Hasil Pencarian

Hasil pencarian untuk kata kunci bapau (1)

HAMBURGER, BASO, YAKINIKU JEUNG SINDANG RERETKu: Achmad Roestandi

26 Feb 2002 - 2:32 am

Kiwari kasaksian ku sarerea, dahareun anu khas Sunda mimiti kasilih ku dahareun bangsa deungeun, kayaning baso, siomay, bapau, hamburger, fried chicken, yakiniku, sabu-sabu, tempura jeung sabangsana. Sedengkeun lotek (ketang bisa jadi baheula mah lotek ge lain khas Sunda, da ngaranna ge bau-bau Cina, ngan ku proses akulturasi jeung asimilasi ayeuna geus jadi kadaharan khas Sunda), karedok, angeun haseum, sarupaning papaisan, pindang, opak sanajan aya keneh nu ngajual tapi di kota mah geus eleh ku kaolahan deungeun-deungeun. Malah sigana mah, barudak Sunda ayeuna, boa-boa geus moal wawuheun kana cuhcur, angleng atawa gurandil teh.