panengah Pandawa. Anjeunna salahsawios satria nu sampulur. Rarayna bodas ngadaun seureuh, damis gula sapasi, soca sipit, angkeut endog sapotong. Sipatna ampuh lungguh, lantip sareng tartib, amis budi sae basa hade tata, hormat tilawat ka sepuh, sumujud ka guru, takwa kanu Maha Kawasa. Arjuna satria nu gagah sakti mandraguna. Kenging disebatkeun lalaki langit lalanang jagat. Watekna dipiasih ku istri dipinyaah ku somah. Numawi janten panonoban para mojang, rebutan para Kania. Arjuna kagungan istrina seueur pisan. Nanging nu saleresna mah mung Dewi Subadra putra Prabu Basudewa ti Mandura, sareng Dewi Srikandi putra Prabu Drupada ti nagara Cempala Dirja. Putra ti Dewi Subadra nyaeta Raden Abimanyu. Arjuna nyepeng kalungguhan minangka Adipati di Madukara.
Nakula Sadewa
Nakula sareng Sadewa teh kembar, putra Pandu Dewanata ti Dewi Madrim. Ti bureyna keneh, eta putra kembar teh parantos dikantunkeun ku ibu ramana. Jalaran kitu eta dua Pandawa teh dirorok ku Dewi Kunti sasarengan sareng para Pandawa sanesna. Dina carios Pandawa nyamar di Nagara Wirata, Nakula digentos namina janten Pinten, Sadewa jadi Tangsen. Aranjeunna satria kembar anu ngulik dina bagbagan tatanen sareng miara sasatoan, kanggo ngaronjatkeun kahuripan sareng kahirupan.
Batara Kresna (Bangbang Arayana)
Bangbang Arayana teh nami Kresna nuju rumaja. Anjeunna putra Prabu Basudewa raja Mandura. Arayana kagungan raka nyaeta Raden Kakrasana atanapi Prabu Baladewa sareng kagungan rayi istri sarama ti Dewi Badraini nu wastana Dewi Subadra atanapi Dewi Mayang Arum. Prabu Kresna teh titisan Dewa Wisnu salirana camani (hideung), jalaran kitu sok biasa disebat Batara Kresna. Anjeunna jadi Raja di nagara Dwarawati. Prabu Kresna pinter nyarios, gagah sakti. Anjeunna kagungan senjata panah Cakra nu ampuh, oge jimat Kembang Cangkok Wijayakusumah kangge ngadamangkeun nu teu damang atanapi nu pupus sateuacan waktosna. Nalika Barata Yudha, Kresna jadi juru taktik perang ti pihak Pandawa. Sadayana musush tiasa dikawonkeun ku para Pandawa ku siasatna Batara Kresna.
Raden Gatotgaca
Gatotgaca teh putra Bima ti Dewi Arimbi ratu Pringgandani. Raden Gatotgaca kagungan garwa ka Dewi Pergiwa putra Raden Arjuna, puputra Bangbang Kaca. Waktos dibabarkeun tali ari-arina teu tiasa dipegatkeun, nya tiasa dipegatkeun ku senjata Konta. Anu kapapancenan megatkeunnana nyaeta Arjuna. Dina carios Barata Yudha, Raden Gatotgaca seueur nelasan para Korawa. Gatotgaca perlaya ku Konta kagungan Adipati Karna.
Semar Badranaya
Semar Badranaya nyaeta salahsawios badega, nu bela tumutur ka para Pandawa. Semar sok biasa disebat Lurah Semar Kudapawana. Semar teh kawitna mah kasep ngalempereng koneng, terah Dewa nu sakti pilih tanding, jenengannana Batara Ismaya atanapi Sang Hiyang Munget putra Sang Hiyang Wenang. Wujud Semar salin jinis sapertos nu ayeuna dipikaterang ku urang kumargi nelasan rayina nyaeta Sang Hiyang Rancasan sasarengan sareng rayina nu namina Sang Hiyang Antaga jalaran palay ngapimilik pusaka jimat Jamus Layang Kalimasadha. Kangge tambi keueung Ki Lurah Semar nyiptakeun tilu putra nyaeta Cepot/Astrajingga, Udel/Dawala, sareng Garfeng nu paripolahna pikalucueun. Ki Semar kagungan garwa ka Dewi Sutiragen.