WANGSIT TI PANGERAN PAPAK (R. WANGSA MUHAMMAD)Tanggal: 8 April 1982. Katampi ku: R. Hidayat Suryalaga.

25 Sep 2001 - 7:08 am


  • Rumaksa ing jagat kabeh,
    rumaksa ing kujur diri,
    rumaksa taya petotna,
    saking ati nu berbudi,
    perceka ngagarap rasa,
    nu nitis ti alam suci.

  • Sujud tilu kana tilu,
    opatna sahabat mami,
    kalima pancering awak,
    tujuh nema dina wujud,
    salapan dadasar raga,
    sawelas pungkasan diri.

  • Puguh nuhun kudu kitu,
    da eta jalaning suci,
    kudu sabar ku cocoba,
    kapan geus pasti geus jangji,
    ulah luncat ti subaya,
    wayahna peurih saeutik.

  • Upama hirup geus wujud,
    bakal karasa ku yakin,
    aya teh dina teu aya,
    teu aya teh dina saksi,
    nyaksi yen ukur teu daya,
    kumambang ka kersa Gusti.

  • Rum arum sadarum jati,
    jati jatining kang suci,
    kapan aya papay raratan,
    raratan wincikan lahir,
    gumelar geus ti baheula,
    di dunya ukur arulin.

  • Muga estu ka satuhu,
    ulah ngijing sembah salah,
    tuluyna ruksak rohaka,
    jadi jejerih ku bukti,
    sagala sieun ku boa,
    nuturkeun rungsing berewit.

  • Kum, Ahum Wali Yang Agung,
    Bis - Mim Waliyul diri,
    Lam, Alip dina mamaras,
    mangka buka mangka yakin,
    da eta jejeran gelar,
    tuturkeuneun nu perwinci.

  • Opat teh sada awalna,
    lima teh sada ahirna,
    ayana di la illaha,
    nema dina illalohu,
    anjogna waliyulloh nu hakiki.

  • Sumujud tuhu ka estu,
    sumujud yakin hakiki,
    sumembah di ka-Allah-an,
    sumungkem di kahayatan,
    insan sumujud ka insan,
    Gusti sumujud ka Alloh.

  • Mim, Dal, Mim, Nun.

  • Keur hidep:
    iup bayu tiup rahayu,
    angin leutik ti Lohmahfud,
    jaregjeg raga sukmana,
    cageur bageur hirup-hurip,
    bray caang, bral geura miang,
    sanghareupan nu hakiki.

  • Kitu kuduna nu hirup,
    mapay ka raratan diri,
    ti mana mulang ka mana,
    ti mendi balik ngajadi,
    mun mulang rebo bawana,
    balik ngahariring leutik.

  • Turungtung tepi ka puhu,
    paralak ku raga suka,
    ditabeuh pinuh kadeudeuh,
    Allohu - Allohu kula rek datang,
    dalitkeun dina hakekat,
    hayang nyurup puhu tungtung.