Hasil Pencarian

Hasil pencarian untuk kata kunci takabur (2)

NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 6)Al Baqarah (Surat Kadua) - ayat 94 d/k 114

17 Feb 2004 - 2:20 am

51. WAKTU KEDAH DIANGGO IBADAH (:2/94,95,96) - rhs, 4 Syawal 1421 H


  • Seueur pisan nu nga'dua, hayang paranjang umurna,
    Padahal mun henteu taqwa, panjang umur teh teu guna.
  • Panjang umur sadi siksa, lamun seug salah ngeusina,
    Panjang umur teu mangpa'at, lamun henteu daek solat.
  • Panjang umur bari iman, eta kurnia pangeran,
    Waktu dipake ibadah, umurna ge pinuh berekah.
  • Panjang umur eta bagja, lamun dibarengan takwa,
    Hirup teh gede gunana, lamun seug bisa ngaturna.

NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 5)Al Baqarah (Surat Kadua) - Ayat 67 d/k 93

1 May 2003 - 2:10 am

41. PERBAWANA DUNYA (:2/67,68,69,70) - rhs, 3 Syawal 1421 H


  • Perbawa haliah dunya, mindengna mah sok kacida,
    marageuhan bebeneran, asa bener ceuk sorangan.
  • Dugi ka dawuh Ilahi, dirugal-rigel pribadi,
    ngahaja ditarekahan, sangkan teu karurugian.
  • Nyieun rupaning alesan, ngahaja dipalikiran,
    dawuh Alloh diakalan, sangkan jadi kauntungan.
  • Saperti urang Yahudi, awahing nyaah ku sapi,
    api-api nu teu ngarti, kana dawuhan Ilahi.
  • Nu kitu munapek pasti, saperti urang Yahudi,
    bakal dibendon ku Gusti, Alloh mah Maha Tingali.