AJEN INAJEN KAMANUSAAN KACIDA PENTINGNA DINA ALAM KASAJAGATANKongres Basa Sunda VII

23 Oct 2001 - 11:47 pm

Mikawanoh kana ajen inajen kamanusaan nu nyampak dina kandungan Sastra Sunda, estu bakal jadi bekel nu kacida pentingna dina alam kasajagatan ayeuna. Nya kitu deui kaayaan sastra tarjamah boh nu tina Basa Sunda kana basa deungeun atawa sabalikna; pikeun jadi tanda hirup-huripna Sastra Sunda. Hirup-huripna Sastra Sunda perlu meunang perhatian anu gede. Da moal henteu tina eusi kandungan Sastra Sunda teh masarakat urang bakal bisa nyeuseup enas-enas kamanusaan.

Kitu ceuk Drs. H. Hidayat Suryalaga Pupuhu Panitia Panyipat (Steering Commete) Kongres Basa Sunda VII (KBS VII), anu diayakeun ku Lembaga Basa jeung Sastra Sunda gawe rukun jeung Dinas Kebudayaan & Pariwisata Daerah (Disbudpar) Propinsi Jawa Barat dina tanggal 10–12 Nopember 2001 anu bakal datang di Garut.

Ayana Kongres Basa Sunda VII iwal ti pikeun nyumponan garapan gawe LBSS nu geus dirarancang ti anggalna, karasa pisan perluna pikeun ngahirup-huripkeun Basa Sunda dina pajamanan kiwari anu kaayaanana geus loba robahna. Upamana bae ku lantaran ayana parobahan kawijakan kanagaraan, anu tadina sumender kana sentralistik kiwari ngeser kana desentralisasi/Otonomi Daerah (Otda).

Leuwih teleb Hidayat nandeskeun, ieu kaayaan bisa nimbulkeun robahna kalungguhan Basa Sunda Lulugu ku tumuwuhna kahayang di sawatara wewengkon pikeun ngajarkeun Basa Wewengkon di sakola-sakola nu aya di daerahna. Malah di sawatara wewengkon mah geus aya nu boga anggapan teu perlu ngajarkeun Basa Sunda (Basa Lulugu) deui. Ieu ngandung harti perlu dicindekkeun ku ulikan Dialektologi.

Luyu jeung pagaliwotana mass media boh media citak, radio, tv malah internet, karasa pisan perluna Basa Sunda anu bisa ngigelan kamajuan elmu pangaweruh dina sagala widang. Hal ieu oge luyu jeung konsep kamekaran dunya komunikasi. Pikeun mateahkeunana perlu aya lelengkahan anu rancage.

Upama nitenan tumuwuhna kasadaran masarakat ayeuna pikeun ngagunakeun Basa Sunda dina rupa-rupa kasempetan estu matak pikagumbiraeun. Upamana bae para pajabat geus mimiti aya nu wani ngagunakeun basa Sunda dina biantara-biantarana. Para "selebritis" nu asalna ti Tatar Sunda geus biasa nyaruk obrolanna ngagunakeun Basa Sunda. Kitu deui di sawatara Majelis Ta'lim para Hotib anu ngadugikeun hotbah di masjid henteu saeutik anu kalayan teguh pengkuh medar elmu ka-Islaman ngagunakeun Basa Sunda saluyu sareng pidawuh Alloh SWT nu kauni dina surah Al Ruum:22 sareng Al Hujuraat:13. Kaayaan nu eungkeut-eungkeut pikagumbiraeun ieu teh perlu dilelempeng, sangkan bisa nuwuhkeun deui komarana Basa Sunda dina kahirupan sapopoe masarakatna.

Basa Sunda kudu tetep bisa hirup kalawan hurip sangkan bisa nyumponan kana kagunan (fungsi) basa. Ku kituna perlu aya panalungtikan-panalungtikan anu daria, hasilna dibewarakeun ka balarea. Ieu teh perlu ku karancagean ti para ahli basa, sastra jeung filolog. Tangtu bae kudu dirojong ku piwaragadeunana, ceuk Drs. H. Hidayat Suryalaga.



