WARUNG SUNDANETPUPUH BALAKBAK

23 Oct 2001 - 2:18 am

Pupuh Balakbak teh pupuh nu ngagambarkeun rasa bungah, heureuy nanging bari aya pikiraneunana. Ngahaja dipidangkeun suipados kaaos ku sadaya kulawedet Sundanet, dugi ka iasa kagambarkeun suasana nu genah, merenah, tumaninah tur amanah di lingkungan Sundanet. Pada kahiji ngahaja nyutat anu parantos dipiwanoh nya eta "Warung Citameng" minangka panaratas jalan supados aremut deui kana laguna/kawihna.


  • Aya warung sisi jalan rame pisan - Citameng,
    Awewena luas-luis los ka dapur - ngagoreng,
    Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyet - nyanggereng.

  • Di Bandung ge aya warung rame pisan - Internet,
    Pajemuhan ngariung di Warung Bandung - Sundanet,
    Beurang peuting beurang peuting ngaladangan nu sarumping - diparet.

  • Di Sundanet dagangan teh rupa-rupa - ngabengbreng,
    Anu ngintun dagangkeuneun sarwa aya - araheng,
    Nu meserna nu meserna teu langkung mana nu palay - tong reheng.

  • Nu daragang ngabarak dina gempungan - Internet,
    Uluk salam matrikeun silaturahmi - Sundanet,
    Silih asih silih asah silih asuh jeung saderek - ngareret.

  • Nu ngagaleuh pada milih kasedepna - teu getreng,
    Beuleum sampeu peuyeum ketan comro garing - digoreng,
    Ditaruang ditaruang bangun ni’mat raos pisan - singhoreng.

  • Di warung mah tamuna teh rupi-rupi - teu aneh,
    Anu mawi di warung mah kedah sabar - tur sareh,
    Sabar manah sabar manah uluk salam nu someah - darehdeh.

  • Aya tamu sumpingna kirang wiwaha - nyanggereng,
    Digeuingna sae ku cara nu lantip - teu goreng,
    Lami-lami lami-lami tangtos tamuna ge isin - singhoreng.

  • Sundanet teh tempat ngariung mimitran - saderek,
    Mangga rampes diantos pisan sarumping - saderek
    Masamoan-masamoan silih pedar kauninga - saderek.


Tansah Hormatna: Abah Surya. Oktober 2001.