SILIH ASIH, SILIH ASAH, SILIH ASUH (3)Ku: Hidayat Suryalaga

6 Sep 2001 - 10:06 am

SILIH ASUH

Kecap ASUH ngandung harti ngabingbing, ngatik ngadidik, ngajeujeuhkeun, makihikeun, silih raksa, silih riksa, silih jaga dibarengan ku rasa nyaah jeung asih. Jadi SILIH ASUH bisa dihartikeun silih aping silih jaring, silih pikanyaah, silih pihapekeun diri, silih tanggeuy ku kadeudeuh, silih ajen inajenan, silih hormat. Nu ahirna ngawujudkeun rasa anu tengtrem ayem, pinuh ku geter silaturahmi anu wening. Anu saluhureun mikanyaah ka nu sahandapeun, anu sahandapeun ngajenan ka nu saluhureun, jeung sasama silih tulung tinulungan. Silih jeujeuhkeun kadeudeuh, silih pakihikeun rejeki. Sagala rupa kudu dipilampah bari jeung titih rintih, nete taraje, nincak hambalan, nyusun jeung ngentep seureuh nurutkeun tatakramana. SILIH ASUH teh bisa disinggetkeun dina kecap anu populer nyaeta kudu POSISIONAL. PROPORSIONAL jeung PROFESIONAL.


Unsur tina SILIH ASUH di antarana:


  • Asuh nyaeta kasadarajatan
  • Asuh nyaeta ngahargaan
  • Asuh nyaeta kaiklasan (B.I: kerelaan)
  • Asuh nyaeta bakorban
  • Asuh nyaeta mikawanoh diri pribadi
  • Asuh nyaeta kajujuran
  • Asuh nyaeta adil
  • Asuh nyaeta sinatria
  • Asuh nyaeta regenerasi
  • Asuh nyaeta panghormatan
  • Asuh nyaeta kaderisasi
  • Asuh nyaeta pangakuan
  • Asuh nyaeta kaweningan hate
  • Asuh nyaeta tanggung jawab
  • Asuh nyaeta rasa sauyunan (B.I: kebersamaan)

Upama dipedar leuwih gemet, SILIH ASUH teh ngandung harti saperti ieu di handap:

Asuh nyaeta Kasadarajatan
Kasadarajatan bisa dihartikeun ayana rasa karumasaan yen pada-pada mahluk Alloh. Tegesna henteu kaancikan ku rasa hayang ngelehkeun atawa hayang neken, jajauheun kana hayang ngajajah mah. Dua pihakanana pada narekahan sangkan aya kasaimbangan anu luyu jeung tatakrama sosial.

Asuh nyaeta Ngahargaan
Silih hargaan atawa silih ajenan, tegesna pada-pada narekhan sangkan interaksi teh panceg ngajenan hak ajasi pribadina masing-masing.

Asuh nyaeta Kaiklasan (B.I: kerelaan)
Silih asuh nyatana kasadiaan ti kabeh pihak pikeun sacara iklas tur rela nyadiakeun waktu, tanaga jeung pikiran geusan ngawujudna suasana silih asuh.

Asuh nyaeta Bakorban
Sanggeus ayana kaiklasan tinangtu bakal sadia pikeun bakorban. Sabab ngasuh ngandung harti aya hal-hal anu sipatna pribadi kudu dikorbankeun pikeun ngawujudna suasana silih asuh.

Asuh nyaeta Mikawanoh Diri Pribadi
Kulantaran salasahiji ciri tina Asuh teh nyaeta proporsional, ieu ngandung harti dua pihakanana kudu wanoh kana kamampuh jeung posisi dirina, tepi ka dirina apal lebah mana posisina, naha dina posisi kudu ngasuh atawa keur jadi nu diasuhna.

Asuh nyaeta Kajujuran
Sarat utama pikeun tumuwuhna rasa silih percaya nu ahirna ngawujud jadi rasa silih asuh, nyaeta nyampakna kajujuran ti dua pihakanana. Jujur dina harti beresih hate, bruk-brak, henteu beungeut nyanghareup ati mungkir, henteu suudon atawa goreng sangka; daek narima kanyataan saayana.

Asuh nyaeta Adil
Kaadilan, tegesna ngajenan kana hak jeung kawajiban boh keur dirina pribadi boh keur batur. Ayana kaadialan bakal nuwuhkeun pageuhna tatali batin.

Asuh nyaeta Sinatria
Sinatria nyaeta sipat wani ngaku kana kasalahan jeung kakurang dirina, sarta wani ngaku kana kapunjulan nu sejen. Sipat sinatria bakal nuwuhkeun rasa diajenan.