Jejer Widang Garapan KBS VII

Ketua Panata Calagara (Organizing Commeete) Drs. H. Uu Rukamana nandeskeun, luyu jeung garapan gawe LBSS nu ngamutalaah widang Basa – Sastra jeung Atikan, nya dina Kongres Basa Sunda VII ayeuna oge nyoko kana tilu widang ieu, tapi pikeun ngawadahan rupa-rupa masalah sejenna diwuwuhan ku widang Kawijakan, Mass Media jeung Panalungtikan.

Nyoko kana Widang Basa, sawatara masalah nu geus kaerong perlu dibadamikeun, di antarana kamaheran biantara/pidato ku Basa Sunda. Lian ti eta nyaluyukeun kecap jeung wangun kecap pangaruh luar kana adegan Basa Sunda jeung nyaluyukeun ungkara kalimah pangaruh luar kana Basa Sunda. Basa Sunda ragam da’wah jeung paelmuan sejenna katut anu liana.

Sawatara hal nu perlu ditarekahan dina Widang Sastra diantarana nyebarkeun hasil karya Sastra Sunda jeung ngahirupkeun Sastra Tradisi Lisan di masrakat ayeuna.

Dina Widang Atikan Basa Sunda, sawatara masalah nu kudu diungkulan di antarana hal-hal nu nimbulkeun kasulitan boh keur guru boh keur murid nu aya dina buku pangajaran. Kukituna kudu ayana pertimbangan dina nyusun bahan Pangajaran Basa Sunda boh kurikulumna jeung ngajarkeunana di sakola. Mateahkeun Pangajaran Basa Sunda di Kota Bandung, Jabotabek, Cirebon, Banten jeung wewengkon sejenna nu dianggap aya masalah husus. Hal ieu teh ngawengku basa panganteur, kompetensi dasar, materi standar, proses diajar jeung ngajarkeunana. Anu kacida pentingna oge ngeunaan atikan Basa Sunda di kulawarga.

Ngeunaan Widang Media Basa Sunda kudu luyu jeung kamekaran jaman. Sajaba ti eta perlu oge dipikiran cara ngamangpaatkeun rupa-rupa mass media nu geus nyampak, di antarana surat kabar, majalah, tabloid, brosur, iklan, Radio, televisi, internet jeung pamedalan buku katut masarkeunana.

Ngeunteung kana kawijakan pamarentah nu geus kaliwat sarta nengetan kaayaan nu baris kasorang, lelengkahan nu kudu dipikiran teh di antarana nya eta mancegkeun jeung ngalaksanakeun Perda Prop Jabar No.6 Taun 1996. Kitu deui Perda-perda di unggal Kabupaten/Kota nu ngarojong kana hirup-huripna Basa Sunda. Lian ti eta kudu narekahan sangkan sakabeh institusi sosial nu aya di unggal Kabupaten/Kota, saperti LSM jeung Partey Pulitik, milu miara ngahirup-huripkeun Basa Sunda jeung sajabana ti eta.

Dina Widang Panalungtikan saperti Panalungtikan Basa/Sastra/Aksara Sunda di UPI, Panalungtikan Basa/Sastra/Aksara Sunda di FASA Unpad, Panalungtikan atikan/pangajaran Basa Sastra& Aksara Sunda jeung Panalungtikan Basa/Sastra/Aksara Sunda di institusi sejenna ngawengku panalungtikan ti luar jeung ti mancanagara.

Tujuan diayakeunana Kongres Basa Sunda VII ieu teh taya lian pikeun mancegkeun kalungguhan jeung ngahirup-huripkeun Basa, Sastra & Aksara Sunda geusan ngawujudna hirup kumbuh masarakat Sunda anu Madani tur Mardotillah keur ngahontal karaharjaan Bangsa Indonesa anu Rahmatan Lil Alamin, kitu dipungkas ku Ketua Panata Calagara (OC) Drs. H. Uu Rukmana.