- WANGSIT TI BADIGUL/RANCAMAYATanggal: 25 Oktober 1987. Katampi ku: R. Hidayat Suryalaga.
25 Sep 2001 - 3:26 am
Hung.
Pinasti panggih kiwari
anu ditunggu geura nangtung
sabab suku bisa ngalengkahan alam dunya
Triwikrama
tilu lengkah nu utama
urus diri
urus bangsa
urus dunya jeung engkena
pesat naon bae nu bisa dipake
nyundang jeung nyanding nu hirup.
Yeuh,
keur naon kula
dibere gelar
Silihwangi
mun teu bisa ngawangian
ka nu baris datang.
Ari kula nyampak di andika
inget
inget
geura cengkat
heh nu ngaku anak incu kula,
sabab getih dia nu bakal
menta saksi.
muga
pamaksudan hasil
prak
prak
(dipungkas ku heraldik/lambang dina wangun pasagi 4 turih wajit, aya aksara Sunda Kuna)
Catetan:
Badigul teh pasir bulistir di Rancamaya -caket Batutulis- Bogor. Ieu tempat kacaritakeun dina Naskah Sunda Kuna. Nurutkeun Drs. Saleh Danasasmita (budayawan/sejarawan) nu katampa ku kuring pribadina (saminggu samemeh pupus), nyaurkeun yen di badigul, Prabu Siliwangi “diawuy/dikremasi”. Lebakkeunana ayeuna jadi sawah, malah dijadikeun real estate, padahal baheula nya di dieu pisan Talaga Rena Mahawijaya teh. Kuring kungsi jarah ka ieu tempat 3 kali diantarana jeung Acil Bimbo, Uu Rukmana, Adil Fadila Kusumah, Dadi P. Danusubrata, jeung sajabana ti eta.