Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci murbeng (4)
- Kampung Kuta Pantrang Nanggap Wayang
20 Feb 2006 - 2:34 am
Ku sabab bareto panganten awewe diiwat ku dalang wayang, atuh ti harita karuhun Kampung Kuta ragrag ucap, cadu di lembur nanggap wayang.
Kampung Kuta sacara administratif kaasup ka Desa Pasir angin, Kacamatan Tambaksari, Kabupaten Ciamis. Lemburna teu pati lega, kitu deui jumlah pendudukna. Kahirupan wargana tina tatanen jeung nyadap kawung. Nu ngatur kahirupan warga, keur kapentingan pamarentahan diatur ku RT, RW jeung Kepala Dusun, sedengkeun urusan adat dipupuhuan ku Kuncen jeung kepala adat.- NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 8)Al Baqarah (Surat Kadua) - ayat 127 d/k 141 (tamat)
19 Apr 2004 - 1:41 am
71. KUDU SABAR (:2/127) - rhs, 4 Syawal 1421 H
- Upama gaduh kahayang, ulah osok rurusuhan,
kudu bari sabar diri, kudu tartib ati-ati. - Contona ngadegkeun Ka'bah, ku Ibrahim di baladah,
ngentepkeun batu teh nungtut, ku leukeun mah nya ngawujud. - Mun keur migawe garapan, kudu sabar dileukeunan,
bari muntang ka Ilahi, gawe teh jadi pangbakti.
- Upama gaduh kahayang, ulah osok rurusuhan,
- TANGTUNGAN SUNDA EUSI PIKEUN NANJEURKEUN DEUI SUNDAKu: Eddy Nugraha
13 Jun 2002 - 6:45 am
Salian ti warna-warna kanyaho Urang Sunda ngeunaan sebutan Sunda eta, harti nu dipake ku para ahli ngeunaan Sunda oge robah-robah ti jaman ka jaman. Misalna, dina pustaka tahun 50-an harti sunda teh nepikeun ka leuwih ti 25 harti (Sajarah Sunda I, 1956). Satuluyna, dina kamus Basa Sunda timiti citakan ka 1 (LBSS, 1975) nepi ka citakan ka 7 (LBSS 1992) ngan dihartikeun sacara etnis sanajan ditambah katerangan ngeunaan harti asalna. Robah-robahna ieu nunjukkeun robahna pangartos para ahli Urang Sunda dina ngama'naan sunda jeung dina ngajelaskeun ngeunaan tangtungan sunda ka bangsana.
- LAGU-LAGU PANAMBIH TEMBANG SUNDA(Manglean II)
5 Feb 2002 - 10:10 pm
Lagu-Lagu Panambih biasa digunakeun nalika mamaos Cianjuran/Tembang Sunda. Biasana upami parantos nembangkeun lagu poko nembe ditema ku lagu Panambih. Waditra nu mirigna iwal ti kacapi indung disarengan ku rincik, suling atanapi rebab.
Kapungkur mah anu sok nembangkeun lagu panambih teh mung juru mamaos istri, nanging ayeuna mah juru mamaos pameget oge sok pirajeunan ngiring nembangkeun lagu Panambih. Istilah lagu Panambih kapungkur sok disebat oge lagu Ekstra husus dianggo dina istilah tembang Sunda/Cianjuran, da upami piriganana ku kiliningan atanpi waditra nu liana mah disebat lagu Kawih bae. Kanggo anu seneng Tembang Sunda/Cianjuran sumangga dihaturanan ngahariring lagu Panambih dina Manglean ka-II.