Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci dulurna (2)
- KECAP SESEBUTAN WAKTU
11 Jul 2002 - 7:36 am
Dina mahabuna elmu pangaweruh kiwari, umumna nu diudag teh pasualan atanapi pangaweruh anyar. Kukituna sabengbatan mah KECAP SESEBUTAN WAKTU ieu teh sapertos teu aya pupurieunana. Moal boa seueur diantawis baraya Kisunda anu lali kana sesebutan waktu ieu.
Tah, bilih teras lapur kateureuy waktu, urang pulungan deui nu tos nyarahcal maruragan laleungitan teh. Eta cenah tos teu luyu sareng paneka jaman, keun bae, da ieu mah niatna oge ngampihan. Bilih bae jaga anak incu urang nanya sesebutan waktu sapertos wanci rumangsang, sapanyeupahan atawa naon ari sataun landung teh?- CARITA PARAHIYANGAN
30 Nov 2001 - 1:06 am
Carita Parahiyangan teh hiji naskah kuno titilar Karuhun Urang sunda ti Galuh anu pohara munelna, ieu naskah teh luhur pisan ajen sajarahna, teu eleh ajenna najan dibandingkeun jeung pararaton atawa Nagarakretagama, nyaeta anu nyaritakeun hal ihwal katut kaayaan Singasari jeung Majapahit.
Carita Parahyiangan eusina nyarsilahkeun kaayaan pulo Djawa anu nyurug ka bagian Beulah kulon jeung sabagian ka Beulah Wetan; malah nyarsilahkeun Raja Sanjaya basa angkat ti Galuh ka tatar Wetan.
Tempat-tempat atawa daerah anu ditulis dina ieu naskah Carita Parahiyangan sabagian parantos kaungsi raratanana, sarta ti eta tempat-tempat teh loba bahan-bahan sejenna anu bias diguar.





















