Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci Nana munajat (13)
- Kampung Kuta Pantrang Nanggap Wayang
20 Feb 2006 - 2:34 am
Ku sabab bareto panganten awewe diiwat ku dalang wayang, atuh ti harita karuhun Kampung Kuta ragrag ucap, cadu di lembur nanggap wayang.
Kampung Kuta sacara administratif kaasup ka Desa Pasir angin, Kacamatan Tambaksari, Kabupaten Ciamis. Lemburna teu pati lega, kitu deui jumlah pendudukna. Kahirupan wargana tina tatanen jeung nyadap kawung. Nu ngatur kahirupan warga, keur kapentingan pamarentahan diatur ku RT, RW jeung Kepala Dusun, sedengkeun urusan adat dipupuhuan ku Kuncen jeung kepala adat.- Ngawanohkeun: Dalih DjiunSeniman Topeng Cisalak
20 Feb 2006 - 2:31 am
Dina dunya seni hiburan geus moal bireuk ka ngaran Bokir (almarhum), pelawak lenong Betawi, kitu deui ka ngaran Mandra, Omas jeung Mastur, pelawak entragan ngora nu panginditanan tina seni topeng Betawi.
Tapi, mun nyebutkeun ngaran Dalih Djiun, pasti bakal kerung, tangtu bae da ngarana jarang midang dina telvisi, oge profesina lain pelawak. Papadaning kitu di lingkungan kasenian topeng Betawi boh di wilayah Betawi pinggiran saperti Bekasi, Tangerang, jeung Depok, boh di Betawi Tengah (kota) ngarana pada mikawanoh. Pangna dipikawanoh, sabab inyana salasaurang putra pasangan Dalih Djiun bin Dorak jeung Mak Kinang nu gede yasana mekarkeun kasenian "topeng Cisalak" katut topeng Betawi.- Landong Baeud 3Ku : M. Nana Munajat Dahlan
3 Apr 2005 - 10:53 am
"Dok naha anu nyeri waosna gugusi nu luhur,nu dicabutna bet jeung nu handap?" Gan Beny protes ka dokter gigi Reza.
"Punten..! Nu nyabut waos Bapa murangkalih sakola perawat nunuju praktek." Ngomongna kalem.- Landong Baeud 2Ku : M. Nana Munajat Dahlan
3 Apr 2005 - 10:29 am
Upami saderek ngagaduhan putra anu bangor jeung badeurna nataku, tong hariwang, Gan Oman gaduh resep anu jetu.
Sayogikeun lawon hideung tilu meter, sisina kaput ku benang koneng, lajeng pilarian kembang samboja seueurna tujuh siki, omat kedah sareng gagangna, teras sayogikeun bata beureun seueurna gumantung kana weton putra Bapa.- Landong Baeud 1Ku : M. Nana Munajat Dahlan
3 Apr 2005 - 10:26 am
Ceuk kolot mun lalajo wayang golek poma ulah balik mun ki dalang can cacap nutugkeun carita. Mun di pungpang atawa ngalanggar kana eta caritaan bakal dipegat ku sandekala.
Eta oge lain teu inget kana eta caritaan, balik soteh inget kana dagangan nu kudu diiderkeun ka pasar subuh-subuh. Matak Jang Usro maksakeun balik jam dua welas peuting dina tengah garapan dalang.