Asuh nyaeta Regenerasi
Enas-enasna tina silih asuh nyaeta ayana tujuan pikeun nemakeun kanyaho atawa kalungguhan ka entragan nu anyar. Jadi mibanda daya regenerasi. Hal ieu teh kacida perluna pikeun lumangsungna peradaban bangsa, pikeun kamajuan bangsa. Tanpa ayana rasa silih asuh tinangtu proses regenarasi bakal kandeg.

Asuh nyaeta Panghormatan
Hakekatna pikeun nu ngasuh atawa keur nu diasuh, silih asuh teh bukti tina rasa panghormat ti dua pihak. Rasa hormat bakal tumuwuh upama aya geter-geter gaib nu sumirat tina kapribadianana nu ngabalukarkeun batur ngarasa yen kudu mihormat.

Asuh nyaeta Kaderisasi
Kaderisasi, nyaeta tarekah pikeun nepakeun pancen atawa udagan ka generasi nu anyar anu ngahaja diaping dijaring, dibebener sangkan muru kana hiji tujuan anu geus ditangtukeun. Proses kaderisasi leuwih neueulkeun kana ayana proses transformasi ajen atawa pangaweruh. Lumangsung hiji organisasi bakal kacida gumantungna kana kalancaranana proses kaderisasi; sarta ieu teh bakal kawujudkeun ku ayana SILIH ASUH.

Asuh nyaeta Pangakuan
Proses SILIH ASUH ngandung unsur ayana pangakuan anu jujur ti dua pihakanana. Pada-pada ngarasa yen silih pikabutuh. Duanana kudu pada ngaku yen boh nu ngasuh boh nu diasuh, eta teh pagawean anu kudu dipilampah ku duapihakanana. SILIH ASUH moal bisa ngawujud upama anu aktipna ngan salasahiji pihak bae.

Asuh nyaeta Kaweningan Hate
SILIH ASUH kakara bisa karasa geter silaturhamina upama didadasaran ku kaweningan hate, iklas tur taya pangarahan. Kaweningan hate teh lir ibarat cai nu herang ngagenyas nu mere daya hirup.

Asuh nyaeta Tanggung Jawab
SILIH ASUH eta jadi tanda ayana rasa tanggungjawab ti dua pihakanana, boh tanggung jawab pikeun ngawujudkeun hiji udagan ti nu ngasuhna, jeung rasa tanggung jawab pikeun neruskeun ngawujudkeun tujuan tea ku nu diasuhna. SILIH ASUH teh ngandung harti karageman pamadegan kana hiji udagan nu rek dihontal.

Asuh nyaeta Rasa Sauyunan (B.I: kebersamaan)
SILIH ASUH dibeungkeutna ku ayana silih eledan, rukun sauyunan, sareundeuk-saigel, sabata sarimbagan, saketek-sapihanean.


Upama dititenan kalayan gemet, tetela SILIH ASUH teh nitik-beuratkeun pisan dina ayana kasaluyuan jeung "laras"-na hubungan silaturahmi antara manusa nurutkeun proporsi jeung profesi jadi unsur nu kacida pentingna. Kamaheran manajerial jeung ngajenan kana birokrasi kaasup aspek SILIH ASUH.

SILIH ASUH hakekatna mah taya lian ti pikeun ngawujudkeun HAK AJASI MANUSA SAGEMBLENGNA nurutkeun kodratna sewang-sewangan.



PAMUNGKAS

Upama ditengetan jeung dilenyepan mah, tetela geuning babasan (motto) SILIH ASIH, SILIH ASAH jeung SILIH ASUH teh estu leubeut ku ajen-inajen kamanusaan; anu upama bisa diwujudkeun dina tingkah laku sapopoe mah bakal ngagelarkeun hirup nu tengtrem ayem pinuh berekah bari kebek ku ngantengna silaturahim anu wening.Lamun seug urang Tatar Sunda mampuh ngalaksanakeun prinsip-prinsip Silih Asih, Silih Asah jeung Silih Asuh dina kahirupan sapopoe, moal henteu kualitas Sumber Daya Manusa di Jawa Barat bakal unggul nu ahirna dipiharep bisa milu ngangkat harkat darajat Bangsa Indonesia kana tahap nu unggul pinunjul, dicirian ku paripolah manusana anu CAGEUR – BAGEUR – BENER – PINTER.



*** Lembaga Kebudayaan UNPAS - 1996, 2001.